Heulang bondol

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Heulang bondol
Heulang bondol di Manado, Sulawesi Kalér
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
H. indus
Ngaran binomial
Haliastur indus
Boddaert, 1783

Heulang bondol (Haliastur indus) nyaéta hiji manuk prédator anu asalna tina kulawarga Accipitridae.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Heulang bondol pangawakanna sedeng (43-51 cm), mibanda jangjang anu rubak tapi buntutna pondok katempo bulenek tungtungna mangsa keur mébér. Palebah hulu, beuheung jeung dada kelirna bodas, sésana kelirna beureum bata rada pias, palebah tungtung bulu primér kelirna hideung, jeung tungkai kelirna konéng. Dina individu anak sakabéh buluna mibanda kelir coklat kolot, dina sababaraha bagéan gugurata bodas ngagurilap.[2]

Sebaran[édit | édit sumber]

Heulang bondol katiténan habitatna di India, China kidul , Asia Tenggara , Indonésia , Australia. Di Indonésia sorangan, heulang bondol kapanggih aya di leuweung Sumatra, Kalimantan, Jawa, Bali, Sulawesi, Nusa Tenggara, Maluku, Papua. [3][4]. Di Kalimantan hususna, heulang bondol kapanggih hirup di hulu Kapuas, Kalimantan Kulon . Didieu heulang bondol loba kapanggih hirup. [5]

Kabiasaan hirup[édit | édit sumber]

Heulang bondol leuwih mirip manuk anu sok ngahakan bangké tibatan manuk prédator, tapi sanajan kitu ieu manuk sok ngamangsa lauk, kapiting, haremis, bangkong, beurit, réptil, nepi ka gegeremet. Heulang bondol nyiar mangsa di luhureun taneuh jeung luhureun cai , ieu manuk kakalayangan luhurna kurang leuwih 20 - 50 méter di luhureun taneuh.

Heulang bondol néwak mangsa anu aya di luhureun cai kujalan nyamber bari ngarameus maké kukuna anu sareukeut, henteu teuleum ka jero cai. Heulang bondol ogé ngahakan bangké tina lauk sésa-sésa pabrik pangolahan lauk. Sanajan heulang bondol remen ngahakan bangké, Tapi ieu heulang tetep néang mangsa anu hirup ogé. Remen heulang bondol nyamber manuk-manuk anu aya di daérah basisir, bari hiber alak ilik nempo nempoan manuk séjén anu balangah. Malah heulang bondol gedé wawanén, wani nyerang manuk séjén anu ukuranna leuwih gedé saperti heulang laut anu dadana bodas jadi mangsana. Heulang bondol ngahakan mangsana bari hiber, kituna téh pikeun nyingkahan musuh anu arék ngarebut mangsana. [2]

Habitat[édit | édit sumber]

Habitat anu alus tur dipikaresep manuk ieu tayalian di sisi basisir anu baseuh, saperti leuweung babakoan, muara susukan, ogé keusik basisir. Ieu manuk aya ogé kapanggih di pasawahan jeung rawa-rawa .[2]

Begér jeung baranahan[édit | édit sumber]

Heulang bondol anakan dina bulan Januari - Agustus , ogé Méi - Juli. Nyileungleum endogna salila 28-35 poé. Anakna mimiti diajar hiber ninggalkeun sayangna mangsa umur 40-56 poé, jadi heulang déwasa tur hirup mandiri 2 bulan ti harita.

Heulang bondol dina kabudayaan[édit | édit sumber]

Heulang bondol keur nyiar mangsa. Di Situ Pocharam, Andhra Pradesh, India.
Dina kandang
Haliastur indus keur cindeten di Davao City, Filipina.

Dina tahun 1989, heulang bondol jeung salak condet ditetepkeun jadi kokojo/maskot kota Jakarta.[6] Katempo di wewengkon Cempaka Putih. Di étatempat aya hiji patung anu anegléng, tayalian patung "manuk heulang bondol keur ngaranggeum salak condét".[6] Di India, heulang bondol dianggap hiji representasi kontemporer Garuda, manuk suci Wisnu. Di [Malaysia]], Pulau Langkawi ieu manuk jadi modél hiasan gagarabah kelirna miang-miang kana kelir bulu manuk heulang bondol.[7]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. BirdLife International (2012). "Haliastur indus". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2014.3. International Union for Conservation of Nature. Diakses tanggal 16 Januari 2015. 
  2. a b c Tan, Ria (2001). "Brahminy Kite". Diarsipkan dari versi asli tanggal 2007-02-12. Diakses tanggal 16 Januari 2015. 
  3. [1] Archived 2018-12-05 di Wayback Machine
  4. Heulang Bondol di Kepulauan Seribu
  5. Elang Bondol(Haliastur indus) di Kabupaten Kapuas Hulu[tumbu nonaktif]
  6. a b "Elang Bondol dan Salak Condet Maskot Kota Jakarta". 29 March 2012. Diakses tanggal 27 April 2012. 
  7. Hadden, p. 244



Tempo ogé[édit | édit sumber]

  • Hadden, Don (2004). Birds and Bird Lore of Bougainville and the North Solomons. Alderley, Qld: Dove Publications. ISBN 0-9590257-5-8. 

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]