Asiwung raja mantri

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Asiwung raja mantri
Asiwung, Typha angustifolia
tiWotgalih, Yosowilangun, Lumajang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
T. angustifolia
Ngaran binomial
Typha angustifolia
Sinonim[2][3]
  • Massula angustifolia (L.) Dulac
  • Typha angustifolia subsp. javanica (Schnizl. ex Rohrb.) Graebn.
  • Typha domingensis Pers.
  • Typha elatior Boenn.
  • Typha foveolata Pobed.
  • Typha glauca Seg.-Vianna (Nama tidak sah)
  • Typha gracilis Rchb. (Nama tidak sah)
  • Typha media C.C.Gmel.
  • Typha minor Curtis
  • Typha pontica Klok. fil. & A. Krasnova

Asiwung raja mantri (Typha angustifolia L.) atawa wawalinian nyaéta tangkal anu asalna tina kulawarga typhaceae.[4] Hirup dina rawa-rawa, sisi situ atawa balong gedé, daérah anu deukeut ka basisir, nepika daérah pagunungan ogé bisa manggihan ieu tangkal. Asiwung raja mantri tangkal/herba tina genus Typha.[5] Ngaran daérah séjén pikeun ieu tangkal asiwung raja mantri di antarana: ampét (Madura), embét (Jawa), lembang (Betawi), takténas (Timor), bak dah atawa batang obor (Aceh), dina basa Inggris ieu tangkal disebut lesser bulrush[6], narrowleaf cattail, atawa lesser reedmace .[7]

Pedaran[édit | édit sumber]

Tangkal asiwung raja mantri nyebar di daérah tropika, di Asia ieu tangkal loba kapanggih di Burma, Thailand, Kamboja, Malaysia, Brunei, Indonesia, Papua Nugini, di Indonesia sorangan tangkal asiwung raja mantri loba kapanggih di pulo Sumatera, Jawa, Karimunjawa, Bawean, Madura, Kagean jeung Papua. Hirup di cai anta di daérah deukeut basisir, ogé di rawa-rawa biasana tangkalna ngariung mangrupa dapuran anu diwangun ku sababaraha tangkal. Hirupna nahun tangkal jeung daunna ajeg tur leceng ka luhur jangkungna kurangleuwih 1,5 - 3 méter, tangkalna buleud, daunna ipis lébarna kurang leuwih 8 – 16 mm, dina mangsa geus manjing baris kaluar kembang wujudna kawas surutu panjang nepika 12 cm napel kana gagangna, dina kembangna kaluar bulu-bulu paranjang, kembang jaluna sarua panjang jeung kembang bikangna ngan bédana leuwih leutik wungkul[8].

"Daun jeung kembang"
"Daun jeung kembang"

Dina mangsana dewasa ieu kembang bakan ngahasilkeun siki anu mangrupa pibiniheun ieu tangkal, biasana murag sorangan ka handapeun tangkal tuluy kabawa kucai atawa katiup ku angin, anu matak tangkal asiwung raja mantri bisa ngarekahan dina dapuran anu leuwih loba.[9]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Henteu saeutik ieu tangkal dimangpaatkeun pikeun kahirupan sapopoé di antarana: dipelak pikeun papaés di buruan imah atawa kantor, di daérah Acéh dimangpaatkeun pikeun nyieun hihid, di Pekalongan ieu tangkal dipaké bahan nyieun karajinan samak, dudukuy, kantong, jeung sajabana[7]. Baheula kembang na ngahaja di ala jeung gagangna tuluy dikeueuman dina minyak, dimangpaatkeun pikeu obor dinamangsa kaluar peuting, Kiwari di kota-kota gedé daun jeung tangkal Asiwung dipaké papaés panggung dina hajatan atawa acara salametan.[10]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Linné, C. von & L. Salvius. 1753. Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, cum differentiis specificis, nominibus... Tomus II: 971. Holmiae :Impensis Laurentii Salvii.
  2. Tropicos: Typha angustifolia
  3. The Plant List: Typha angustifolia Archived 2020-06-11 di Wayback Machine
  4. K. HEYNE (1913). "DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË". Di Fulconis, R. TEVENS SYNTHETISCHE CATALOGUS DER VERZAMELINGEN VAN HET MUSEUM VOOR TECHNISCHE- EN HANDELSBOTANIE TE BUITENZORG. Newyork: Library new york botanical garden. p. 36. 
  5. "Typha angustifolia - narrow leaf cattail". Global Biodiversity Information Facility. Diakses tanggal 2011-03-16. 
  6. "BSBI List 2007". Botanical Society of Britain and Ireland. Diarsipkan dari versi asli (xls) tanggal 2015-02-25. Diakses tanggal 2014-10-17.  Archived 2016-03-03 di Wayback Machine
  7. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 115. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 58, sebagai Typha domingensis Pers. var. javanica Géze)
  8. Giesen, W., S. Wulffraat, M. Zieren & L. Scholten. 2006. Mangrove Guidebook for Southeast Asia: 324-5. RAP Publication 2006/07. FAO and Wetlands International.
  9. Sastrapradja, Setijati; Bimantoro, Rahadian (1981). Tanaman Air. 23:10 – 11. Jakarta: LBN - LIPI bekerjasama dengan Balai Pustaka.
  10. Febriani, S., Zulfarina, & Suwondo. t.t. Pertumbuhan Typha angustifolia akibat pendedahan limbah cair pabrik kelapa sawit, sebagai sumber belajar pencemaran lingkungan bagi siswa SMA. Makalah tidak diterbitkan.