Karéta api Sidomukti
| Karéta api Sidomukti Solo Balapan-Yogyakarta PP. | |
| Informasi | |
|---|---|
| Sistem | Karéta api lokal bisnis |
| Kelas | Bisnis |
| Status | Beroperasi |
| Lokal | Daop 6 Jogja |
| Stasion terminus | Stasion Solo Balapan Stasion Yogyakarta |
| Jumlah stasion | 5 |
| Ruteu | 2 |
| Operasi | |
| Dibuka | 2013 |
| Dipiboga ku | Kereta Api Indonesia |
| Operator | Daérah Operasi VI Yogyakarta |
| Karakter | Lintas datar |
| Lokomotip | CC201, CC203, CC206 |
| Data téhnis | |
| Lébar sepur | 1.067 mm |
| Gancangna operasional | 60-100 km/jam |
| Titik pangluhurna | +113 (Yogyakarta) |
Karéta api Sidomukti nyaéta karéta api bisnis anu ngalayanan ruteu Stasion Solo Balapan-Stasion Yogyakarta.[1][2] Karéta ieu rangkéanna nginjeum ti karéta api Senja Utama Solo anu teu dijalankeun beurang.[1] Karéta ieu ngan dijalankeun poé saptu jeung minggu, sarta poé libur.[1]
Mimitina, karéta ieu dioperasikeun ahir taun 2013 minangka karéta tambahan.[1] Tapi lantaran okupansina anu gedé, karéta ieu dioperasikeun satuluyna.[1] Karéta ieu ruteuna pernah diperpanjang nepi ka Stasion Kutoarjo, tapi ahirna diperpondok deui, lantaran di ruteu ieu geus aya karéta api Ajisaka anu kiwari teu beroperasi.[1] Karéta api Sidomukti ngabantu tugasna Karéta api Prambanan Éksprés, Karéta api Madiun Jaya Éksprés, jeung Karéta api Sriwedari pikeun ngalayanan ruteu Stasion Yogyakarta-Stasion Solo Balapan.[1]
Asal usul ngaran
[édit | édit sumber]Ngaran Sidomukti dicokot tina ngaran motif batik khas Surakarta.[1]
Spésifikasi karéta
[édit | édit sumber]Dina unggal perjalananna, karéta api Sidomukti mawa:[1]
- Lokomotip CC201, CC203, atawa CC206
- 7 karéta api bisnis (K2)
- 1 karéta makan pembangkit (MP2)
- 1 karéta bahasi (B)
Stasion nu dilayanan
[édit | édit sumber]Stasion nu dilayanan ku karéta api Sidomukti nyaéta:[1]
Jadwal perjalanan
[édit | édit sumber]Jadwal karéta api Sidomukti dumasar GAPEKA 2015[2]
| KA 145F Sidomukti (Solo Balapan-Yogyakarta) | ||
|---|---|---|
| Stasion | Nepi | Indit |
| Solo Balapan | - | 09.55 |
| Purwosari | 10.00 | 10.02 |
| Klatén | 10.25 | 10.27 |
| Lempuyangan | 10.50 | 10.52 |
| Yogyakarta | 10.56 | - |
| KA 146F Sidomukti (Yogyakarta-Solo Balapan) | ||
|---|---|---|
| Stasion | Nepi | Indit |
| Yogyakarta | - | 12.30 |
| Lempuyangan | 12.34 | 12.37 |
| Klatén | 13.00 | 13.02 |
| Purwosari | 13.25 | 13.27 |
| Solo Balapan | 13.32 | - |
Tarip
[édit | édit sumber]Pikeun sakali perjalanan, harga tikétna Rp20.000,00.[2] Tapi mimiti dioperasikeun mah taripna Rp30.000,00.[2]
Tingali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]Tumbu kaluar
[édit | édit sumber](id) Archived 2016-12-07 di Wayback Machine Situs resmi PT Kereta Api Indonesia]
| Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |