Koi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris.
Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun.
Koi
Status konservasi
Domesticated
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Actinopterygii
Order: Cypriniformes
Kulawarga: Cyprinidae
Génus: Cyprinus
Spésiés: C. carpio
Subspésiés: C. c. haematopterus
Trinomial name
Cyprinus carpio haematopterus[1]
(Linnaeus, 1758)
(video) Sababaraha koi ngojay dina balong di Jepang.

Koi (? , Japanese: [koꜜi]) atawa leuwih husus {{Nihongo|nishikigoi|錦鯉|extra=[niɕi̥kiꜜɡo.i], sabenerna lauk karper, anu dipiara sarta mibanda ornamén nu éndah.[rujukan?] Lauk koi nyaéta sajenis lauk emas (Cyprinus carpio) nu mibanda ornamén nu pohara éndah jeung lindeuk diingu pikeun hiasan di luar rohangan balong koi atawa taman cai.[rujukan?]

Variétas Koi dibédakeun ku kelir, pola, sarta ukuran.[rujukan?] Sababaraha kelir utama nyaéta bodas, hideung, beureum, konéng, bulao, jeung krim.[rujukan?] Kategori Koi pang populérna nyaéta Gosanke, nu diwangun tina Kohaku, Taisho Sanshoku, sarta variétas Showa Sanshoku.[rujukan?]

Sajarah[édit | édit sumber]

Lauk karper atawa lauk emas nyaéta sajumplukan gedé laun anu awalna kapanggih di Éropa Tengah jeung Asia.[rujukan?] Rupa-rupa spésiés lauk emas nu mimiti dilindeukeun di Asia Wétan, dimmana maranéhanana dipaké sabagé lauk dahareun.[rujukan?] Lauk emas lauk cai tiis, sarta kamapuh maranéhannana pikeun hirup sarta nyaluyukeun kana sababraha iklim jeung kondisi kaayaan cai, lauk spésiés piaraan ieu wenang sumebar ka sababraha lokasi anyar, kaasup Jepang.[rujukan?] Mutasi kelir alami lauk ieu baris kajadian disakabéh populasi.[rujukan?] Lauk karper nu munggaran dibaranahkeun pikeun mutasi kelir nyaéta di China leuwih ti sarébu taun ka tukang, binih pinilih lauk karper Prussian (Carassius gibelio) mingpin pamekaran lauk koki.[2]

Rupa-rupa spésiés lauk emas nu dibudidayakeun sabagé lauk dahareun sahenteuna ti mimiti abad ka lima SM di China, sarta jaman Karajaan Roma nalika nyebarkeun agama Karésten di Éropa.[rujukan?] Lauk emas nu dipiara pikeun kaédahan kelirna dimekarkeun di Jepang dina taun 1820an, mimitina di kota Ojiya di Niigata bagéan kalér pulo Honshu.[rujukan?]

Dunya luar teu sadar pikeun mekarna variasi kelir koi Jepang nepi ka taun 1914, nalika koi Niigata dipamérkeunn di paméran taunan di Tokyo.[rujukan?] Ti harita, minat koi sumebar ka sakuliah Jepang.[rujukan?] Tina koi asli ieu, sakabéh variétas Nishikigoi lainna dibarahkeun, kacuali variétas Ogon (kelir-tunggal, koi métalik) nu dimekarkeun rélatif anyar kénéh.[rujukan?] Panggemar koi pamustunganana sumebar ka sakuliah dunya.[rujukan?] Koi ayeuna loba dijual di to akuarium piaraan, kalawan kualitas lauk anu alus.[3][4]

Étimologi[édit | édit sumber]

Kecap koi asalna ti Jepang, hartina "lauk emas".[rujukan?] Ieu ngawengku duanana lauk kulawu sarta variétas kelir cékas.[rujukan?] Nu katelah koi dina basa Inggris disebut leuwih husus salaku nishikigoi di Jepang (sacara literatur hartina "lauk emas").[rujukan?] Di Jepang, koi nyaéta salah sahiji homophone pikeun kecap séjén nu hartina "kadeudeuh" atanapi "duriat"; ku kituna koi nyaéta lambang duriat jeung silaturahim di Jepang.[rujukan?]

Variétas[édit | édit sumber]

Keur maraban koi

Variétas Koi dibédakeun ku kelir, pola, sarta ukuran.[rujukan?] Sababaraha kelir utama nyaéta bodas, hideung, beureum, konéng, bulao, jeung krim. [rujukan?]Sedengkeun kelir meureun ampir teu kawates, paternak geus ngaidéntifikasi sarta méré ngaran sajumlah kategori.[rujukan?] Kategori nu pang kasohorna nyaéta Gosanke, nu diwangun tina variétas Kohaku, Taisho Sanshoku, sarta Showa Sanshoku.[rujukan?]

Variétas koi anu anyar masih keur aktip dimekarkeun.[5] Koi Ghost dimekarkeun taun 1980an geus jadi pohara populér di Inggris; maranéhna campuran tina lauk emas liar jeung koi Ogon, jeung anu dibédakeun ku ukuran métalik maranéhna.[rujukan?] Koi butterfly (ogé katelah koi cécépét panjang (kumpay), atawa lauk emas naga), ogé dimekarkeun taun 1980an, anu kasohor panjang cécépét tur ngarumbay.[rujukan?] Maranéhna campuran tina koi jeung lauk emas Asia. [rujukan?] Koi butterfly sarta koi ghost koi dianggap ku sabagian jadi nishikigoi nu teu bener. [rujukan?]

Nu kaasup ngaran variétas utama nyaéta:

  • Kōhaku (紅白?) nyaéta koi kulit bodas, kalayan pola beureum nu lega di luhur.[rujukan?] Harti ngaranna "beureum jeung bodas"; kohaku mangrupa variétas munggaran nu diciptakeun di Jepang (ahir abad ka 19).[6]
  • Taishō Sanshoku (atawa Taisho Sanke) (大正三色?) ampir sarua jeung kohaku, ngan aya tambahan pola hideung saeutik nu disebut sumi (?).[rujukan?] Variétas ieu mimiti dipamérkeun taun 1914 ku paternak koi Gonzo Hiroi, dina mangsa kakuasaan Kaisar Taiso.[rujukan?] Di Amérika, ngaranna mindeng di singkat jadi "Sanke".[rujukan?] Hurup kanji, 三色, bisa dibaca salaku sanshoku atawa salaku sanke (tina ngaran saméméhna 三毛).[rujukan?]
  • Shōwa Sanshoku (atawa Showa Sanke) (昭和三色?) nyaéta koi hideung kalayan pola beureum (hi 緋) jeung bodas (shiroji 白地). Koi Showa Sanke dipamékeun taun 1927, dina mangsa kakuasaan Kaisar Showa. [rujukan?] Di Amérika, ngaranna mindeng di singkat jadi "Showa". [rujukan?]jumlah shiroji dina Showa Sanke geus ngaronjat dina magsa modérn (Kindai Showa 近代昭和), ti dieu hésé ngabédakeun tina Taisho Sanke.[rujukan?] Hurup kanji, 三色, bisa dibaca salaku sanshoku atawa salaku sanke.[rujukan?]
  • Tanchō (丹頂?) nyéta koi kalayan hiji pola beureum dina huluna.[rujukan?] Bisa jadi Tancho Showa, Tancho Sanke, atawa Tancho Goshiki.[rujukan?] Ieu dingaranan pikeun bango mahkota beureum urang Jepang (Grus japonensis), nu ogé boga totol beureum dina sirahna.
  • Chagoi (茶鯉?), "kelir-téh", Kelir koi ieu bisa antara ti héjo zaitun sepa atawa coklat nepi ka tambaga atawa parunggu, kelir oran[rujukan?]yeu nu leuwih sarta leuwih lembut.[rujukan?] Kasohor kalayan lindeuk, kapribadian soméah sarta ukuranna nu badag, hal ieu dianggap sabagé tanda kauntungan di kalangan nu miara koi.[rujukan?]
  • Asagi (浅黄?) nyaéta koi kelir bulao caang dina tonggong tur biasana beureum dina beuteung, tapi ogé aya kalana konéng sepa atawa krim, ilaharna di handap gurat lateral sarta dina pipi.[rujukan?] Ngaran Jepang hartina bulao kahéjoan sepa, siga kelir bawang daun.[rujukan?]
  • Utsurimono (写り物?) nyaéta koi hideung kalayan pola bodas, beureum, atawa konéng, siga pola kuda zebra.[rujukan?] Wangun nu paling heubeul nyaéta wangun konéng, disebut "pola hideung jeung konéng" (黒黄斑 Kuro ki madara?) dina abad ka 19, tapi diganti ngaran jadi Ki Utsuri (黄写り?) ku Elizaburo Hoshino saurang patani koi awal abad ka 20.[rujukan?] Vérsi beureum jeung bodas masing-masing disebut Hi Utsuri (緋写り?) jeung Shiro Utsuri (白写り?).[rujukan?] Kecap utsuri artinta aya (tanda hideung ngingetkeun kana noda tinta).[rujukan?] Sacara génétis, sarua jeung Showa, tapi kakurang pigmén beureum (Shiro Utsuri) atawa pigmén bodas (Hi Utsuri/Ki Utsuri).[rujukan?]
  • Bekko (べっ甲?) nyaéta koi kulit bodas-, beureum-, atawa konéng kalawan pola hideung sumi (?).[rujukan?] Harti ngaran Jepangna "kuya batok", sarta ilahar ditulis sabagé べっ甲.[rujukan?] Variétas bodas, beureum, jeung konéng masing-masing disebut Shiro Bekko (?), Aka Bekko (?) jeung Ki Bekko (?).[rujukan?] Ieu bisa pahili jeung Utsuri.[rujukan?]
  • Goshiki (五色?) nyaéta koi beureum poék (modélKohaku) corak hi. Harti ngaran Jepangna "lima kelir".[rujukan?] Sarupa jeung Asagi, kalayan saeutik atawa tanpa hi di handapeun gurat lateral sarta corak Kohaku Hi dina sisit (lauk pola jaring sisitna).[rujukan?] Kelir dasarna biru langit antara ti ampir hideung nepi ka sepa. [rujukan?]
  • 'Shūsui (秋翠?) hartina "héjo usum gugur"; Shūsui diciptakeun taun 1910 ku Yoshigoro Akiyama(秋山 吉五郎, ku cara mijahkeun silang Asagi Jepang jeung lauk emas (miror carp) Jérman.[rujukan?] Lauk henteu sisitan, kacuali sagurat sisit badag di bagén tonggong, manjang ti hulu nepi kana buntut.[rujukan?] Jenis Shūsui paling ilahar sepa, biru-langit/kelir kulawu di luhur lateral sarta beureum atawa oranyeu (langka nu konéng caang) handapeun gurat lateral sarta dina pipi.[rujukan?]
  • Kinginrin (金銀鱗?) nyaéta koi kalawan kelir sisit métallik (ngagurilap kélir metalik nu mencar).[rujukan?] Mun dihartikeun "sisit emas jeung pérak"; mindeng disingget Ginrin.[rujukan?] Vérsi Ginrin ampir muncul di sakabéh variétas koi sejénna, sarta maranéhna modis katingalina.[rujukan?] Maranéhna ngagulrilap, sisitna ngagurilap kontras kalayan lemes, malah, kulit sarta sisit métalik katempo ogé dina variétas Ogon.[rujukan?] Kiwari, karakteristik ieu geus digabungkeun pikeun nyiptakeun variétas Ginrin Ogon nu anyar.[rujukan?]
  • Kawarimono (変わり物?) nyaéta koi "pola sagala-aya" istilah pikeun koi nu teu bisa diasupkeun kana salah sahiji kategori lianna.[rujukan?] Ieu kategori pasanggiri, sarta loba variétas koi anyar silih éléhkeun dina kategori ieu.[rujukan?] Dipikawanoh ogé kawarigoi (変わり鯉?).[rujukan?]
  • Ōgon (黄金?) nyaéta koi métalik ngan sakelir (hikarimono 光者).[rujukan?] Kelir ilahar anu kapanggih nyaéta emas, platineum, sarta oranyeu.[rujukan?] Spésimén nu krim pohara jarang.[rujukan?] Ogon dipasanggirikeun di kategori Kawarimono sarta harti ngaran Jepangna "emas". [rujukan?] Variétas geus diciptakeun ku Sawata Aoki taun 1946 tina lauk emas liar nu ditéwak taun 1921.
  • Kumonryū (九紋竜?)' (sabenerna "salapan tato naga" nyaéta koi doitsu-sisit hideung kalayan tanda bodas curling melengkung. Maranéhna katelah ngubah kelir saluyu jeung usum .[rujukan?] Kumonryu dipasanggirikeun dina kategori Kawarimono.[rujukan?]
  • Ochiba (落葉?) nyaéta koi bulao/kulawu caang kalayan pola kelir tambaga, parunggu, atawa konéng (corak-Kohaku), ngingetkeun kana daun dina musim gugur luhureun cai.[rujukan?] Harti ngaran Jepangna "daun ragrag".[rujukan?]
  • Koromo (?) nyaéta koi bodas kalayan pola corak-Kohaku kalayan bulao atawa sisit hideung disisi dina corak hi .[rujukan?] Variétas ieu mimiti muncul taun 1950an sabagé pijah silang antara Kohaku jeung Asagi.[rujukan?] Nu paling ilahar kapanggih Koromo sabagé Ai Goromo, nu kelirna siga Kohaku, iwal masing-masing sisit belang beureum mibanda kelir bulao atawa hideung sisina. Nu kurang ilahar nyaéta Budo-Goromo, nu mibanda kelir leuwih poék hi nu méré panampilan ranggeuyan buah anggur. [rujukan?] Jarang pisan katempo Tsumi-Goromo, nu sarimbag jeung Budo-Goromo, tapi corak hi nyaéta sarupaning anggur burgundy poék nu muncul ampir deukeut jeung hideung.[rujukan?]
  • Hikari-moyomono (光模樣者?) nyaéta koi kalawan pola kelir dina dasar kelir métalik atawa dina dua kelir métalik.[rujukan?]
  • Kikokuryū (輝黒竜, secara harfiah "ngagurilap" atwa "komodo hideung ngagurilap") nyaéta versi kulit métalik tina Kumonryu.[rujukan?]
  • Kin-Kikokuryū (金輝黒竜, secara harfiah "komodo emas hideung ngagurilap" atawa "komodo hideung emas ngagurilap") nyaéta versi kulit métalik tina Kumonryu kalayan corak pola-Kohaku hi dimekarkeun ku Seiki Igarashi kota Ojiya.[rujukan?] Sahenteuna genep subvarieties génétik nu béda ti variétas umum nu katempo.[rujukan?]
  • Ghost koi (人面魚じんめんぎょ), nyaéta campuran tina Ogon jeung lauk emas liar kalayan sisit metallic métalik, dianggap ku sabagéan teu kaasup nishikigoi.[rujukan?]
  • Butterfly koi (鰭長錦鯉ひれながにしきごい) nyaéta campuran koi lauk emas Asia kalayan long cécépétna panjang ngagebay.[rujukan?] Rupa-rupa kelir gumantung kana stok koi nu digunakeun pikeun mijahkeun silang.[rujukan?] Ieu ogé dianggap ku sabagéan teu kaasup nishikigoi. [rujukan?]
  • Doitsu-goi (ドイツ鯉?) Asalna tina pijah silang sagala variétas nu béda jeung "tapa sisit" lauk emas Jérman ( ilaharna, lauk ngan ukur kalayan sagurat sisit di sapanjang sisi cécépét tonggong ).[rujukan?] Ditulis ogé sabagé 独逸鯉, aya opat jenis pola-pola Doitsu.[rujukan?] Jenis nu paling ilahar (disebut di luhur) mibanda sisit ngajajar mimiti ti bagéan hareup cécépét tonggong nepi ka tungtung cécépét tonggong (Di sapanjang kadua sisi cécépét).[rujukan?] Jenis kadua miboga sisit ngajajar nu dimimitian di mana hulu panggih jeung taktak sarta sumebar ka sakuliah awak lauk (sapanjang kadua sisi).[rujukan?] Jenis katilu sarua jeung nu kadua, kalayan ditambah hiji gurat sisit (mindeng rada badag) sapanjang gurat lateral (sapanjang sisi) lauk, disebut ogé "koi eunteung".[rujukan?] Jenis nu kaopat (pohara langka) disebut sabagé "koi baju beusi" sarta sakabéhna (atawa ampir) ditutupan ku sisit nu kacida gedéna anu nyarupaan pelat baju beusi. [rujukan?]Disebut ogé Kagami-goi (鏡鯉、カガミゴイ), atawa lauk emas eunteung (ミラーカープ).[rujukan?]

Bédana jeung koki[édit | édit sumber]

Koi boga nu nonjol barbels dina biwir nu teu katémbong dina lauk emas.

Koki nu dimekarkeun di China leuwih ti sarébu taun kaliwat tina bibit pinilih lauk emas Prussian pikeun mutasi kelir. [rujukan?]Ku alpukahna Dinasti Song (960–1279), kelir konéng, oranyeu, bodas, sarta beureum-jeung-bodas geus dimekarkeun.[rujukan?] Koki (Carassius auratus) jeung Prussian carp (ssius gibelio) ayeuna dianggap béda spésiés .[rujukan?] Koki nu diwanohkeun ka Jepang dina abad ka 16 sarta ka Éropa dina abad ka 17.[2] Koi, sanajan, anu dimekarkeun tina lauk emas di Jepang taun 1820an.[rujukan?] Koi nyaéta lauk emas nu dilindeukkeun (Cyprinus carpio) that nu dipilih atau dipisahkeun pikeun kelir; maranéhna lain spésiés anu béda, tapi subspésiés, sarta baris balik deui kana kelir aslina dina sababaraha generasi lamun diantepkeun bébas baranahan.[rujukan?]

Ilaharna, koki condong leuwih leutik batan koi, sarta mobanda rupa-rupa wangun awak sarta konfigurasi cécépét jeung buntut.[rujukan?] Variétas koi condong mibanda wangun awak nu ilahar, tapi mibanda variasi kelir sarta pola kelir.[rujukan?] Maranéhna ogé mibanda barbels nu nonjol dina biwir. [rujukan?]Sababaraha variétas koki, saperti koki ilahar, koki komét, jeung shubunkin, mibanda wangun awak sarta kelir nu mirip jeung koi, sarta baris hésé ngabédakeun koi mangsa can sawawa sarta.[rujukan?] Ti mimiti koki jeung koi anu dimekarkeun ti spésiés lauk emas nu béda, sarta maranéhna bisa silih pijah (kawin), turunan maranéhanana steril.[7][8]

Kaséhatan, ngropéa, sarta umur panjang[édit | édit sumber]

Lauk emas nyaéta lauk nu kuat, sarta koi neruskeun ngaropéa kakuatan.[rujukan?] Koi nyaéta lauk cai tiis, bisa hirup dina suhu antara 15-25 °C (59-77 °F), tapi ulah lila teuing, tiis, suhu usum tiis; sistim kakebalan awak maranéhna kacida lemah di handapeun suhu 10 °C. [rujukan?]Balong koi biasana jerona saméter atawa leuwih nu baris haneut mangsa usum panas, di mana di daérah nu mibanda usum tiris nu leuwih, balong ilaharna mibanda minimal jerona 1.5 m (5 ft).[rujukan?] Konstruksi balong koi geus dimekarkeun ku paternak koi pikeun ngaronjatkeun kualitas koi pikeun pasanggiri. [rujukan?]

Kelir-kelir koi nu caang jadi sasaran dahareun prédators; Kohaku nu mibanda kulit bodas marupakeun sasaran kadaharan pédator di balong nu héjo poék.[rujukan?] Kuntul, cangkakak, séro, rakun, ucing, ajag, badgers, jeung landak maranéhna kabéh sanggup méakeun lauk di balong.[rujukan?] Balong nu kontruksina alus boga aréa nu jero supaya herons teu bisa ancrub ka balong, beungeut cai nu cukup luhur ti balong supaya sato mamalia teu bisa asup ka balong, sarta tatangkalan nu ngarumpuyuk ngahalangan panénjo sakur nu ngaliwat.[rujukan?] Mun perlu masang ram kawat di luhureun balong.[rujukan?] Balong hias biasanga aya kompa jeung sistim filter balong supaya cai tetep hérang jeung beresih.[rujukan?]

Koi nyaéta lauk omnivora, jadi ngadahar rupa-rupa dahareum, kaasup kacang polong, saladah jeung samangka.[rujukan?] Parab koi dirancang heteu ngan saukur pikeun gizi saimbang, tapi ngambang nepi ka bisa ngadorong maranéhna pikeun ngojay ka luhur beungeut cai.[rujukan?] Mangsa maranéhna keur dahar, koi bisa dipariksa pikeun parasit sarta borok.[rujukan?] Alami, koi barangdahar di handap kalayan adaptasi wangun sungut pikeun hal éta.[rujukan?] Sababaraha koi mibanda kacenderungan pikeun barangdahar lolobana ti handap, jadi produsén parab nyieun parab campuran ngerelep jeung kombinasi ngambang.[rujukan?] Koi apaleun ka jelema nu sok maraban maranéhna sarta ngumpul deukeut maranéhna.[rujukan?] Maranéhna bisa dilatih pikeun nyapluk parab tina leungeun jelema.[rujukan?] Dina usum tiis, sistem pancernaan maranéhna lalaunan baris eureun, sarta maranéhna dahar saeutik pisan. [rujukan?]Maraban teu disarankeun mangsa suhu turun di handapeun 10 °C (50 °F).[9][10] Nafsu dahar maranéhna balik deui dina mangsa cai jadi haneut dina usum semi.[rujukan?]

Koi geus dilaporkeun ngahontal umur 100–200 taun.[11] Hiji koi scarlet nu dingarangan "Hanako" dipibanda ku sababaraha individu , nu panungtungan nyaéta Dr. Komei Koshihara. [rujukan?]Bulan Juli 1974, hiji atikan ngeunaan panalungtikan umur lauk, salah sahiji koi dilaporkeun yén Hanako umurna nepi ka 225 taun.[12] Sacara otoritatif umur anu ditarima pikeun spésiés kurang ti 50 taun.[13][14]

Panyakit[édit | édit sumber]

Koi pohara kuat.[rujukan?] Kalayan mulasara nu bener, Maranéhna bisa nyingkahan parasit nu mangaruhan spesiés lauk tropis nu leuwih sénsitif, saperti inféksi Trichodina, Epistylis, sarta Ichthyophthirius multifiliis.[rujukan?] Dua kamelang nu pohara di antara paternak koi nyaéta koi herpes virus (KHV) jeung rhabdovirus carpio, nu ngabalukarkeun spring viraemia of carp (SVC).[rujukan?] Euweuh tatamba nu alus pikeun panyakit.[rujukan?] Sababaraha paternakan koi di Israél ngagunakeun vaksin KV3, dimekarkeun ku Prof. M. Kotler ti Hebrew University of Jerusalem sarta diproduksi ku Kovax, pikeun ngaimunisasi lauk ngalawan KHV.[rujukan?] Kiwari Israel nyaé hiji-hijina negara di dunya nu ngavaksinasi koi ngalawan KHV.[rujukan?] Vaksin kasebut disuntikkeun ka lauk mangsa umurna kurang ti sataun, sarta kudu ngagunakeun cahaya ultraviolet.[rujukan?] Vaksin ieu mibanda tingkat kaberhasilan 90% [15]. Mun diimunisasi, lauk teu bisa nyerah ka pasangan KHV sarta koi nu teu diimunisasi bisa nyebarkeun KHV ka lauk séjén di balong.[16] Ngan saukur pangukuran biosecurity nu gancang ngadetéksi, isolation, jeung disinfection téngki jeung pakakas bisa nungkulan sumebarna panyakit sarta ngabatas nguranganna stok lauk.[rujukan?] Dina taun 2002, usum semi viraemia nyerang paternakan koi di Kernersville, Carolina Kalér, sarta merlukeun depopulasi lengkep ti balong sarta periode karantina nu lila.[rujukan?] Pikeun samentara mangsa éta, sababaraha paternak koi di neighboring eureun ngimpor lauk lantaran sieun lauk stokna keuna inféksi.[17][18]

Ngabaranahkeun[édit | édit sumber]

Koi di luar rohangan balong koi

Milih Bibit

Koi dipilih sabagé bibit mun bener-bener umurna geus cukup pikeun dipijahkeun. Umur koi nu siap pikeun dipijahkeun kurang leuwih dua taun. Idéalna koi bikang kudu geus ngendog di jero beuteung lilana 6 nepi ka 9 bulan. Sajaba ti éta bibit bikang kudu boga wangun awak nu alus, kusabab bikang baris mibanda peran nu pangpentingna pikeun bentuk awak anak koi. Bibit bikang ogé idéalna mibanda ukuran badag, kira-kira 75 cm. Bibit jalu kudu mibanda kualitas kulit jeung kelir nu alus. Ukuranana bibit jalu bisa leuwih leutik batan nu bikang. Rasio jalu jeung nu bikang nyaéta 1 jalu bikang 2-3. Jumlah endog koi kira-kira 100.000 per kilogram beurat awakna. Nalika Koi bikang mimiti asak endog di jero rongga beuteungna baris kaciri mimiti ngabareuhan sarta ngeusian sabudeureun beuteung, lamun dipencét lalaunan baris kaluar endogna. Dina bibit jalu lamun dipecét beuteungna baris kaluar cairan kelir bodas.[1]

Prosés Mijahkeun

Koi baris ngendog nalika cai dina kondisi haneut, suhu 20C.[rujukan?] Koi bikang baris nyimpen endog-endog maranéhanana dina jukut nu kakeueum dina balong atawa tuwuhan gulma saperti écéng gondok atwa substrat jieunan.[rujukan?] Lamu euweuh gulma atawa jukut anu kakeueum dina balong, maka perelu tambahan média tambahan dina balong, substrat nu dijieun tina tali rapia atawa injuk.[rujukan?] Tambahan média ieu baris ngajurung koi pikeun ngaluarkeun endona.[rujukan?] Biasana mangsa nu alus pikeun nambah média ieu saminggu saacan koi endogan.[rujukan?] Koi bikan baris nyiapkeun diri pikeun ngendog dina média sedengkeun koi jalu baris nuturkeun jeung nutupan koi bikang pikeun ngabuahan endog nu dikaluarkeun.[rujukan?] Koi bikang kadang-kadang baris cicing sarta ngaberesihkeun sisi balong pikeun ngaberesihan kawasan di mana manéhna bisa nyimpen endogna.[rujukan?] Salila mangsa mijah usahakeun suapaya situasi lingkungan tenang sarta hadéna mah tinggalkeun nalika lauk-lauk dina mangsa prosés mijahkeun.[2]

