Lompat ke isi

Calincing

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Calincing
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
O. corniculata
Ngaran binomial
Oxalis corniculata
Sinonim

Sumber:[1]

  • O. acetosella Blanco
  • O. corniculata Miq.
  • O. javanica Bl.
  • O. repens Thunb.

Calincing; babalimbingan; (Oxalis corniculata) nyaéta jukut liar nu asalna tina kulawarga Oxalidaceae .[2] Hirup dilahan anu negrak cukup ku cahaya panonpoé mindeng kapanggih di sisi jalan, kebon, galengan sawah, buruan imah, sela-sela pager témbok jeung réa-réa deui. Calincing buahna laleutik tur mibanda rasa haseum, disebut ogé lela dina basa(Aceh), daun asam kecil, semanggen basa (Jawa), semanggi dina basa (Palembang),[3] cembicenan basa (Madura), jeung mala-mala dina basa (Ternate)

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Gambar calincing

Tangkalna laleutik tur hipu, dahana ngarancabang, ngareuy ngapar jeung mayakpak luhureun taneuh panjangna kurang leuwih 5-35 cm.[4] kagolongkeun tangkal anu nahun tumbuhan tahunan [5]

Daunna loba, dina sagagang daun aya tilu lambar anak daun kawas daun écéng anu pasanghareup-sanghareup aya tilu,[4] gagang daunna panjang tur mibanda kelir héjo.[1] Sagigireun ti éta, aya ogé calincing gunung anu béda ti ilahar, ku lantaran kelir daunna semu ganola.[6]

Kembang bijil tina sagigireun gagang daun jeung tangkal, laleutik, kelirna konéng, mibanda lima palapah kembang dinamangsa geus mangkak ligar, di jero kembang bijil putik kembang aya kana lima siki neupikeun ka genep, di mana ieu engkéna mangrupa pibuaheun. Buahna laleutik masagi tur hipu, rada panjang méncos ka tungtungnakeun kelirna héjo. Dina mangsa geus asak buahna robah kelir semu cokelat rada beureum, ieu buah engkéna bakal meleték beulah kusorangan ngaleupaskeu sakabéh siki anu ngentép aya sajerounna. [1].[5]

Tempat hirup

[édit | édit sumber]

Mindeng kapanggih di sisi jalan, tegalan, pakebonan, galengan sawah, neupikeun ka sakapeung sok katémbong tangkal calincing bisa hirup dina sela-sela témbok anu geus lukutan. [4][6]. Tangkal calincing mikaresep tempat anu jemlék naha di lahan anu kasorot langsung ku panon poé atawa lahan anu rada ka iuhan. Di Jawa, calincing gunung hirup ti mimiti daérah basisir nepikeun ka pagunungan anu mibanda 3000 mdpl.[1] ieu tangkal asal muasalna ti Eropa[7] kiwari geus sumebar méh ka sakabéh nagara, DiHimalaya tangkal ieu bisa hirup dina daérah anu mibanda 8000 mdpl.[8]

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Calincing loba pisan mangpaatna pikeun ubar luar, calincing dimangpaatkeun pikeun meresihan jeung ngusir totombé, karinget buntet ''biang keringat'' [4] éksim, bisul, bareuh alatan tipalitek, diseureud, kutil, jeung réa-réa deui [9] dicoco serangga, ,[1]. [9]

Tangkal calincing bisa dipaké pikeun ubar batuk, jeung ubar galingging ku jalan cai léoban tangkal calincing anu geus tiis di inum atawa dipaké kekemu. Ekstrak tangkal calincing geus dimangpaat keun pikeun ubar hésé kahampangan, galingging.[4].[1][5] .[3]

Dumasar kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun, tangkal calincing bisa nyegah 14 bakteri dina awak jelema pathovar bakteri Xanthomonas, ieu dumasar kana aktivitas antibakteri.[10], malahan calincing gunung bisa digedéngkeun jeung streptomycin jeung baktéri anu nyerang tatangkalan ti batan K-cycline jeung Bact-805.[11] calincing gunung ogé bisa neken kana pijadieun tumor di jero asites [12] Calincing ogé bisa dijieun bahan pikeun antinematoda, ieu dibuktikeun nyaéta bisa ngabalukarkeun Meloidogyne incognita anu mana nematoda henteu bisa usik malik .[13]

Dina cara ngubaran Ayurveda, calincing gunung lamunseug dicampur jeung susu bakal leuwih manjur pikeun ubar nyageurkeun panyakit ati/ (hati) jeung geuring konéng. Di Nepal, tangkal calincing biasa dipaké pikeun ubar nyeuri beuteung, umpamana tangkalna di Jus terus diinum saméméh reup saré, dipercaya bisa ngabantu nyageurkeun insomnia, [9] .

Tangkal calincing mibanda kandungan kimia 2'-O-(beta-D-glucopyranosyl)-isovitexin, asam askorbat, karoten, asam tartrat, asam sitrat, asam malik, isoorietin, isovitexin, jeung swertsin.[5], saponin, flavonoid, polifenol, tanin, jeung asam oksalat.[1] Asam oksalat bisa ngabalukarkeun weureu (karacunan) umpama dimangsa dina jumlah anu loba, tapi bisa ogé dimangpaatkeun pikeun insektisida utamana hileud.[2]


Dicutan tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g Dalimartha 2007, pp. 14-16.
  2. a b Justus Karl Haßkarl, Justus (1845). Aanteekeningen over het nut, door de Bewoners van Java aan eenige planten van dat Eiland toegeschreven, uit berigten der inlanders zamengesteld. Müller: Müller. p. 6. Diakses tanggal 1 Januari 2020. 
  3. a b Priati 2010, p. 18.
  4. a b c d e Dharma 1987, p. 58.
  5. a b c d "Oxalis corniculata". GLOB in MED. Diakses tanggal 5 January 2013. 
  6. a b Burke 2005, p. 428.
  7. "Oxalis corniculata". Lucid central. Diakses tanggal 5 January 2013.  Archived 8 Méi 2012 di Wayback Machine
  8. Badwaik et al. 2011, p. 2.
  9. a b c Badwaik et al. 2011, p. 4.
  10. Raghavendra et al. 2006, p. 72.
  11. Raghavendra et al. 2006, p. 74.
  12. Kathiriya et al. 2010, p. 164.
  13. Badwaik et al. 2011, p. 5.



Bacaan

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]