Lancah maung
Lancah maung | |
---|---|
Mexican redknee tarantula | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Superfamili: | |
Kulawarga: | Theraphosidae Thorell, 1870
|
Upafamili | |
Acanthopelminae | |
Kaanékaragaman | |
123 genera, 931 spesies | |
Lancah maung; Tarantula. ; Theraphosidae nyaéta lancah anu asalna tina kulawarga theraphosidae.[1] Kalolobaan lancah maung ukuranna kawilang badag tur buluan saawak-awak.[1][2] [3] Sahenteuna aya kana kurang leuwih 800 spésiés anu geus dipikanyaho.[4] Lancah maung sok ngégél, sabab lancah maung mibanda sihung sarua jeung lancah dina kalolobaanana. [5] Sarta geus pada mikanyaho nyerina tur nyanysutan digégél lancah maung leuwih nyeri tibatan diseureud nyiruan, sok sanajan peurahna henteu matih kawas nyiruan. [6] [6]
Lancah maung dina basa Inggris disebut tarantula, asalna tina basa Itali nujul kana hiji kota anu aya di éta nagara tayalian Taranto.[6] Lancah maung loba kapanggih hirup di gurun, leuweung, ogé leuweung hujan. [6]Kahakananna kayaning: gegeremet, lancah deui, beurit , bangkong , oray , kadal leutik, manuk, jeung sajabana.
Sabangsaning lancah
[édit | édit sumber]Aya leuwih ti 35,000 jinis lancah , lancah mah lain gegeremet. Lancah téh arachnids, sadayana arachnids ngagaduhan dalapan suku. Kalajengking sareng keletik ogé arachnids. Rupi-rupi arachnids tingawitan panjangna kirang ti satengah inci (1,3 cm), baturna panjangna langkung ti dalapan inci (20,3 cm). [7]
Musuh alamina
[édit | édit sumber]Di alam liar lancah maung mibanda musuh alamna anu bisa ngamangsa kayaning: Bueuk, Heulang, manuk, oray ageung, kadal, nyiruan, jeung manusa.[8] Umur hirupna : anu jalu 5-7 taun; bikangna: dugi ka 30 taun . [9]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Ilaharna sakujur awak lancah maung buluan malah nepika dampal sukuna ogé buluan.[3] Ngalumpuhkeun mangsana kujalan digégél bari ngaluarkeun peurahna, anu ngabalukarkeun mangsana lumpuh teu bisa walakaya. Dina kaayaan kitu lancah maung tuluy nancebkeun sihungna ngaluarkeun cairan kana awak mangsana pikeun ngancurkeun daging mangsana, di mana daging mangsana anu geus ajurjadi cairan tina ieu awak mangsana kakara disedot ku manéhna. [10]
Ukuran rata-rata: Tina antara dua sukuna aya genep inchi (5-15 cm); beurat rata-rata: Hiji dugi ka tilu ons (28-100 g). Kelirna : remen coklat atanapi hideung, tapi tiasa bénten-bénten gumantung spésiésna ; sababaraha anu warnaana rata-rata; Umur rata-rata: Jalu biasana hirup kirang ti tujuh taun, gumantung kana spésiésna; bikang hirup dugi ka 30 taun, gumantung kana spésiés Mangsa/kahakanan: gegeremet, lancah sanésna, oray alit sareng kadal, beurit leutik, sareng manuk alit. [11]
Tarantulas ngali liang ku sihungna taring sareng parasaan anu kuat. Aranjeunna ngajajar lebet liangna nganggo sutra . Éta malahan tiasa nutupan panto lebetna ku sutra.[11] Sababaraha tarantula leuweung hujan ngajadikeun bumi na di tangkal. Liang dana handapeun taneuh tiasa banjir, janten lancah maung ieu ieun sayang anu kandel tur aya panglumpatan kaluar. Bulu husus dina suku na ngajantenkeun Lancah maung gampil nérékél kaluhur.[11] Sanajan lancah maung katingali buluan, nalika usum salju. Maranéhna cicing dina liang anu tetep haneut, bari nungguan usum salju béak.[11] Lancah maung cicing di unggal buana kajaba Antartika, panglobana hirup sapanjang garis katulistiwa. Daérah ieu kaasup sagala rupa ti daérah tropis dugi ka daérah garing, lancah maung aya dina sababaraha jinis habitat. Lancah maung pirang ti Méksiko hirup di gurun garing di Amérika Serikat sareng Mexico . Spésiés sanésna, sapertos lancah babon Afrika Wétan tanduk, cicing di leuweung hujan Afrika .
Dikukut/diingu
[édit | édit sumber]Umumna spésiés lancah henteu ngabahayakeun ka manusa, malahan sababaraha spésiés janten kasohor kusabab ngahaja didagangkeun pikeun diingu hewan peliharaaan eksotik .[3] Lanca maung sok ngahaja diingu ku anu raresep mah, sanajan kitu tetep kudu waspada lantaran lancah maung téh sato anu hirupna di habitat liar. Bisa ngabalukarkeun cilaka diseureud, lancah ieu bisa luncat jauhna sababaraha kaku panjang awakna. Mun pareng leupas, luncat kana leungeun atawa suku tuluy ngarayap gancang ka jero awak bisa barabé alatan diseureud atawa digégél. [12]
Habitat
[édit | édit sumber]Lancah maung hidup di daérah -daérah haneut di sakuliah dunya, lancah maung nyayang dina sela-sela batu, ngaliang dina taneuh anu nyingkur atawa dina gawir, dina liang anu aya dina tatangkalan. [12] Kapanggih ogé di leuweung hujan, tegalan jeung gurun, sarta habitat séjénna.[2] Sababaraha wewengkon anu jadi habitat lancah maung : Amérika Kidul, Amérika Kalér palebah kidulna, Éropa kidul, Afrika, Asia palebah kal, dan Australia.[2]
Anatomi
[édit | édit sumber]Lancah maung disebut carapace, dalapan panon tarantula aya dina carapace. Sanaos gaduh dalapan panon, lancah maung henteu tiasa ningali. Panenjona langkung parna tibatan kaseueuran lancah, lancah maung teu tiasa ningali wujudna kalawan béngras. Manéhna ngagunakeun panon pikeun ngadetéksi cahaya sareng poék wungkul. Buuk dina awak lancah maung karasa keuna jeung geter. Geter dina taneuh sareng dina hawa gabejaan ieu lancah nalika mahluk sanés nyampurnakeu. Sapertos sadaya lancah dina kulawarga Hairy Mygalomorph, lancah maung ngagaduhan opat bayah/paru-paru . Jinis lancah anu sanés gaduh dua bayah. Hawa asup kana bayah tarantula ngaliwatan lolongkrang leutik dina beuteung na.[11]
Ukuran rata-rata: panjang antara tungtung suku kurang leuwih dua dugi ka genep inci (5-15 cm); Beurat Rata-rata: Hiji dugi ka tilu ons (28-100 g); Kelir: Ilaharna coklat atanapi hideung, tapi tiasa bénten-bénten gumantung spésiésna sababaraha anu warnana sami rata-rata; Umur Rata-rata: Jalu biasana hirup kirang ti tujuh taun, gumantung kana spésiésna; bikang hirup dugi ka 30 taun, gumantung kana spésiés Mangsa/kadaharan: gegeremet , lancah sanésna, oray alit sareng kadal, beurit leutik, sareng manuk. [11]
Ngalawan musuh
[édit | édit sumber]Lancah maung nalika nyingareupan musuh atawa pibahayaeun, sok nyumput asup kana liang pikeun nyingkahan pibahayaeun. Tapi sababaraha lancah maung boga cara sorangan pikeun nyingareupan tur ngusir musuhna, malikan nyerang tur ngégél musuh anu ngaganggu.[11] Aya ogé lancah maung anu ngajurungkunung ngajangkungkeun awakna, jadi katempo ku musuhna leuwih gedé tur pibahayaeun.[11]
Remenna mah lancah maung bakal ngabulen musuh atawa mangsana ku bulu husus, ieu bulu sok disebut buuk urticating. Buukna nyeureud sareng peurih nerap kana kulit atanapi panon musuhna.[9] Dimana buuk ieu napel kana awak musuhna hésé dicabut, buuk urticating mangrupikeun épéksi anu saé. Sababaraha spésiés lancah maung malahan ninun kana sayang endogna sareng tempat sakurilingeunna kanggo panyalindungan tambahan.[9] [7]
Kelir jeung pangawakan
