Lompat ke isi

Candi Bojongménjé

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Patilasan Candi Bojongmenje

Candi Bojongménjé nyaéta hiji candi anu perenahna di Bojongménjé Désa Cangkuang Kacamatan Rancaékék Kabupatén Bandung. [1] Kurang leuwih duapuluh lima kilométer kiduleun puseur dayeuh Bandung[2]. Dumasar kana tulisan dina garabah anu kapanggih di éta tempat, ieu candi dijieun ku karuhun urang Sunda kira-kira dina mimiti abad ka-7[3][4]. Dumasar kana fragmén arca nandi jeung fragmén yoni, Candi Bojongménjé téh mangrupa candi Hindu anu nyanghareup ka beulah wétan, awak candi diwangun ku unsur-unsur antrefiks, kemuncak, jeung balok-balok batu.[5] Ti saprak kapanggih candi Bojongménjé ngan nyésa gundukan batu wungkul henteu ngawujud candi kawas anu séjén ku kituna nepi ka kiwari can kanyahoan kumaha wujud aslina ieu candi jeung dipaké pikeun naon-naonna.[6] [7]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Ieu situs purbakala kapanggihna henteu dihaja harita 18 Agustus 2002.[8] Mimitina mah warga di éta tempat sabilulungan néangan taneuh pikeun ngurug jalan liliwatan anu aya di sabudeureun éta candi.[9] Barang keur jongjon ngagarali maranéhna nempo loba pisan sireum ngantay ka hiji tempat, ku lantaran panasaran tuluy waé éta liang sireum téh dikarali nepi ka jero, saenggéus aya kurang leuwih satengah méter, katempo liang anu leuwih gédé tur ngalombang anu sakurilingna ngéntép batu-batu kalawan rapih.[9] Tuluy waé dikoréhan nepi ka kapanggih hiji formasi batu-batu.[9] Beuki jero ngoréhan batu beuki loba baé, aya kana 80 cm jerona ngali téh tuluy dieureunkeun antukna warga éta tempat bébéja ka pihak anu berwajib ngeunaan éta pamanggihna.[6]

Nepi ka panungtungan taun 2005 masih kénéh tacan réngsé dikali, ku alatan ieu situs kapanggih di sabudeureun imah-imah warga, pikeun ngamankeun éta tempat nya dijieun waé pager sakurilingna ngarah situsna kakuben.[6] Lombang ngali téh katempo kawas kokobakan balong anu dikeueum ku cai.[6] Palebah urut runtuhan candi malahan dipager kawat pikeun nyingkahan jalma anu teu tanggung jawab ngalakukeun karuksakan.[6] Di sisieun éta galian téh dijieun waé imah-imahan pikeun neundeun jeung nyatet batu-batu jeung barang arkéologis séjén anu kapanggih di éta tempat anu satuluyna baris diréka-réka pikeun maluruh naha kumaha ieu wujud candi sabenerna[6].

Ku kapanggihna ieu candi Bojongménjé téh gédé harepan pikeun bisa ngungkab fakta sajarah ngeunaan kamekaran budaya di pulo Jawa téh dimimitian ti wétan nepi ka kulon padahal bisa waé sabalikna.[9] Ku sabab gening candi Bojongménjé mah umurna leuwih kolot ti batan candi-candi anu aya di Jawa tengah jeung Jawa Timur.[9]

Arsitektur

[édit | édit sumber]

Candi Bojongménjé diwangun ku batu-batu andésit, disawang tina wangunan ngawujud masagi opat anu mibanda panjang genep méter ditempo tina sésa-sésa anu aya, diwangunna ieu candi dina mangsa harita mah kawilang basajan pisan henteu kapanggih ayana réliéf komo lamun seug dibandingkeun jeung Candi Prambanan katut Candi Borobudhur mah.[8] Nepi ka kiwari tacan kapanggih hiji sumber ogé anu mertélakeun ayana patula patali candi Bojongménjé jeung salah sahiji karajaan anu pernah aya di Jawa Barat tapi dumasar kana pamanggih arkéologis di situs Bojongménjé ieu candi téh dijieun dina abad ka-7 jeung abad ka-8.[6] Ku kituna ieu candi téh leuwih kolot ti batan candi-candi anu aya di Jawa tengah jeung Jawa wétan atawa meureun saumur jeung candi Diéng anu pernahna di Jawa tengah[6].

Kiwari Pikarunyaeun

[édit | édit sumber]

Nempo kana kaayaan ieu candi mangsa kiwari matak pikarunyaeun, tempat sakurilingna anu rupek dikurilingan ku wangunan pabrik.[8] Padahal nurutkeun kana UU Cagar Budaya mah sakuduna dikurilingan ku daérah kosong dina jarak 50 méter tina candi.[8] Dumasar kana béja ti warga jeung budayawan satempat ieu ku lantaran lahan anu arék dibébaskeun géus dipimilik ku nu boga pabrik anu hargana dironjatkeun kacida luhurna, antukna pamaréntah ngarasa beurat dina palebah waragadna.[8] Béda pisan jeung warga sabudeureun anu némbongkeun bélana pikeun sabilulungan ngabantu ngabébaskeun éta lahan ku lantaran rumasa ti leuleutik nepi ka gedé aya di éta wewengkon,[8] dibarung ku pamaréntah satempat ogé anu kurang méré perhatian ku euweuhna patugas anu husus ngajaga tur ngariksa éta tempat [10].

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. (id)"MENGENAL LEBIH DEKAT: CANDI NUSANTARA". Garsinia Lestari. Diakses tanggal 24 April 2017. 
  2. "The Restoration of Borobudur". unesco. Diakses tanggal 24 April 2017. 
  3. (id)"Sabulangbéntor: Féstival dosol". Taufik Faturohman. Diakses tanggal 24 April 2017. 
  4. (id)"New York Buddhist Temple for World Peace". Kadampanewyork.org. 1997-08-01. Diakses tanggal 24 April 2017. 
  5. "Widyasancaya". Departemen Kebudayaan dan Pariwisata, 2006 - 179 halaman. Diakses tanggal 24 April 2017. 
  6. a b c d e f g h "Candi Bojongmenje". Perpustakaan Nasional Republik Indonésia. Diakses tanggal 24 April 2017.  Archived 8 Méi 2017 di Wayback Machine
  7. A. van Bemmel, Helena; Taylor & Francis (1994). Dvarapalas in Indonesia: Temple Guardians and Acculturation. Trotterdam: CRC Press. p. 62. ISBN 9789054101550. 
  8. a b c d e f "Kondisi Candi Bojongmenje Memprihatinkan". Pikiran Rakyat. Diakses tanggal 24 April 2017.  Archived 31 Oktober 2016 di Wayback Machine
  9. a b c d e "MENGENAL LEBIH DEKAT: CANDI NUSANTARA publisher= Garsinia Lestari". Diakses tanggal 24 April 2017. 
  10. "Perhatian Pemerintah Minim, Candi Bojong ménjé Makin Terbengkalai". cirebontrust.com. Diakses tanggal 24 April 2017. 

Tempo Ogé

[édit | édit sumber]

Tutumbu Kaluar

[édit | édit sumber]