Lompat ke isi

Park Jin-young

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Park Jin-young
Park taun 2011.
GumelarPark Jin-young
13 Desémber 1971 (1971-12-13) (yuswa 53)
Seoul, Koréa Kidul
AtikanYonsei University
PagawéanPanyanyi-panulis lagi, panari, komposer, produser, aktor, CEO
Taun aktip1994–kiwari
Karir musik
Nami lianJYP
AliranK-pop
Alat musikVokal
Taun aktip1994–kiwari
LébelJYP Entertainment
Maén diJYP Nation
Park Jin-young
Hangul박진영
Hanja朴軫永
Alih Aksara anu DisampurnakeunBak Jin-yeong
McCune-ReischauerPak Chin-yŏng
Situs web
JYP.jype.com

Park Jin-young (gumelar di Seoul, Koréa Kidul, 13 Desember 1971; umur 53 taun) nyaéta saurang Panyanyi-panulis lagi, panari, komposer, produser, aktor, sakaligus CEO anu asalna ti Koréa Kidul.[1] Park dipikawanoh ogé kungaran JYP, anu satuluyna jadi ngaran label milikna nyaéta JYP Entertainment.[1] Park digedékeun di Seoul.[2] Park lulus ti SMA BaeMyung High School, sarta ngaraih gelar S1 di jurusan Geologi ti Universitas Yonsei.[2] Park ngamimitian debut di taun 1994 manéhna milih jalur solo sarta ngarilis album Blue City.[2] Dina album éta aya lagu Don t Leave Me anu nyukséskeun manéhna.[2] Park Jin-young nepi ka kiwari geus ngarilis 7 siki album.[2] Album-albumna téh di antarana; Blue City 1994, Tantara 1995, Summer Jingle Bell 1997, Even After 10 Years 1998, nepi ka album ka-7 Back To Stage 2007.[2]

Suksésna teu ngan saukur minangka panyanyi wungkul, JYP ogé nyitpakeun leuwih ti 31 singel jeung 25 album pikeun béntang-béntang kasohor kayaning Rain nepika Wonder Girls.[2] JYP ogé suksésna lain di Koréa wungkul, tapi ogé pernah meroduseran lagu Will Smith, Mase jeung Cassie.[2] Taun 2008, Park gawé bareng jeung Jackie Chan dina proyék I Love Asia.[2] Proyék éta tujuanna pikeun nulungan korban lini di Tiongkok.[2]

Diskografi

[édit | édit sumber]

Album studio

[édit | édit sumber]
  • 1994: Blue City
  • 1995: Tantara
  • 1997: Summer Jingle Bell
  • 1998: Even After 10 Years
  • 1998: Kiss Me
  • 2001: Game
  • 2007: Back To Stage
  • 2009: Sad Freedom
  • 2012: Spring - 5 Songs for 1 New Love
  • 2013: Halftime
  • 2015: "24/34"

Filmografi

[édit | édit sumber]
TaunJudulPeranCatetan
2012The Wonder Girls MovieDirinaPeran pangrojong
Five Million Dollar ManChoi Young-inPeran pamingpin
2013Queen of the NightLocksmithCaméo

Sérial tipi

[édit | édit sumber]
TaunJudulPeranJaringanCatetan
2011Dream HighYang Jin-manKBS2Peran pangrojong
2011-2012K-pop Star Season 1DirinaSBSJuri JYP Entertainment
2012Dream High 2Yang Jin-manKBS2Peran pangrojong
2012-2013K-pop Star Season 2DirinaSBSJuri JYP Entertainment
2013-2014K-pop Star Season 3
2014-2015K-pop Star Season 4
2015Dream KnightThe MoonNaver TV CastCaméo
2015The ProducersDirinaKBS2Caméo, episode 3-4
2015SixteenDirinaMnetJuri
2015-2016K-pop Star Season 5DirinaSBSJuri JYP Entertainment

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Seon-yeong, Bae. "스타부부의 이혼 충격, 어떤 속사정과 아픔이..." Joins.com. Diaksés tanggal 2016-02-05.
  2. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 Kapanlagi, com. "Profil Park Jin Young". Kapanlagi.com. Diaksés tanggal 2016-02-05.