[édit | édit sumber]Lancah maung mibanda kelir anu bénten-bénten kitu deuih sareng ukuranna béda-béda.[7] Seueur lancah maung di Amérika Kalér dua dugi ka opat inci (5 dugi 10 cm) langkung. Lancah maung di Thailand aya anu langkung ti genep inci (15 cm). Goliath ieu lancah maung tiasa langkungti sapuluh inci (25 cm).[7]
Jadi kadaharan
[édit | édit sumber]Di sababaraha nagara lancah maung téh dijadikeun tukangeun, di Kamboja mimiti tuang lancah maung dina jumlah anu seueur dina taun 1970an. Salami waktos éta aya kakurangan pangan anu nyababkeun jalma-jalma moro lancah salaku sumber kadaharan.[9] Lancahmaung ieu digoréng sareng bawang bodas tambih uyah malahan sering dijual di sisi jalan. Di Vénézuéla, lancah maung dibungkus ku daun, disamaraan, sareng dipanggang dina seuneu. Atuh sihung a sok dijantenkeun salaku panyeuhil.[9]
Kudu dijaga habitatna
[édit | édit sumber]Penting urang kedah ngajaga habitat kahirupan lancah maung, éta mangrupikeun prédator anu ngabantosan ngandalikeun populasi gegeremet. Élmuwan ogé mendakan panggunaan ubar tina lancah maung. Salaku conto, bahan kimia dina lancah maung tiasa ngabantosan ngubaran kabotakan. [9]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b Sumarsono, Tatang; - (1995). Mahér basa Sunda: pangdeudeul pangajaran basa Sunda. Bandung: Geger Sunten. p. 667.
- ↑ a b c (en) Enchantedlearning.com: Tarantula diakses 14 April 2013
- ↑ a b c (en) National Geographic: Tarantula diakses 14 April 2013
- ↑ (en) About.com: Tarantula as a pet
- ↑ (en) Texas A&M Agrilife Extension diakses 14 April 2013
- ↑ a b c d (en) BBC.com: Tarantula diakses 14 April 2013
- ↑ a b c d Murray, Julie (2019). Spiders Tarantula Animal Kingdom. California: ABDO. p. 44505. ISBN 9781532158025. Disungsi17 Maret 2021
- ↑ Strother, Ruth (2014). Tarantula Great Predators. California: ABDO. pp. 35–44. ISBN 9781617839528. Disungsi17 Maret 2021
- ↑ a b c d e f Jaclyn, Jaclyn (2020). Tarantulas. Jakarta: Capstone. p. 31. ISBN 9781977121356. Disungsi13 Maret 2021
- ↑ Miller, Heather (2004). The Tarantulas. California: Kidhaven Press. p. 28. ISBN 9780737717754. Disungsi13 Maret 2021
- ↑ a b c d e f g h B. McGinty, Alice (2005). The Tarantula Content-Area Literacy Collections The Tony Stead Nonfiction Independent Reading Collection Series. California: The Rosen Publishing Group, Inc. pp. 35–44. ISBN 9781404255678. Disungsi17 Maret 2021
- ↑ a b Walls, Jerry G. (2002). The guide to owning tarantula. California: TFH Publications, Incorporated. pp. 30–63. ISBN 9780793803835. Disungsi13 Maret 2021
Tutumbu ka luar
[édit | édit sumber]Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan: Theraphosidae |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Theraphosidae . |
- TarantulaForum.com
- Tarantulas di Open Directory Project
- Tarantulas US Forum Archived 2014-02-28 di Wayback Machine
- Word of the Day: Tarantula and Tarantella, etymology and folklore
- Overview of Species Information for All Named Theraphosidae Divided by Subfamily
- Listing of all currently named Theraphosidae
- American Tarantula Society Headquarters
- Amazing Tarantulas
- NMSU Entomology Plant Pathology and Weed Science. "The Spiders of the Arid Southwest". Diakses tanggal 2013-07-15.
- Watch Tarantula (Theraphosidae) video clips from the BBC archive on Wildlife Finder