Huni

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Huni
Huni
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Malpighiales
Kulawarga: Phyllanthaceae
Tribe: Antidesmeae
Subtribe: Antidesminae
Génus: Antidesma
Spésiés: A. bunius
Ngaran binomial
Antidesma bunius
(L.) Spreng.

Huni nya éta ngaran tangkal jeung bubuahan, buahna raranggeuyan, gedéna 1 cm, wangunna aya nu buleud aya nu lonjong, warnana hejo saupama asak robah jadi warna ungu semu hideung. [1] Daunna kaasup daun tunggal, bentukna lonjong, panjangna 9-25 cm, sisina rata, tungtung daunna seukeut. [1] [2] Warnadaun ngorana hejo ngora, sanggeus kolot robah jadi hejo kolot. [1] Huni sumebar di Asia Tenggara jeung Ustrali, di Jawa tumuwuh liar di leuwung atawa dipelak di buruan imah. [1]

Kandungan[édit | édit sumber]

Huni ngandung gizi jeung fitonutrien anu luhung. [3] Buah huni ngandung vitamin C, provitamin A, vitamin B1, vitamin B2, vitamin E, mineral, zat beusi, fosfor, photasium/kalium, jeung serat. [3] Kulit watang anu rasana kesed ngandung racun alkaloida. [1]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Buah huni alus pikeun ngajaga kasehatan panon sabab ngandung vitamin A anu luhung, bisa ngalancarkeun saluran pencernaan tur nyingkahan konstipasi, mangrupa antioksidaan, mangpaat pikeun nyageurkeun deg-degan jantung, anemia, darah tinggi. [3] Rasa buahna anu haseum mangpaat pikeun ngaluduhkeun kesang, ngaleungitkeun racun, ngaleungitkeun haus, sarta ningkatkeun sirkulasi getih. [1] Buah anu asak miboga hasiat pikeun nambahan cai susu indung. [2] Daunna bisa dipake pikeun nutupan raheut. [2]

Olahan tina huni[édit | édit sumber]

Buah huni biasana dijieun rujak, dijieun sirop , atawa selé. [1] Daunna anu ngora rasana semu haseum bisa dipake lalab atawa disayur. [1] [2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h Buni (id) (Diakses ping 15 Oktober 2011)
  2. a b c d Kea Wuni (id) (Diakses ping 15 Oktober 2011)
  3. a b c Manfaat buah buni (id) (Diakses ping 15 Oktober 2011)


Nulis.jpg