Ental

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ental; siwalan
Borassus flabellifer
Borassus flabellifer.jpg
Siwalan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
P (sin. Palmae)
Génus:
Spésiés:
B. flabellifer
Ngaran binomial
Borassus flabellifer
Sinonim[1]
  • Borassus flabelliformis L.
  • Borassus flabelliformis Roxb.
  • Borassus sundaicus Becc.
  • Borassus tunicatus Lour.
  • Lontarus domestica Gaertn. nom. illeg.
  • Pholidocarpus tunicatus (Lour.) H.Wendl.
  • Thrinax tunicata (Lour.) Rollisson

Ental; lontar; Borassus flabellifer nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga arecaceae. Ental sarupaning kalapa;palma anu hirup di Asia Kidul jeung Asia Tenggara.

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Di séjén daérah, Ental dipiwanoh ogé ku sababaraha ngaran daérah kayaning : lontar (Min.), ental (Sd., Jw., Bal.), ta'al (Md.), dun tal (Sas.), jun tal (Sumbawa), tala (Sulsel), lontara (Toraja), lontoir (Ambon), koli (maluku Tenggara). Juga manggita, manggitu (Sumba) jeung tua (Timor).[2]

Ental B. flabellifer Jadi hiji tutuwuha has ti Provinsi Sulawesi Selatan.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkalna ajeg kaluhur, tambleg tur kuat, tangkalna tunggal/teu mibanda dahan, jangkung 15-30 m kalawan diaméter tangkal kurang leuwih 60 cm.

Daunna rarubak naker, ngumpul di tungtung tangkal ngawangun tajuk semu buleud. Lanbaran daun kawas kipas buleud, diaméter nepika 1,5 m, bercangap; ngaramo; kalawan taju anak daun rubakna 5–7 cm, sisi handapna katempo semu bodas alatan aya lapisan lilin. Gagang daun panjang nepi ka 1 m, kalawan palapah anu rubak jeung hideung di palebah luhurna; sisi gagangna bijil cucuk anu mencos aya dua ngajéjér .

Mayang, 20–30 cm panjang gagang / leungeunna kurang leuwih 50 cm.[3] Buah-buah ngaronyok dina manggarna, kurang leuwih aya 20 siki, buleud diaméter 7–20 cm, hideung semu coklat kulitna sarta konéng daging buahna mun geus kolot. Sikina aya tilu batok na kandel tur teuas.

Kandungan sukrosa dina lahangna mangaruhan kana ngagancang keun ayana ferméntasi. Férmentasi ieu bakal ngabalukarkeun turunna kualitas cai lahanng. Ieu parobahan bisa jadi pituduh ayana aktivitas mikrob, anu dina panalungtikan ieu ngalarapkeun paraméter pH, gula sarta alkohol anu dipibanda. Kukituna dina panaluntikan ieu dilakukeun ku nyampurkeun saripati siki Kelengkeng (Euphoria longan) dalam minuman nira siwalan pikeun maehan mikrob atawa ngajaga lumangsungna fermentasi harepanna lahang tina tangkal ental henteu gancang ruksak. Sagigireun kitu pikeun mikanyaho pangaruh suhu jeung sabaraha lila ditunda mangaruhan kana kualitas lahang ental saengeusna dicampur jeung bahan pengawet alami tina sari pati siki léngkéng.

Ieu panalungtikan mangrupa eksperimen kalayan Rancangan Acak Kelompok (RAK) pola faktorial dina 3 kali nyoba. Faktor I tayalian suhu tempat lahang ditunda (4oC jeung 25oC). Faktor II tayalian lilana ditunda (Sapoé, dua poé, tiou poé, jeung opat poé) tina kadua faktor diluhur di kombinasikeun jeung dicampurkeunna sari pati siki léngkéng. Kontrol dijieun henteu gumantung kana suhu anapon sabaraha lila ditunda kuayana campuran sari pati siki lengkeng.[3]

Hasil panalungtikan ngebrehkeun, aya pangaruh interaksi suhu jeung sabaraha lila inuman lahang ental sabada dicampuran saripati siki léngkéng kana niléy pH, total gula jeung alkohol anu dipibanda. Data anu dipibanda tina hasil pangukuran niléy pH kalawan rata-rata 3.28 – 4.67, total gula kalawan rata-rata hasil pengukuran 27.82% - 6.32% jeung alkohol jeung rata-rata hasil pangukuran 0.16% - 4.75%. Dumasar data anu dipibanda, inuman lahan ental ditunda dina suhu refrigerator (4oC) dina waktu 4 poé ngebréhkeun kualitasna masih kénéh alus.[3]

Kagunaa[édit | édit sumber]

Dauna dimangpaatkeun pikeun bahan karajinan jeung tempat nulis naskah lontar. Barang-barang karajinan anu dijieun tina daun lontar kayaning hihid, samak, topi, rupa-rupa karinjang, tinunan pikeun pakean sasando, alat gamelan tradisional di Timor.

Mangrupa harambay; serat anu alus ogé bisa dijieun kucara diolah tina gagang jeung palapah daunna. Harambay Ieu mangsa baheula loba dimangpaatkeun di pulo Sulawesi kidul pikeun nganyam tali anu engkéna dijieun sarupa kopéah, disebutna songkok.[2]

Kai tina tangkal ental bagéan luarna lumayan teuas, beurat, sarta kelirna semu hideung. Kai ieu remen dimangpaatkeun pikeun bahan bangunan atawa bahan nyieun pakakas jeung rupa-rupa karajinan.

Tina gagang kembangna/mayang (utamana kembang anu bikang) bisa disadap/diarah lahangna. Lahang ieu engkéna baris di olah deui jadi gula atawa diferméntasi jadi legen alias tuak, sarupaning inuman anu ngandung alkohol anu dijieun kucara tradisional.

Buah ental dijual di pasar kota Guntur, India.

Buahna ogé dikonsumsi, utamana anu ngora kénéh. Siki anu masih ngora hipu kénéh, kitu deui batokna, hérang hipu jeung ngucrak (anu sabenerna tayalian endosperma) di tengahna. Rasana kawas cangkaleng. Siki anu hipu ieu remen dijarualan di sisi jalan, sok dibareuli kanu ngadon ngalaliwat. Aya ogé siki ental ieu diteukteukan parasagi leleutik dijieun pikeun bahan campuran inuman és dawet anu bisa kapanggih nungajual ieu di daérah basisir Jawa Wetan, Paciran, Lamongan. Rasa inuman és dawet ental ieu ngeunah tur matak seger lantaran gulana ogé gula beureum tina kawung asli.

Daging buah anu geus kolot, kelirna semu konéng, bisa dikonsumsi kitu waé atawa diolah deui. Caina anu semu konéng tadi bisa waé dimangpaatkeun pikeun bahan campuran nyieun olahan séjén sabangsaning kuéh-kuéh; atawa dijieun pikeun bahan selai.

Ékologi jeung sebaranna[édit | édit sumber]

Ental utamana hirup di daérah-daérah anu kaayaan taneuhna garing. Di Indonésia hususna, siwalan;ental loba kapanggih hirup di sawaréh beulah wétan pulo Pulo Jawa, Pulo Madura, Bali, Nusa Tenggara Barat jeung Nusa Tenggara Timur.

Ental bisa hirup nepi ka umur 100 taun malahan leuwih, mimiti buahan dina umur 20 taun.

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. The Plant List, Borassus flabellifer Mart.
  2. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 1. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 373-376.
  3. a b c Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 135.

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]