Kabupatén Acéh Timur
Motto | Udep saree, matee syahid Citakan:Lang icon Hidup dengan kehormatan, mati dengan kemuliaan |
Propinsi | Aceh |
Ibukota | Idi Rayeuk |
Lega Wilayah | 6040,61 |
Kordinat | {{{kordinat}}} |
Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
{{{pangeusi}}} {{{kapadetan}}} jiwa/km² |
Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
{{{kacamatan}}} {{{kalurahan}}} |
Dasar hukum | UU Nomor 7 Tahun 1956[1] |
Tanggal | 14 November 1956[1] |
{{{kapala daerah}}} | {{{nami kapala daerah}}} |
{{{kapala daerah1}}} | {{{nami kapala daerah1}}} |
Kode aréa | 0646 |
DAU | Rp 784.643.932.000,- (2021)[2] |
Ramatloka: acehtimurkab |
Kabupatén Aceh Timur (Citakan:Lang-ace) nyaéta hiji kabupatén anu perenahna di beulah wétan propinsi Acéh, Indonesia.[3][4] Dina ahir taun 2023, jumlah pangeusi Aceh Timur lobana 449.796 jiwa.[5]
Kabupaten ieu ogé kagolongkeun kana kabupatén anu beunghar ku minyak sagigireun Aceh Utara jeung Aceh Tamiang. Wewengkon ieu ogé dipiwanoh salaku markas Gerakan Aceh Merdeka saméméh dilumakukeunna Darurat Militer tisaprak Méi 2003. Saméméh dilaksanakeun Darurat Militer ieu, kawasan Aceh Timur kagolongkeun kana wewengkon anu geueuman, utamana di wewengkon Peureulak jeung sabudeureunna.
Géografi
[édit | édit sumber]Wates wilayah
[édit | édit sumber]Sajarah
[édit | édit sumber]Mangsa Prasejarah-Karajaan
[édit | édit sumber]Daratan Aceh Timur geus dicicingan manusa tisaprak Pertengahan Zaman Batu (Zaman Mesolitikum). Ieu dumasar hasil panaluntikan anu dilakukeun ku DR. H. Kupper anu nyebutkeun yén geus kapanggih pakakas anu dijieun tina batu beunang ngagosok sabulah anu dimangpaatkeun ku manusa dina galian di wewengkon anu aya di Kuta Binjai jeung Alue Ie Mirah ± 15 Km ti Kota Idi.
Zaman Batu Ngora (Neolitikum) di Asia Tenggara ditaksir kurang leuwih 1.000 tahun saméméh Maséhi. Mangsa harita, aya Bangsa Proto Malay (Melayu Tua) anu nyebar ka kamamana kaasup ka Aceh Timur jeung Aceh Utara. Kabudayaan maranéhna leuwih maju dibandingkeunn jeung bangsa saméména, maranéhna geus ngasakan kadaharanna sarta ngalaksanakeun tatanén.
Satuluyna dina taun 300 SM, aya Bangsa Deutoro Malay (Melayu Baru) kalayan mibanda kabudayaan anu leuwih maju. Daratangna maranéhna di Acéh ngajadikeun sawaréh Bangsa Proto Malay (Melayu Tua) anu henteu daék campur/berassimilasi ngungsi ka jero leuweung/pedalaman. Numutkeun ahli-ahli sajarah sésa-sésa Bangsa Proto Malay ieu tayalian karuhun maranéhna téh urang Gayo, Batak, Nias jeung Toraja.
Nalika balawirina kapal balantik unggal nagara anu ngaliwatan laut beuki ramé ngaronjat, daratang ka pulo Acéh sodagar ti Parsia (Persia sekarang), Gujarat (India), China jeung Éropa pikeun balantik sarta néangan tangkal kai Peureulak pikeun dijieun kapal. Sabada ageman Islam mekar di basisir Arab diutus oge da’i-da’i ka wewengkon wétan pikeun nyebarkeun agama Islam. Maranéhna aya anu daratang ka Peureulak tur nganjrek didinya.
Dina poé salasa 1 Muharram 225 H (840 M), diproklamirkeun ngadegna Kasultanan Peureulak kalayan Sayed Maulana Abdul Aziz Syah (840-864 M) salaku raja munggaran, sarta puseur dayeuh karajaan di Bandar Khalifah. Ibnu Bathuthah ogé Marco Polo kungsi ngajugjug ka Peureulak sarta nulis anu dicutat yén éta nagara geus ngalaman kamajjuan anu ngaronjat di sahandapeun pamaréntahan saurang Raja anu taat kana agama, sarta masaraktna geus ngagem ageman islam Islam.[perlu cutatan]
Pamekaran
[édit | édit sumber]Tisaprak taun 2000, Kabupatén Aceh Timur ngarandapan pamékaran anu dimaksudkeun pikeun pangwangunan anu leuwih rata. Daérah hasil pamekaran éta kayaning :
- Kota Langsa anu dina mimitina puseur dayeuh Kabupatén Aceh Timur kadieunakeun robah ngajadi Kota Administratif Langsa jeung akhirna jadi Kota Langsa.
- Kabupaten Aceh Tamiang anu ngawenku 12 kacamatan.
Mindahkeun Puseur Dayeuh
[édit | édit sumber]Saméméhna puseur dayeuh Kabupatén Aceh Timur tayalian Kota Langsa kiwari ku ayana disatujuan UU No. 3 Tahun 2001, puseur dayeuh Kabupatén Aceh Timur dipindahkeun ka Idi Rayeuk anu pangeusina kurang leuwih 34.282 jiwa (Sensus Penduduk Tahun 2010).
Pamarentahan
[édit | édit sumber]Bupati
[édit | édit sumber]No | Bupati | Mulai menjabat | Akhir menjabat | Ket. | Wakil Bupati | |
---|---|---|---|---|---|---|
* | Mahyuddin Syech Kalad (Penjabat) |
14 Juli 2022 | Petahana | [6] | Lowong |
Ékonomi
[édit | édit sumber]Kabupatén Aceh Timur lega na kurang leuwih 6.040,60 Km², sacara administratif Kabupatén Aceh Timur diwangun ku 24 kacamatan, 54 dusun, 513 désa, 1 kalurahan jeung 1.596 dusun. Ngaran-ngaran kacamatan anu aya di Kabupatén Aceh Timur tayalian Kacamatan Simpang Ulim, Kacamatan Julok, Kacamatan Nurussalam, Kacamatan Darul Aman, Kacamatan Idi Rayeuk, Kacamatan Peureulak, Kacamatan Rantau Selamat, Kacamatan Birem Bayeun, Kacamatan Serba Jadi, Kacamatan Rantau Peureulak, Kacamatan Pante Bidari, Kacamatan Madat, Kacamatan Indra Makmur, Kacamatan Idi Tunong, Kacamatan Banda Alam, Kacamatan Peudawa, Kacamatan Peurelak Timur, Kacamatan Peureulak Barat, Kacamatan Sungai Raya, Kacamatan Simpang Jernih, Kacamatan Darul Ihsan, Kacamatan Peunaron, Kacamatan Idi Timur, sarta Kacamatan Darul Falah.[7]
Sacara umum Kabupatén Aceh Timur mangrupakeun dataran landeuh, pasir-pasir, sawaréh mangrupakeun rawa-rawa jeung leuweung [[babakoan], kalayan perenahna dina luhurna beungeut cai laut 0–308 m. Kaayaan topografi daerah Kabupaten Aceh Timur digolongkeun kana 4 kelas lamping tayalian : 0-2%, 2-15%, 5-40% sarta > 40%. Ditempo tina dengdekna anu >40% ngan saukur 6,7% tayalian ngalimpudan Kacamatan Birem Bayeun jeung Serbajadi. Sedangkeun wewengkon anu mibanda lamping dengdek 0-2%,2-15% sarta 5-40% Ngalimpudan sakabéh kacamatan.
Komoditas unggulan Kabupatén Aceh Timur tayalian sektor tatanen jeung jasa. Séktor tatanén komoditas unggulanna tayalian sub séktor tutuwuhan perkebunan sarta komoditas Kalapa Sawit, Coklat, Karét jeung Kalapa. Sub séktor tatanén komoditas anu diunggulkeun tayalian Jagong jeung sampeu.
Salaku panunjel kagiatan ékonomi, di Kabupatén ieu aya 1 Palabuhan Industri, nyaéta Palabuhan Idi. Pikeun industri sadia 6 kawasan industri, tayalian Kawasan Industri UMKM Pisang Sale, Kawasan Industri Klapa Terpadu, Kawasan Industri Pangolahan hoé, Kawasan Industri Agro sarta Perikanan, Kawasan Industri Kelapa Terpadu Timur (KITAT) jeung Kawasan Industri Migas Pertambangan jeung Énergi anu dirojong ku fasilitas listrik jeung telekomunikasi. Pariwisatana tayalian wisata alam, wisata adat jeung budaya.[8]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b "Pembentukan Daerah-Daerah Otonom di Indonesia s/d Tahun 2014" (PDF). www.otda.kemendagri.go.id. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 12 Juli 2019. Diakses tanggal 8 Desember 2021.
- ↑ "Rincian Alokasi Dana Alokasi Umum Provinsi/Kabupaten Kota Dalam APBN T.A 2021" (pdf). www.djpk.kemenkeu.go.id. (2021). p. 1. Diarsipkan (PDF) dari versi asli tanggal 2021-12-07. Diakses tanggal 8 Desember 2021.
- ↑ "Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 137 Tahun 2017 tentang Kode dan Data Wilayah Administrasi Pemerintahan". Kementerian Dalam Negeri Republik Indonesia. Diarsipkan dari versi asli tanggal 29 Desember 2018. Diakses tanggal 3 Oktober 2019.
- ↑ "Peraturan Menteri Dalam Negeri Nomor 72 Tahun 2019 tentang Perubahan atas Permendagri nomor 137 Tahun 2017 tentang Kode dan Data Wilayah Administrasi Pemerintahan". Kementerian Dalam Negeri Republik Indonesia. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 25 Oktober 2019. Diakses tanggal 15 Januari 2020.[tumbu nonaktif]
- ↑ "Visualisasi Data Kependudukan - Kementerian Dalam Negeri 2023" (Visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diakses tanggal 28 Januari 2024.
- ↑ Hendri, Seni (15 Juli 2022). Ansari Hasyim, ed. "Sah, Mahyuddin jadi Pj Bupati Aceh Timur, Mohon Dukungan Semua Pihak". aceh.tribunnews.com. Diakses tanggal 28 Januari 2024.
- ↑ "Penduduk Menurut Wilayah dan Agama yang Dianut di Kabupaten Aceh Timur". www.sp2010.bps.go.id. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2023-02-20. Diakses tanggal 21 Januari 2021.
- ↑ Pariwisatan dan pemuda, aceh, Dinas (2019). Travel Guide To East AcehPariwisatan dan pemuda, aceh. Jakarta: Pidii. p. 2. Disungsi 14 Juli 2024
Tutumbu ka luar
[édit | édit sumber]- (id) [http:// Loka wéb resmi Kabupatén Acéh Timur]