Lompat ke isi

Keledeng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Keledang
Buah keledang, Artocarpus lanceifolius
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Artocarpus lanceifolius
Ngaran binomial
Artocarpus lanceifolius Roxb

Keledeng (Artocarpus lanceifolius Roxb) atawa keledang nyaéta buah langka, ayana di daérah Kalimantan. Keledang ogé mangrupa salah sahiji buah anu mimiti kapopohokeun ku lantaran béakna leuweung di ieu wewengkon [1]. Keledang mangrupa tangkal tina kulawarga familia Moraceae (sabangsa nangka), baraya tina mentawa, klewih, pintau, campedak, sukun, selanking, benda, jeung nangka.

Keledang ogé dipiwanoh disababaraha daérah, kĕledang (Melayu); simar naka (Batak); bangsal (Dayak); khanun-pa (Thailand)[2]. Di Bornéo ieu tangkal dipiwanoh ku sababaraha ngaran bangsal, binturung, bunon, kayu dadak, emputu, kakian, sedah, tempunang[3]. Aya ogé anu nyebutkeun kateh, keledang, kledang, paribalek, peruput, pudu, tarap hutan, katebung, tiwadak banyu, jeung séjén-séjéna.

Pangwanoh

[édit | édit sumber]
Buah keledang, ditémbongkeun eusina

Tangkalna leceng/lempeng kaluhur, jangkung bisa nepikeun ka 36 méter; tangkal anu heneuweuh dahanan bisa nepikeun ka 25 m buleudan tangkalna bisa nepikeun ka 275 cm; mibanda tunggul (banir) pondok. Kulit tangkalna (papagan) lemes, kelirna hawuk (abu-abu) nepi ka rada hideung, bagéan jerona coklat rada konéng meueusan; geutahna bodas pias, tur kentel.[3][4]

Régang (ranting) saukuran 6-8 mm, daun kuncup dina tungtung régang saukuran 1,5-4,5 cm, daun déwasana lonyod jiga endog, ukuranna 10-35 × 5–20 cm; tungtung daun méncos, aya buntutan 12 mm; aya anu rata tapi teusaeutik ogé anu ngagalura; handapna ngaleutikan, tuluy kana cupat daun panjang 1–3 cm [3]

Dina mangsa kembangan, cupat kembang bijil tina sela-sela dahan, kembang bikangna bijil nyorangan (soliter), kembang anu jaluna bijil sapasang. Kembang jaluna mangrupa tongtolang gedéna sarua jeung ramo 30-60 × 12–18 mm, lemes; bongolna 25–70 mm. Pibuaheun ieu kelirna semu coklat; buleud, lk. 8 × 7 cm, katutupan ku cucuk mintul jeung leuleus; sikina kalimpudan ku daging buah cupatna 4 cm.[3][4].

Tangkal keledang bisa dipanggihan dimimitian ti Thailand, basisir Malaysia, Sumatera, Bangka, Kapulauan Lingga jeung Riau, sarta Bornéo. Ieu tangkal dibédakeun kana dua rupa nyaéta : A. l. lanceifolius jeung A. l. clementis (Merr.) Jarrett; anu pandeuri ieu matuh/endemik di Bornéo beulah wétan.[2]

Sanajan henteu kagologkeun loba, ieu tangkal bisa kapanggih di leuweung hujan tropika landeuh jeung pasir dina kaayaan 600(-1100) m dpl.[2][4]

Mangpaat

[édit | édit sumber]

A. lanceifolius mangrupa salah sahiji anu ngahasilkeun kai keledang anu alus; kaina beurat (kapadetan kandungan cai 15% dina 510 – 855 kg/m3) dimangpaatkeun pikeun wangunan beurat, furnitur, bahan pikeun nyieun parahu, pakakas rumah tangga, peti, jeung anu séjénna. Ieu tangkal ogé bisa ngahasilkeun bahan pikeun nyelep, jeung buahna anu kasohor tangtuna bisa didahar.[2]

Buah keledang rasana kareueut daging buahna papisah jeung siki jiga buah nangka. Lamun seug diasaan ieu rasana mangrupa campuran buah nangka jeung buah manggu. Kelir buahna anu geus asak semu beureum wujud buahna jiga cempedak. Buah keledang asup kana bungbuahan eksotis ti leuweung Kalimantan, tangkalna jadi kalawan subur méh di sakuliah ieu pulo.[1]

A. lanceifolius ogé mangrupa sumber métabolit sekunder turunan fénol, utamana tina golongan flavonoid, bisa dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun ubar alatan mibanda watek sitotoksik. Sababaraha senyawa flavonoid loba anu dipikawanoh, di antarana waé anu mangrupa golongan artoindonesianin, geus bisa diisolasi tina kulit (pepagan) jeung kai keledang.[5][6][7]




Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b Vivaborneo: Buah Keledang yang Terlupakan Archived 2012-03-11 di Wayback Machine
  2. a b c d Djarwaningsih, T., D.S. Alonzo, S. Sudo, and M.S.M. Sosef. 1995. Artocarpus J.R. Forster & J.G. Forster. in R.M.H.J. Lemmens, I. Soerianegara and W.C. Wong (eds.). Timber Trees: minor commercial timber. Plant Resources of South-East Asia (PROSEA) 5(2): 67-68.
  3. a b c d Argent, G. et al.. t.t. Manual of the Larger and More Important Non-Dipterocarp Trees of Central Kalimantan, Indonesia. Vol. 2: 436. Forest Institute, Samarinda.
  4. a b c Kochummen, K.M. 1978. Moraceae. In Ng, F.S.P. (ed.) Tree Flora of Malaya vol. 3: 129. Longman.
  5. Syah, Yana M., S.A. Achmad, E.L. Ghisalberti, E.H. Hakim, L. Makmur, D. Mujahidin. 2001. Artoindonesianins G-I, three new isoprenylated flavones from Artocarpus lanceifolius (abstract). Fitoterapia 72(7):765-73 (Dec 2001).
  6. Hakim, E.H., Asnizar, Yurnawilis, N. Aimi, M. Kitajima, H. Takayama. 2002. Artoindonesianin P, a new prenylated flavone with cytotoxic activity from Artocarpus lanceifolius (abstract). Fitoterapia 73(7-8):668-73 (Dec 2002).
  7. Syah, Yana M., Sjamsul A. Achmad, Norio Aimi, Euis H. Hakim, Lia D. Juliawaty, and Hiromitsu Takayama. 2006. Two Prenylated Flavones from the Tree Bark of Artocarpus lanceifolius. Verlag der Zeitschrift fűr Naturforschung, Tűbingen.

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan