Lompat ke isi

Gebang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gebang
Tangkal gebang anu geus kolot
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Corypha

Spésiés:
C. utan
Ngaran binomial
Corypha utan
Sinonim

Corypha elata Roxb. C. gebanga Bl.

Gebang; corypha utan nyaéta ngaran hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Arecaceae.[1] Ieu tangkal sabangsaning palem nu jangkung gedé ti wewengkon padataran handap. Tuwuhan ieu ogé dipikawanoh kalawan ngaran-ngaran séjén kawas gabang (basa Dayak Ngaju), gawang (Timor), pucuk (dialek Betawi), pocok (basa Madura), ibus (basa Batak, basa Sasak), silar (Minahasa) sarta nu séjén-séjénna. Ngaran ilmiahna nyaéta Corypha utan.

Gambaran

[édit | édit sumber]

Tuwuhan palem anu badag ieu, tangkalna tunggal, jangkungna kira-kira 15-20 m. Daun-daun badag ngawangun kipas, buleud ngaramo kalawan diaméter 2-3,5 m, ngumpul dina tungtung tangkal; gagangna panjang nepi ka 7 m, rubak, boga alur sarta cucukan dina sisina. Urut palapah daun dina tangkal ngawangun pola spiral.

Gebang ngan kembangan sarta buahan sakali, nyaéta dina tungtung waktu hirupna. Karangan kembang mecenghul dina tungtung tangkal (terminal), sanggeus kabéh daunna paéh, mangrupa malai nu jangkung gedé 3–5 m, kalawan ratusan rébu pucuk kembang konéng semu héjo anu ambeuna seungit. Buahna boga bentuk buleud nu gagangan pondok, héjo, 2-3 cm diaméterna.

Ékologi sarta sumebarna

[édit | édit sumber]
Lukisan Corypha umbraculifera (1913). Palebah katuhu nyaéta tangkal anu kembangan

Palem ieu tumuwuh sumebar di padataran handap nu luhurna nepi ka kira-kira 300 m luhureun beungeut laut lbl.. Gebang mikaresep lapangan jukut anu lénglang, walungan, sisi ranca, sarta sakapeung tumuwuh ogé di wewengkon pasir. Di sawatara tempat anu cocog, biasana teu laér ti basisir, gebang bisa tumuwuh ngajumpluk nyieun beubeur leuweung anu cukup lega.

Gebang kapanggih sumebar lega mimiti ti India ngaliwatan Asia Tenggara, Filipina sarta Indonésia nepi ka Australia kalér.[2]

Pamangpaatan

[édit | édit sumber]

Daun gebang, utamana anu ngora, dikokolakeun jadi sagala rupa bahan anyaman anu alus; pikeun bahan nyieun samak, topi, kantong, karung, tali, kecrik sarta pakéan tradisional. Heulayan pita tina olahan janur gebang ieu dina mangsa katukang ramé didagangkeun utamana di Sulawesi Kidul; dipikawanoh sawatara macemna kawas agel, papas, sarta baris.

Sarupaning serat tuwuhan anu cukup alus bisa ogé dihasilkeun tina gagang daunna, sanggeus dibeulah-beulah, dikeueum sarta dikokolakeun leuwih tuluy. Serat ieu bisa dipintal jadi tali atawa, di Filipina, dianyam jadi topi.

Sagu tina jero tangkalna bisa didahar; sanajan biasana sagu ieu pikeun kadaharan sato sarta karék didahar jelema dina mangsa paceklik.

Tangkal gebang cukup teuas, utamana bagian luarna anu jiga kai, sarta ilahar dipaké minangka bahan wangunan. Potongan tangkal anu gembleng sarta dipiceun bagian jerona ilahar dipaké pikeun nyieun bedug.

Sawatara bagian tangkal gebang mibanda hasiat pikeun ubar. Akarna dipaké pikeun nyageurkeun diaré nu teu pati beurat tapi mindo. Cai tina palapahna dipaké minangka anti racun. Sarupaning geutah semu beureum dina pucuknya dipaké pikeun ngubaran tatu, batuk sarta diséntri.

Rujukan

[édit | édit sumber]

Tumbu ka luar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan
  1. Supriatna, Jatna (2008). Melestarikan alam Indonesia. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. p. 20. ISBN 9789794616963. Diakses tanggal (disungsi – 7 Peb 2021). 
  2. K. HEYNE (1913). "DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË". Di Fulconis, R. TEVENS SYNTHETISCHE CATALOGUS DER VERZAMELINGEN VAN HET MUSEUM VOOR TECHNISCHE- EN HANDELSBOTANIE TE BUITENZORG. Newyork: Library new york botanical garden. p. 36.