Kolampis
Klampis | |
---|---|
Klampis, Acacia tomentosa di tengah hutan jati Jurangjero, Bogorejo, Blora | |
Status konservasi | |
Not evaluated (IUCN 3.1)
| |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Génus: | |
Spésiés: | A. tomentosa
|
Ngaran binomial | |
Acacia tomentosa | |
Sinonim | |
Acacia chrysocoma Miq., 1855 |
Kolampis (Acacia tomentosa) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga fabaceae. Kolampis hirup di daérah garing atawa rada garing, buahna ngawujud (Leguminosae, polong-polongan) hirup di tegalan, leuweung jati aya ogé di leuwueng anu garing. Tangkal kawilang leutik ieu kapanggih nyebar mimiti ti India, Asia Tenggara, nepika Indonesia.
Ngaran séjén
[édit | édit sumber]Kolampis mibanda ngaran séjén kayaning : klampis (Jw.); kolampis (Sd.); klampés, longghay (Md.); ai kendara, ai kĕndarĕ, manggalawa (Sumba)[2]. Sedengkeun di nagara-nagara lian dipikawanoh ngarana: krathin-phiman, khaya, nam khao (Thai), böröbu (Vietnam), jeung sajabana[3]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Tangkal leutik nepika sedeng, jangkungna 5–10(–18) m, buleudan tangkalna nepi ka 50 cm; daunna ngarangrangan. Tajuk kawas payung; régang - régang ngorana buluan konéng , rapet; carucukan paranjang (Acacia: cucukan, tomentosa: uluna rekep). Kulit tangkal/Pepagan coklat poék , rarengat/rorombéheun.[3]
Daun panumpu wujudna cucuk, lempeng, panjang nepika 4,5 cm. Daun-daun majemuk kawas cécépét kénca katuhu , selang seling, kalawan cupat daun 0,6–1 cm jeung rakis (2,5–)3–9 cm; mibanda hiji kelenjar perenahna di handap tutumbu cécépét panghandapna, wujudna lonyod/jorong, lk 1–2,5 mm, rata aya ogé rada maringkel; hiji-dua kelenjar anu lain di palebah tungtung rakis, bulenek, lk 0,8 mm. Sirip-sirip (7–)12–25 pasang, 0,9–2,5 cm; anak daun 12–50, ngéntép pasingareup - singareup, naplok, lambaran kawas kertas, aya gurat, 1–4 × 0,4–1 mm, puhuna henteu simétris, tungtung mintul, buluan lemes di sisi handap jeung di tungtungna, atawa ampir gundul.[4]
Kembang majemuk wujudna bongkol-bongkol cupatna lk 2,5 cm, 1–7 pendul/bongkol ngumpul dina kélék daun deukeut tungtung regangna . Kembang naplok, bodas atawa bodas semu konéng, bilangan–4 atawa –5. Kelopak lk 0,9–1,2 mm, tabungna gundul kajaba palebah tungtung dina anu rérégéan buluan. Benang sari loba, panjang lk 5 mm; bakal buah gundul, 0,8–1 mm, duduk. Buah polong coklat poék, ipis rata, rada ngajendul dina siki , aya anu lempeng aya ogé anu bengkung, 9–18 cm × 0,8–1 cm. Siki ipis, lonyod, 6,5–9 × 4–5,5 mm.[4]
Ékologi jeung agihan
[édit | édit sumber]Ieu tangkal remen katempo hirup di tegalan, sisi leuweung, daérah anu deukeut ka basisir, aya ogé ngahaja dipelak di sisi jalan. Jeung dina galengan-galengan sawah. Oge tempat séjén anu perenahna dina sabudeureun 500 m dpl. [4]. Di Jawa Wétan katempo kapanggih hirup di leuweung usum-usuman. Kembangna bijil dina bulan-bulan Juni nepika Oktober[4].
Kolampis hirup liar di India kidul, Srilanka, Benggala, Burma, Thailand, Vietnam, jeung Indonesia; utamana di Jawa, Madura, Sumbawa, Sumba, jeung Sulawesi[4].
Mangpaat
[édit | édit sumber]Kolampis dipiara pikeun diarah kaina bahan pisuluheun. [2] Kaina ogé bisa dimangpaatkun pikeun nyieun doran pacul ogé gagang arit[2]. Kayu A. tomentosa kagolongkeun kana kai anu mibanda beurat sedang, kalayan dénsitasna 580–670 kg/m³ dina kadar cai 15%[5].
Kulit tangkalna pait tur ka angseu teu pikaresepeun, dimangpaatkeun pikeun ngubaran kuda. Harambay atawa rambat tina Kulitna dimangpaatkun pikeun nyieun tali atawa tambang, atuh geutah na dimangpaatkun pikeun nyieun mangsi /tinta.[2]
Pucuk jeung daun ngorana dipikaresep ku ingon-ingon, sanajan carucukan ogé. [2]. Sagigireun ti éta, daun ieu bisa dimangpaatkun pikeun gemuk sangkan tutuwuhan subur. [3].
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Willdenow, C.L. 1806. Sp. Pl. ed. 4, vol. 4 (2): 1087
- ↑ a b c d e Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 2: 884. Badan Penelitian dan Pengembangan Kehutanan, Bogor.
- ↑ a b c Sosef, M.S.M. & L.J.G. van der Maesen. 1997. Acacia tomentosa Willd. Archived 2021-10-20 di Wayback Machine In: Faridah Hanum, I & van der Maesen, L.J.G. (Editors). Auxiliary Plants.: Plant Resources of South-East Asia 11: 266. PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation, Bogor, Indonesia. [Internet] Record from Proseabase. Accessed: 25-Jan-2013
- ↑ a b c d e Nielsen, I.C. 1992. Mimosaceae (Leguminosae-Mimosoideae). Flora Malesiana ser. I, Vol. 11 (1): 46-47. Fig. 2
- ↑ ICRAF Wood Database: Acacia tomentosa Archived 2011-09-11 di Wayback Machine, diakses pada 03/02/2013
Tutumbu ka luar
[édit | édit sumber]- (nl) BHL: Acacia tomentosa Willd. @ K. Heyne. De Nuttige Planten van Ned. Indie, II: 221 (1916)
- (id) FOBI: Acacia tomentosa[tumbu nonaktif] (foto bunga)