Lompat ke isi

Walingi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Walingi
Walingi , Actinoscirpus grossus
di rawa pigunungan Tanah Kampung, Sungai Penuh
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. grossus
Ngaran binomial
Actinoscirpus grossus
(L.f.) Goetgh. & D.A.Simpson[1]
Agihan mensiang (warna merah)
Sinonim

Sinonim selengkapnya, lihat The Plant List [3]


Walingi (Actinoscirpus grossus) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Cyperaceae . Tayalian sajinis jukut anggota suku teki-tekian anu tangkalna remen dimangpaatkun pikeun bahan anyam-anyaman. Ieu jukut hirup kalayan subur di rawa-rawa.[4]

Ngaran daérah =[édit | édit sumber]

Ngaran-ngaran daérahna, saperti: mansiang, mĕnsiang, mĕsiang (Sumbar); masiang (Bk.); basiang (Bat.); mansiro daun (Mink.); rĕduk (Plg.); bundung (Kalbar); walingi (Sd.); wlingi, wlingian, wlingén, lingi (Jw.); balingé (Md.); kaingas, kawasar, tinorong (basa-basa daérah di Sulut)[5]. Dina basa Inggris dipikawanoh sebutanna Greater club-rush atawa Giant bulrush.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Malai""";cupat kembang
Dapuran wlingi di rawa basisir kidul Lumajang

Jukut anu ngarungkun kuat, ajeg, loba sirung anakna, kalawan geragih; akar anu panjang numbukeun beuti jeung beuti; tangkalna menyegitiga seukeut kalawan sisi-sisina senu celong ka jero, aya buluan lemes, 80-200 cm × 5-10 mm. Daun-daun ina rosét, saperti gurat, 50-80 cm × 0,5-3 cm, andapna nyiku tiku nepika nikel ka jero, palebah luhur katemponana teu pati jero kalawan tungtungna datar jeung méncos pisan, tungtungna aya buluan seukeut. Kenbangna ngumpul, henteu ngentep, wujud payung majemuk; sumbu kembang kasar, buluan lemes, 4-17 cm panjangna; puhuna mibanda sababaraha daun pelindung anu teu sarua panjangna, sahenteuna 2 di antarana leuwih panjang tina kembangna, 15-70 cm panjangna; spikelet loba, soliter, aya.anu napel kana tangkal aya ogé anu gagangan, buleud endog nepika lonyod, tungtungna méncos, kalwan jembangna loba pajejel-jejel, 4-10 × 3,5-4 mm. Buah bulir uleud endog tibalik, tungtungna méncos, lemes, semu coklat, juru tilu, 1,25-1,75 mm × lk. 1 mm.[6]

Agihan jeung ékologi[édit | édit sumber]

Walingi hirup nyebar ti mimiti India, Asia Tenggara, Cina Selatan, Wewengkon Malesia, nepika Australia tropis. Di Indonesia kapanggih ampir di sakabéh pulo, kajaba Nusa Tenggara jeung Maluku.[6]

Walingi hirup kalawan subur di rawa-rawa atawa tempat-tempat anu remen kakeueum ku cai, sisi balong, susukan, jeung daérah séjén anu naneum caina; utamana di daérah landeuh, nepi ka tonggoh anu perenahna 850 m dpl. Sumawona di sawah-sawah irigasi, sawah landeuh, tur sawah pasang-surut.[6]

Di pasawahan, walingi remen ogé katempo hirup kalawan subur malah ngaganggu kana paré / gulma, sanajan kasebut saeutik/minor[6]. Tapi di Malaysia, gangguana bisa ngabalukarkeun kaayaan anu pikahariwangeun/serius[7].

Manfaat[édit | édit sumber]

Tangkal dipakai pikeun nyieun anyaman anu kuat tur awét, ogé murah hargana; saperti samak kasar jeung karung. Mimiti tangkalna dipiceun salahsahiji sikuna, tuluy diratakeun ku jalan di gepéng keun maké awi sapotong, tuluy waé dipoé dinu kapanasan ku panon poé. Bahan anyaman di mana geus garing tuluy waé dianyam wujudna kumaha pangabutuh waé.[5]

Di Pilipina, akarna dipaké pikeun bahan pengerut (astringensia), nyeri beuteung, sarebel, tonikum ati, jeung pencahar (laksativa).[8]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. P. Goetghebeur & D.A. Simpson. 1991. "Critical notes on Actinoscirpus, Bolboschoenus, Isolepis, Phylloscirpus, and Amphiscirpus (Cyperaceae). Kew Bulletin 46(1): 171. [1 Mar 1991]
  2. Linnaeus filius. 1782. [http:// Drbiodiversitylibrary.org/item/10321#page/119/mode/1up Supplementum Plantarum: Systematis Vegetabilium editionis Decimae Tertiae, Generum Plantarum editionis Sextae, et Specierum Plantarum editionis Secundae :104.] Editum a Carolo a Linné. Brunsvigae [Braunschweig] :Impensis Orphanotrophei, 1781 [publ. Apr 1782]
  3. The Plant List: Actinoscirpus grossus (L.f.) Goetgh. & D.A.Simpson
  4. KBBI Daring: mensiang
  5. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 352-3. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 294)
  6. a b c d Kostermans, A.J.G.H., S. Wirjahardja, and R. J. Dekker. 1987. "The weeds: description, ecology and control": 260-1, in M. Soerjani, A.J.G.H. Kostermans, and G. Tjitrosoepomo, (eds.). Weeds of Rice in Indonesia. Jakarta:Balai Pustaka.
  7. Plantwise: Greater club rush (Scirpus grossus)
  8. Phillippine Medicinal Plants: Tikiu, Scirpus grossus Linn.f.

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan