Ki acrét

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Tangkal ki acret ti kampung Cioray, Rajamandala, Bandung

Ki acret (Spathodea campanulata) nyaéta tangkal kai anu aslina ti Afrika génusna monotipik, kulawarga tatangkalan anu mibanda kembang, mimiti ditanungtik taun 1787 di the Gold Coast of Africa.[1] Ki acret mibanda sababaraha ngaran, disebut ogé tangkal tulip Afrika; Fountain tree; Flame-of-the-forest; Rudra palash; Pichkari; Angsrét; jeung Nandi flame.[2] Dina génusna ieu tangkal henteu mibanda spésiés séjén atawa nunggal.[2]

Tangkal ki acret ilaharna kapangih hirup liar saperti di sisi jalan, kamalir, sisi leuweung jeung perkebunan.[1] Jangkungna bisa nepika 7 - 25 méter, mangsa usum kembangan tangkal ki acret katembong éndah dipinuhan ku kembang.[1] Kembang ki acret anu masih kudu tur tacan mékar wanguna lonyod sagedé jempol, mencos ka tungtungna di jerona mibanda cai.[1] upama tungtungna diteukteuk tuluy dipencét baris mancer kaluar cai (ngacret).[2]

Kagunaan[édit | édit sumber]

  1. Ubar : Ki Acret kulitna mibanda kandungan antiseptic jeung antimikroba, bisa dipaké ngubaran gugusi jeung pipi bareuh ku jalan kulit tangkalna digayem (diburakeun deui), kulit tangkalna di godog dina cai pikeun ngamandian orok anu kakara gumelar, di nagara Afrika (Ghana jeung Nigeria) kulit tangkal ki acret dijieun bahan ubar tradisional pikeun ngubaran atawa nyingkahan katépaan panyakit kelamin (antifertility).[3]
  2. Hiasan : Kembangna anu gomplok mangsa mangkak kalawan daunna anu ngémploh ki acret loba dipelak pikeun papaés di buruan, ogé tangkal pangiuhan di perkebunan kopi atawa téh.[3]
  3. Waditra : Di Afrika tangkal ki acret dimangpaatkeun pikeun nyieun kuluwung waditra (sabangsa kendang atawa dogdog).[3]
  4. Diabétes : Kulit tangkalna digodog dimangpaatkeun pikeun ngubaran diabétes, hasil panalungtikan cai panguluban kulit ki acret mibanda aktivitas hypoglcemic (1990).[4]
  5. Reboisasi : tangkal ki acret dipaké pikeun tangkal penghijauan utamana dipelak dina taneuh anu ngagawir tur gampang urug (labil) ku lantaran tangkal ki acret gampil hirup tur téréh gedé.

Gallery[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Anurag Panga, Dr. John (2014). Plants of AMS Garden: A Garden in the Arabian Deserts of Dubai. Dubai: Xlibris Corporation. ISBN 9781499017007. 
  2. a b c Nilandari, Ary (2014). Pangeran Bumi, Kesatria Bulan. Jakarta: Mizan Qanita. ISBN 9786021637388. 
  3. a b c M. Iwu, Maurice (1993). Handbook of African Medicinal Plants, Second Edition. London: CRC Press. ISBN 9780849342660. 
  4. Subramoniam, Appian (2016). Plants with Anti-Diabetes Mellitus Properties. Dubai: CRC Press. ISBN 9781482249903. 
Nulis.jpg