Ogé pastikeun euweuh objék nu bahaya sarta seukeut di balong kayaning pot kembang batu-batu supaya teu ngareheutkeun lauk koi dina mangsa mijah. [rujukan?]Nyadiakeun pakakas kayaning cai muncrat jeung nyurug baris mantuan ngarangsang lauk koi ngaluarkeun endog.[rujukan?] Lauk bikang baris ngojay ngaliwatan substrat pamijahan anu dituturkeun ku lauk jalu, anu bakal salawasna nuturkeun dina jarak nu pohara deukeut.[rujukan?] Sanggeus sababaraha lilana, lauk bikang baris neundeun endog kana substrat sarta lauk jalu baris ngabuahan.[rujukan?] Endog kudu dibuahan dina mangsa 20 detik ti mimiti disimpen dina média, jadi lauk jalu kudu deukeut pisan tur siap nalika endog dikaluarkeun.[rujukan?] Sanggeus maranéhna nyimpen endog, bikangna baris ngagantung sirah ka handap, jeung lauk séjénna bakal kurang samangat.[rujukan?] Koi kudu geuwat dikaluarkeun tina balong pamijahan sabab baris ngadahar endog anu dikaluarkeun.[3]

Mangsa Inkubasi jeung Megar

Sanggeus prosés mijah geus bérés, induk dipisahkeun tina endog-endog, endog dina mangsa inkubasi pikeun nungguan megar.[rujukan?] Endog-endog anu geus dibuahan bakal megar dina mangsa 4-5 poé.[rujukan?] Buarayak koi sacara naluri bakal néangan panyalindungan sarta nyumput.[rujukan?] Dina mangsa mimiti megar buarayak koi baris ngahakan tina cadangan dahareun nu ana dina endog terus urang bisa nyadiakeun endog kulub kokonéngna minangka bahan pangan mimiti.[rujukan?] Di sagigireun éta bisa ogé béré jentik hurang atawa cacing sutra. Cacing sutra nyaéta kadaharan nu alus tur mibanda niléy nu luhur pikeun burayak koi.[4]

Sanggeus saminggu burayak koi bisa diparaban pélét wangun pasta atanapi bubuk tina ukuran pélét badag.[rujukan?] Salian diparaban dahareun kalawan kaperluan gizi nu luhur dipigawé meresihan balong tina kokotor, buraya koi nu paéh sarta amonia ku cara ngaganti cai sabagéan kalayan rutin.[rujukan?] Sanggeus 3 nepi ka 4 minggu burayak-burayak koi baris tumuwuh nepi ka panjangna kira-kira 5–10 mm sarta mimiti merlukeun tempat nu leuwih lega.[rujukan?] Biasana burayak koi dina umur sakieu baris dipelak dina balong leutak atawa bak nu ukuranana badag.[rujukan?] Balong leutak nagrupakeun tempat nu hadé pikeun tumuwuhna burayak, ku sabab loba pisan dahareun alam dina leutak balong.[5]

Misahkeun

Sanggeus diropéa di balong leutak, bak atanapi akurium salila kira-kira tilu minggu, burayak koi dimimitian prosés misahkeun sarta seléksi munggaran, burayak nu ukuranna gedé dipisahkeun jeung nu ukuranana leutik.[rujukan?] Ieu maksudna supaya burayak nu ukuran leutik teu éléh saingan parebut dahareun. Kusabab kualitas koi alus sok aya anu tumuwuh gancang pisan.[rujukan?] Koi ukuran jumbo biasana leuwih agrésif dina ngahakan dahareun.[rujukan?] Kalayan ukuran burayak koi nu saimbang dina sabalong, tiap burayak diperkirakeun tumuwuh optimal.[6]

Sanggeus koi ukuranna badag tur gampang niténan kelir jeung polana, dimimitian rupa-rupa pinilih nyéta milihan kelir, wangun, sarta pola kelir. [rujukan?]Burayak nu ukuranna tina 2 nepi ka 5 cm dilakukeun seléksi kelir.[rujukan?] Buraya koi nu diprédiksi boga kelir alus baris dipilih sedengkeun burayak nu kelirna kurang alus baris disortir.[rujukan?] Hasil pinilih ieu ditumpurkeun minangka bahan parab lauk séjénna atawa tatanén atawa dipiara minangka lauk dahareun.[7]

Dina umur 45 poé burayak koi ngahontal ukuran tina 7–8 cm dilakukeun seléksi pola kelir.[rujukan?] Dina umur ieu pola kelir téh gampang pikeun nempo tur dipilih.[rujukan?] Dina umur 70 poé ka 90 poé burayak koi geus ngahontal kira-kira 10 cm, kelir jeung pola beuki jelas yén prosés milihan jadi leuwih gampang.[rujukan?] Dina mangsa ieu koi bisa digolongkeun kana kategori kelas A, kelas B jeung saterusna.[rujukan?] Burayak koi kalawan kualitas poténsi pikeun jadi super diparaban husus nu kualitasna luhur dikombinasikeun jeung parab pikeun ngaronjatkeun kelir.[8]

Tina rébuan burayak nu megar ti endog koi nu alus ngan ukur sababaraha puluh baé anu baris boga poténsi pikeun jadi kelas super, nepi ka harga kualitas koi super mahal pisan.[9]

Di alam liar[édit | édit sumber]

Rupa-rupa kelir koi keur diparaban di balong di pagunungan Qingxiu, Nanning, China

Koi teu dihaja atawa dihaja leupas ka alam liar di satiap banua kacuali Antartika.[rujukan?] Maranéhna baris gancang balik deui kana kelr alami lauk emas dina sababaraha generasi.[rujukan?] Di sababaraha daérahah, maranéhna dianggap sabagé invasive species sarta pests. Di nagara bagén Queensland di Australia, maranéhanna dianggap lauk nu bahaya.[19]

Koi pohara ngingetkeun turbidity cai sabab maranéhna tuluy ngaduk-ngaduk substrat.[rujukan?] Hal ieu ngabalukarkeun saluran saluran cai teu ngalir, ngurangan tutuwuhan cai, sarta bisa ngabalukarkeun cai teu cocog pikeun ngojay atawa nginum.[rujukan?] Di sababaraha nagara, koi geus ngabalukarkeun jadi loba ruksakna jalan cai nu ngaluarkeun dui badag sarta usaha geus dicobaan pikeun ngabasmi maranéhna, sabagéan gedé teu hasil.[20]

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. "Pictures available for Cyprinus carpio haematopterus.". www.fishbase.org. Diaksés ping 31 Oktober 2010. 
  2. a b "Background information about goldfish". Diaksés ping 28 Juli 2006. 
  3. "MPKS Ray Jordan Koi History". Ray Jordan. Diaksés ping 26 April 2009. 
  4. "Early Records". Netpets.org. Diaksés ping 11 April 2009. 
  5. "Guide to Koi Varieties". mitchkoi.co.uk. Diaksés ping 12 April 2014. 
  6. Tamadachi M (1990). "Koi varieties". The Cult of the Koi. Neptune City, New Jersey: TFH Publications. p. 191. ISBN 0-86622-085-2. 
  7. "The difference between koi and goldfish". Diaksés ping 8 Nopémber 2016. 
  8. "Aquatic-oasis articles". Aquatic-oasis. Diarsipkan dari yang asli pada 22 Juni 2010. Diaksés ping 2 Pébruari 2012. 
  9. "Koi Feeding Guide". lagunakoi.com. Diaksés ping 2 Oktober 2013. 
  10. "Temperatures to feed koi fish". mitchkoi.co.uk. Diaksés ping 1 April 2014. 
  11. Felicity Huntingford; Malcolm Jobling; Sunil Kadri (2012). Aquaculture and Behavior. John Wiley & Sons. pp. 12–. ISBN 978-1-4051-3089-9. ... and there are reports of fish that have achieved ages of 100–200 years (Purdom 1993; Billard 1999). 
  12. Barton, Laura, "The Guardian", The Guardian, 12 April 2007. Disalin 11 April 2009.
  13. Carwardine, Mark (2008). Animal Records. Sterling Publishing Company. p. 201. ISBN 9781402756238. 
  14. "AnAge entry for Cyprinus carpio". genomics.senescence.inf. 
  15. "KV3 Vaccine against KHV". KoVax Ltd. – Specializes in Aqua culture vaccines development and Manufacturing.
  16. Reynolds, Paula (October 2011) ISRAELI KOI ...and the battle against KHV. mitchkoi.co.uk
  17. Spring Viremia of Carp. Impact Worksheet•17 July 2002
  18. "Blackwater Creek Koi Farms". koisale.com.
  19. "Carp". daff.qld.gov.au.
  20. "Common Carp (Cyprinus carpio) – FactSheet". usgs.gov.

Bacaeun salajengna[édit | édit sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]