Buah (manuk)
| Buah (Kekep Babi) | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | A. leucorynchus |
| Ngaran binomial | |
| Artamus leucorynchus Linnaeus, 1771 | |
Buah; Manuk Buah; basa Indonésia Kekep babi (basa Latin : Artamus leucorhynhus) nyaéta spesies manuk nu asalna tina kulawarga Artamidae, genus Artamus.[1][2] Kagolongkeun kana manuk nu sok ngakan gegeremet (serangga) kayaning simeut, kukupu, légé, jeung sajabana.[2] Kabiasan hirupna aya di sabudeureun sawah, kebon, tegal, sisi leuweung jeung huma.[2]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Pangawakan kawilang leutik, panjang tina buntut nepi ka pamatukna kurang leuwih 18 cm, kelir buluna hawuk jeung bodas.[3] Bulu dina hulu, gado, tonggong jeung buntut, kelirna semu hawuk, ari bulu palebah tungir sarta harigu kelirna bodas.[3] Cékérna ogé hawuk, sok katempo eunteup sarta cindeten dina tanggal nu garing, kabel nu ngagateng, tihang lisrik, jeung sajabana.[3]
Pamatukna gedé mibanda kelir semu bulao, tungtung buntutna masagi, mun pareng keur hiber jang-jangna katempo segitilu.[3] Ngendog dina bulan April nepi ka Agustus, Kelir endogna gading (cream), totol-totol ku kelir kopi, sakali ngendog bijil 2-3 endog.[3]
Sayangna diperenahkeun dina cagak tangkal sakapeung ogé kapanggih nyayang dina tihang listrik atawa telepon, nu dijeun tina régang gararing, jukut, akar-akar laleutik, sarta naon baé nu bisa dipaké.[3]
Galeri
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Nirwono, Joga (2019), Trans Jawa: Merajut Keberagaman Lansekap, Gramedia pustaka utama, ISBN 9786020621203
- 1 2 3 Ayat, Asep (2011), Burung-burung Agroforest di Sumatera, World Agroforestry Centre, ISBN 9789793198606
- 1 2 3 4 5 6 Rury, Eprilurahman (2018), KEKAYAAN FAUNA GIANYAR, BALI: Udang, Ikan, Amfibi, Reptil, Burung dan Mamalia, UGM PRESS, ISBN 9786023862726