Karéta api Matarmaja
Pidangan
| Karéta api Matarmaja | |
| Karéta api Matarmaja Persiapan Ngaliwatan Stasion Cikampék | |
| Informasi | |
| Sistem | Karéta api jarak jauh |
| Kelas | Ékonomi |
| Status | Beroperasi |
| Lokal | Daop 8 Surabaya |
| Stasion terminus | Stasion Malang Stasion Pasar Senén |
| Operasi | |
| Dipiboga ku | Kereta Api Indonesia |
| Operator | Daérah Operasi VIII Surabaya |
| Karakter | Lintas pagunungan jeung lintas datar |
| Lokomotip | CC201, CC203 |
| Data téhnis | |
| Lébar sepur | 1.067 mm |
| Gancangna operasional | 60-100 km/jam |
| Titik pangluhurna | +444 mdbs (Malang) |
Karéta api Matarmaja nyaéta karéta api kelas ékonomi anu ngalayanan rute Stasion Malang - Stasion Semarang Tawang - Stasion Pasar Senén.[1]
Ngaran Matarmaja mangrupa akronim ti kecap kota-kota anu diliwatanana, nyaéta Malang - Blitar - Madiun - Jakarta.[1]
Karéta ieu asalna ngaliwatan rute kidul (Yogyakarta-Purwokerto), lantaran jalur Solo Jebres-Gundih tara dipaké, ahirna karéta ieu ngaliwatan rute Solo Jebres-Gundih.[1]
Karéta ieu berangkat ti Malang tengah peuting, nepi di Pasar Senén beurang, berangkat deui ti Pasar Senén soré, nepi di Malang isuk-isuk.[1]
Karéta ieu mawa 6-8 karéta ékonomi (K3), 1 karéta pembangkit (KMP3), jeung 1 karéta bahasi (B).[1]
Insidén
[édit | édit sumber]- Tanggal 24 Agustus 2015, KA Matarmaja anjlok di Garum, Blitar.[2] Karéta anu ditarik lokomotip CC201 04 06 ieu langsung diévakuasi lantaran aya kénéh dina rél.[2] Euweuh korban jiwa, tapi Karéta api Gajayana jeung Karéta api Malabar katahan di Stasion Blitar.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e Informasi dan jadwal KA Matarmaja (id) diakses tanggal 17 Februari 2016
- ↑ a b c KA Matarmaja Anjlok, Dua KA Tertahan di Stasiun Blitar
| Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |