Jujun Junaédi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jujun Junaedi
Gambar:Jujunj.jpg
Katelah kuMenjadi Penceramah Keliling/Ustadz
PagawéanPimpinan Pesantren
Dai
Dosen
KalungguhanDoktor
AgemanIslam
KolotE. Wasfiah
Pandi Apandi alias Mpend

Doktor Kiai Haji Jujun Junaedi atawa katelah K. H. Jujun Junaédi (lahir di gumelar di Garut, 1 Juni 1971; umur 52 taun) nyaéta saurang dai kondang asal kabupatén Garut, Jawa Kulon. Pangadeg Pondok Pasantrén Al Jauhari Garut atawa salaku Dosén di IAIN Bandung.[1]

Kahirupan pribadi[édit | édit sumber]

Ti keur umurna opat taunan kénéh, Jujun geus mimiti naratas karirna minangka saurang ajengan téh. Malah mah kacaritakeun pernah ngageunjleungkeun tatar Pasundan kira-kira taun 1970-an, ngaranna geus ngayungyun panitén umat Islam. Gagasanna kawilang ngahasil. Sangkan harita loba warga masarakat anu patingkucuwes ngobrolkeun Jujun minangka ‘budak ajaib’. Da'wah-da'wah KH. Jujun Junaédi anu miboga ciri mandiri téh kacida dipiresep ku warga masarakat, utamana mah urang Sunda. Ciri has-na teu loba dipimilik ku lolobana mubalig lianna. Lian ti kitu, ceramahna gé sok ngagunakeun média basa Sunda sarta calakan pisan dina nyieun guguyon anu pikaseurieun.

Ari Jujun Junaédi kacida dipikaresep pisan mangsa aya ceramahna rék digelar téh, utamana mah ku para warga masarakat nu aya dipilemburan sarta anu ngajugjug ka pangtolaban téh jauh-jauh gé ditéang. Jujun minangka mubalig anu tétéla kamampuh dina widang élmu agama sarta téhnik nepikeunana di luhureun rata-rata. Bisa katungtik nu mana mun hayang ngulem K.H. Jujun mah kudu ti anggalna, kirana pangsamporétna téh genep bulan saméméha. Jujun mitutur tapak mubaligh pangheulana anu geus leuwih tiheula kasohor di lingkung warga masarakat Sunda. di antarana, K.H. A.F Ghozali (almarhum), K.H. Abdul Hamid, MA, atawa K.H. Zainal Abidin, MA. Nepi ka wawates nu tinangtu mah Jujun malih mah geus ngeleuwihan, sahenteuna dina perkara kakoncaraan jeung daya langlangan. Di sagigireun kasibukanna dina widang da'wah ka mana-mana, Jujun ogé geus medalkeun sawatara kasét da'wah anu lobana teu kurang ti 20 siki. Dina umur mangsa harita, perkara modél kitu bisa kawilang fénomenal, sahenteuna di Jawa Kulon. Sok sanajan geus kakoncara pisan kitu gé, Jujun tetep ngawanoh manéh minangka “mubaligh angkutan padésaan”. Nandangan kakoncaraanna éta Jujun loba kasanghareupkeun kana masalah-masalah, boh ku béwara nu pitugenaheun boh ku fitnah nu sumebar. Aya nu nyebutkeun minangka mubaligh matré, mubaligh mata duitan, jeung sajabana.

Ari waragadna, Jujun kaasup kana kategori jalma nu pendék henteu, jangkung komo, sahenteuna pikeun ukuran urang Sunda mah. Mun regep niténan mah tétéla pisan yén Jujun téh rada pendék. Sok sanajan teu kaasup kana kategori nu sok dikocapkeunna minangka ''semampai (satu méter tak sampai)''. Jangkung pastina mah 1,55 méter tangtuna ukuran anu henteu pendék teuing. Rambunya lempeng kalawan gaya poni beulah dua nu has pisan. Ari rupana mah rada buleud ku sorot soca nu seukeut. Anu jadi ciri mandiri lianna nyaéta jinis sorana, anu ngagalindeng sarta cempréng luhur pisan. Da apan mun dina unggal ceramahna mah sok ngaheulang waé lalaguan minangka ciri hasna, ieu téh alatan K.H. Jujun mah sok remen nadomkeun pangajaran-pangajaran pasantrén.

Kulawarga[édit | édit sumber]

Ari gumelarna nyaéta di Garut, perenahna mah di dusun Sangoraja, désa Sirnagalih, kacamatan Sukawening, kabupatén Garut, tanggal 1 Juni 1971.[2] Jujun anak hiji-hijina ti papasangan Affandi jeung Nunung Wasfiyah, nu biasa katelahna mah Nyi Mas Éoh. Bapana nyaéta saurang duda nalika nikah jeung indungna nu ogé saurang randa. Ari aki ti bapana nyaéta saurang mandor nu ngaranna aki Darnuji sarta ninina nini Omo. Ari ti indungna mah akina téh ngaranna aki Momon sarta ninina ngaranna nini Saodah. Aki Momon saurang kiai nu dipihormat pisan. Bapana K.H. Jujun téh saurang nu buta aksara, malah mah nepi ka kiwari SD-na ogé teu tamat-tamat acan. Indungna mah minangka anak kiai, miboga pamahaman kaagamaan anu kawilang hadé. Tapi sok sanajan bapana mah saurang nu buta aksara, anjeunna paham pisan kana luka-liku kahirupan. Ku kituna, pangaruh indung kaciri pisan mangaruhanana, ari dina karaktér mah katara ti bapana. Lantaran bapana mah keras, teges, sarta gampang ambek, éta tabéat tétéla pisan aya di diri Jujun.

Atikan[édit | édit sumber]

Taun 1977, Jujun asu ka Sakola Dasar Sindanggalih, Garut. Atikan formal Jujun sok dirojong ku arikan pasantrén. Teu kurang ti lima pasantrén di Garut nu kungsi Jujun ngobong: Pondok Pasantrén Tarbiyatul Atthfal, Pondok Pasantrén Al-Huda, Pondok Pasantrén Jam’iyah, Pondok Pasantrén al-Qurthubiyah, jeung Pondok Pasantrén Kudang Limbangan. Lulus ti SD, taun 1983, Jujun nuluykeun ka Madrasah Tsanawiyah (MTs) Ma’arif. Taun 1986, Jujun asup ka SMA di Madrasah Aliyah Negeri Garut, nyokot Jususan Agama (A-1). Taun 1989, Jujun asup ka paguron luhuranu dipilihna nyaéta IAIN (Institut Agama Islam Negeri) Sunan Gunung Djati, kalawan nyokot Jurusan Dakwah Fakultas Ushuluddin. Mimiti asup IAIN, Jujun dipikawanoh minangka saurang qori, padahal baheulana mah Jujun dipikawanoh minangka mubaligh ti Garut, tapi naha pas asup ka IAIN dipikawnohna mah minangka qari. Alatan kitu, loba urang IAIN anu rareuwas nalika Jujun midang minangka mubaligh siga kiwari, lantaran da wanohna mah Jujun téh minangka tukang qari ti batan jadi mubaligh. Paroman Jujun minangka qari napel pisan sabab dirojong ku kanyaataan yén Jujun kungsi babarengan jeung Asep Mustapa Kamal (dosen fakultas Syari’ah IAIN Bandung) nu ngadegkeun UPTQ (Unit Pangembangan Tilawatil Quran) di IAIN.

Sajarah jadi mubaligh[édit | édit sumber]

Mangsa umurna ngalincak opat taun, Jujun Junaédi geus mimiti némbongkeun bakat badagna minangka saurang mubaligh. Ti umur genep taun, Jujun geus ngamimitian ondangan-ondangan ceramah ka tempat nu jarauh, malah mah geus mimiti asup ka ibukota. Taun 1976-1977, Jujun mucunghul minangka ajengan leutik nu geus ngayungyun ka loba jalma. Kaparigelanna Jujun leutik dina ceramah téh geus nyumebarkeun paroman kahébatanna di lingkung warga masarakat. Beuratna kana dunya tabligh geus dirasakeun Jujun ti keur leutik mula, sabab éta mah bakat. Ti keur leutik Jujun geus mimiti ceramah, dina momen imtihan misalna, Jujun sok minton di hareupeun balaréa. Saéstuna bakat Jujun kawilang loba. Ngaji bisa, nyanyi bisa, mantun bisa, maén gitar bisa, ngadalang bisa, ceramah komo. Motivasi munggaranna nu ngadorong Jujun icikibung kana dunya tabligh téh nyaéta faktor lingkungan. Lingkungan anu ngadidikna kitu, tuluy Jujun nyayagakeun bakat jeung ngarahkeunana, mangka hasilna nya ondangan ceramah nu terus-tumerus teu eureun-eureun anu kudu dicumponan ku Jujun.

Tina kagiatan ceramahna éta, tangtuna baé ngahasil nu mangrupa finansial nu teu ditampik éta ogé ngamotivasi Jujun pikeun mingkin tumuluy kana dunya tabligh. Anu pangmangaruhan mah dina meredih Jujun kana dunya tabligh taya lian nyaéta Ibu, Bapak, jeung Aki Jauhar Maknun. Lian ti tilu urang éta, ngaran KH Zainal Abidin jeung KH Abdul Hamid diangken ku Jujun miboga yasa badag dina nganteur Jujun ka dunya tabligh. Sarta nu panungtung miboga yasa ka Jujun téh tangtuna baé produser rekaman, liwat pangersa Abah Anom (KH Shohibul Wafa Tajul Arifin). Salah sahiji ''trade mark'' Jujun nu dipikawanoh warga masarakat nyaéta kabiasaanna nyanyi di tengah-tengah ceramahna. Cék Jujun, kabiasaana yanyi ditengah-tengah ceramahna téh dimimitian ku kabiasaanna ngapalkeun nadhom (syair pangajaran) nalika diajar keur leutikna. Lagu-lagu anu dihaleuangkeun dina ceramahna, éta téh mangrupa stratégi sangkan jalma réa daék sarta resep kana pangajian.

Album da'wah kaset[édit | édit sumber]

  • Manakib (runtuyan)
  • Ngaji Tasauf
  • Nikah
  • Ciri Jalma nu dipiharep Sawarga
  • Barang nu pangmahalna
  • Harta jeung Anak
  • Ciri Umat Nabi
  • Hikmah Ibadah Haji
  • Al Yaqin
  • Sikep manusa kana Al-Qur 'an
  • Prosés Ngadidik Barudak
  • Hukum dina Al Qur'an

Album lagu bareng Heraky[édit | édit sumber]

  • Syiar dan Syair

Rujukan[édit | édit sumber]