Goréng jagong

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Goréng jagong
Goréjag atawa goréng jagong
Bahan utamaJagong jeung tarigu (bisa ogé ditambahan endog).
Cookbook:Goréng jagong  Goréng jagong

Goréng jagong atawa goréjag téh mangrupa goréngan nu dijieun tina jagong. Ieu mangrupa kahadaran has urang Sunda nu kagolong kana jenis goréngan, mun dina basa Indonésia mah ieu goéngan téh disebutna perkedél jagung atawa bakwan jagung. Ari saenyana ieu goréng jagong téh sarua kawas bala-bala, ngan bédana téh bahanna lain tina sop-sopan, tapi tina siki jagong nu beunang ngurud tina bongolna. Ari di kulinér urang Amérika pribumi aya ogé goréngan nu kawas kieu ngan rasana amis jeung gurih, perenahna mah di Amérika Sarikat Kidul.[1]

Lalakon di Amérika[édit | édit sumber]

Urang Amérika Asli mah geus maké jagong minangka kadaharan téh ti rébuan taun ka larung[2] saméméh rang Éropa daratang ka Dunya Anyar.[3] Produk bahan dasar jagong, kayaning tortila jagong, arépa jeung roti jagong mangrupa kadaharan utama di Amérika Pra-Kolumbus. Urang Amérika Asli teu maké téknik goréng keueum, ngan merlukeun minyak goréng nu saalakadarna jeung ogé parabotan nu bisa manaskeun nepi ka suhu tinggi.

Padumuk Éropa diajar resép jeung prosés pikeun nyieun caneuteun jagong ti Urang Amérika Asli, jeung langsung varéasi tipung roti bahan dasar jagong téh dijarieun tina sisikian nu nyangkaruk di éta buana. Goréng jagong meureun baé geus dipangguhan di Amérika Sarikat Kidul, nu di ieu wewengkon téh kaolahan tradisionalna ngandung loba kadaharan goréngan, ngan teu pati kasarohor tinimbang hayam goréng kidul.

Cék sajarahna, siki jagung téh asalna ti buana Amérika diwanohkeun ka Asia Tenggara mangsa abad ka-16 katompérnakeun, ku para padagang Spanyol jeung Portugis. Ieu pepelakan téh tumuwuh subur di iklom tropis Nusantara, sangkan geuwat jadi kadaharan utama di wewengkon tengah jeung pakidulan nusantara, alatan ngabutuhkeun saeutik cai pikeun melakna tinimbang paré. Minyak kalapa jeung minyak sawit téh geus jadi unsur penting dina kulinér nusantara ti babaheulana. Sangkan dipaké pikeun ngasakan jagong nu dicampur ku bahan lian maké téhnik digoréng.

Bahan[édit | édit sumber]

Amérika Kidul[édit | édit sumber]

Goréng jagong tradisional di Amérika Kidul mah bahan nu dipakéna téh siki jagong, endog, tarigu, susu, jeung mantéga cair.[4] Diasakanna digoréng keueum,[5] goréng déét, atawa digarang, jeung deuih sok disuguhkeun jeung selé, buah, madu, atawa krim. Goréng jagong gé bisa dijieun tina krim jagong, digarang, tuluy disuguhkeun jeung sirop maple. Aya ogé nu nyieun goréng jagong nu wangunna kawas johnnycake, nu mantak saru.

Indonésia[édit | édit sumber]

Goréng jagong has Nusantara

Ari di Indonésia, goréng jagung téh lain amis rasana, tapina gurih. Siki jagongna baradag, lantaran teu ditutuan, tapina guruntulan sikina nu diabrekkeun kana adonan. Dipertahankeun wangun siki jagongna. Bahan-banna mah nyaéta siki jagong beunang ngurudan, tipung tarigu, tipung béas, salédri, bawang daun, bawang beureum, bawang bodas, uyah jeung pedes. Digoréng keueum dina minyak kalapa. Aya ogé nu bahanna ditambahan ku endog, nu jadina sok disebut perkedél jagong. Ieu kadaharan téh minangka caneuteun, atawa jadi deungeun sangu.[6]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Elaine Louie. "Indonesian Corn Fritters". New York Times. 
  2. Teosinte was known in Rio Balsas (Mexico) valley from 9000 BP and was introduced in what is now the United States by the Anasazis circa 1000 AD
  3. "Corn Bread". Indians.org. 
  4. Roupe, Diane (2007). The Blue Ribbon Country Cookbook. Thomas Nelson Inc. p. 390. ISBN 1401603602. [tumbu nonaktif]
  5. Hiller, Elizabeth O. (1918). The Corn Cook Book. P.F. Volland Co. pp. 73–75. 
  6. Anita (12 June 2013). "Bakwan Jagung – Corn Fritter". Daily Coking Quest.  Archived 30 Juli 2016 di Wayback Machine