Jamblang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Jamblang
Jamblang (Syzygium cumini)
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Myrtales
Family: Myrtaceae
Genus: Syzygium
Species: S. cumini
Ngaran binomial
Syzygium cumini
(L.) Skeels.

Jamblang nyaéta sarupaning tatangkalan buah ti suku jambu-jambuan (Myrtaceae). Tutuwuhan nu buahna kesed haseum ieu dipikawanoh ogé kalawan rupa-rupa ngaran kawas jambee kleng (basa Acéh), jambu kling (Gayo), jambu kalang (basa Minangkabau), jambulang, jambulan, jombulan, jumblang (rupa-rupa ngaran lokal di Sulawesi Kalér), jambulan (Florés), jambula (Ternaté), jamblang (dialek Betawi, basa Sunda). Ogé juwet atawa duwet (basa Jawa), juwet, jujutan (basa Bali), dhuwak, dhalas (basa Madura), duwe (basa Bima) sarta nu séjén-séjénna. [1]

Dina rupa-rupa basa kosta, buah ieu dipikawanoh minangka jambulan, jambulana (basa Malayu), duhat (basa Filipino), jambolan (basa Walanda), jambul, jamun, atawa Java plum (basa Inggris), sarta nu séjén-séjénna. Ngaran ilmiahna nyaéta Syzygium cumini.

Gambaran botanis[édit | sunting sumber]

Lukisan nurutkeun Blanco

Tangkal anu kukuh sarta henteu ngagugurkan daun, sakapeung boga tangkal nu béngkok, luhur nepi ka 20 m, ogé boga dahan nu pondok.

Perenah daunna pahareup-hareup, gagangan 1-3,5 cm. Lambaran daun bunder endog tibalik nu bentukna rada jorong nepi ka jorong lonjong, 5-25 x 2-10 cm, puhuna ngawangun paseuk atawa ngabunder, tungtungna mintul atawa rada seukeut, boga sisi nu rata, ngajangat kandel kalawan sisi anu ipis sarta rada parat katempo. Héjo kolot ngagurilap di palebah luhur, daun jamblang rada bau terpentin lamun dirameus. Daun anu ngora boga warna kayas.

Kembang ilaharna mecenghul dina dahan anu teu daunan. Kembang leutik, diuk rarapet, 3-8 siki di unggal tungtung gagang, ambeuna seungit. Makuta daun bangunna jiga loncéng mébér atawa corong, panjangna 4-6 mm, konéng nepi ka semu wungu.

Buah bentukna lonjong nepi ka buleud endog, mindeng rada béngkok, 1-5 cm, kalayan kulit nu ipis leueur ngagurilap, beureum kolot nepi ka wungu semu hideung, sakapeung bodas. Daging buah warnana bodas, konéng ] kulawu nepi ka rada beureum wungu, ampir teu bau, ngandung réa sari buah, kesed haseum nepi ka haseum amis. Sikina lonjong, nepi ka 3,5 cm. [2]

Kaguna[édit | sunting sumber]

Kembang jamblang

Buah jamblang ilahar didahar langsung (tanpa diasakan). Di India sarta Filipina, kawas kabiasaan di sawatara wewengkon di Indonésia, buah jamblang anu asak dicampur jeung saeutik uyah sarta sakapeung ditambahi gula, tuluy dikocok dina jero wadah nu ditutup (biasana dua mangkok ditangkubkeun) sahingga jadi beyé sarta ngurangan kesedna. Buah anu beunghar ku vitamin A sarta C ieu ogé bisa dijadikeun sari buah, ager atawa anggur. Di Filipina, anggur jamblang ditarékahan sacara komérsial. [3]

Kai tangkal jamblang bisa dipaké pikeun bahan wangunan, sanajan henteu istiméwa sarta rada gampang beulah. Kai ieu cukup kuat, tahan ku cai sarta serangan sarangga; sanajan rada hésé dipigawé. Anu leuwih mindeng nyaéta dipaké minangka suluh. Kulit kaina ngahasilkeun zat panyamak (tanin) sarta dimangpaatkeun pikeun warna. Daun jamblang mindeng dipaké minangka kadaharan ingon-ingon.

Sawatara bagian tutuwuhan ieu ogé dipaké minangka bahan ubar, tradisional atawa modéren. Kulit tangkal, daun, buah sarta sikina mindeng dipaké minangka ubar kencing manis, murus (diaré), sarta sawatara panyakit séjén. Malah simplisia tina kulit tangkal (dipikawanoh minangka Syzygii cortex) sarta siki jamblang (disebut Syzygii sanga) baheula dijadikeun sediaan apoték anu henteu wajib. Di sagigireun tanin, bahan aktip anu dikandungnya antara séjén nyaéta glukosida yambolin (jamboline). [4]

Tangkal jamblang ogé mindeng dipelak minangka tangkal pangiuhan di pakarangan sarta kebon (contona pikeun ngiuhan pepelakan kopi), atawa minangka panahan angin (wind break). Kembangna alus pikeun kadaharan nyiruan madu.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Kapaké Indonésia, jil. 3. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 1518.
  2. Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang bisa dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2. Hal. 380-382. Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonésia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 327.
  3. Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang bisa dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2. Hal. 380-382.
  4. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Terpakai Indonesia, jil. 3. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 1518. Sutrisno, R.B. 1974. Ihtisar Farmakognosi, édisi IV. Pharmascience Pacific, Jakarta. Hal. 119 dan 163.

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]