Lompat ke isi

Ki éncok

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ki éncok
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. zeylanica
Ngaran binomial
Plumbago zeylanica
Sinonim

Daftar sumber:[1][2]

  • Plumbago scandens L.
  • P. auriculata Bl.
  • Tela alba Lour.

Ki éncok (Plumbago zeylanica) nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Plumbaginaceae. Tutuwuhan anu ngarungkun ieu pituin ti Afrika kalawan nyebar nepika Indonésia.[3]


Ngaran séjén

[édit | édit sumber]

Tutuwuhan ieu dipikawanoh ngarana bama di (Bali). [4] godong encok (Jawa), kareka (Madura), jeung oporio (Timor).[5] Tutuwuhan ieu mibanda racun, tutuwuhan ieu asalna tina genus sarua jeung akar binasa (Plumbago indica) anu dipikanyaho racun anu dipibandana leuwih kuat tibatan ki éncok.[5]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Akar binasa.
Kembang akar binasa kelirna beureum, sagigireunna kembang ki éncok kelirna bodas

Ki éncok mangrupa rungkun /herba anu sarimbag jeung akar binasa, jangkung 1-2.5 m.[6] Tangkalna ngawangun kai, buleud, lésang, guguratan.[2] Daunna rubak, panjangna 1 dm jeung rubakna 6 cm.[2] Wujudna buleud endog, nunggal, selang-seling, lonyod, 2,5–13 cm x 1–6 cm, puhu daun membaji, tungtung daun mencos, gundul, katempo titik-titik bodas kawas lilin di palebah handa, panjang gagang 2–12 mm, puhu naplok kana tangkal, sakapeung katempo kawas ceuli. Kembangna ina ranggeuy/tandan, kelirna bodas, ari kembangna akar binasa mah kelirna beureum. [6] Kelopak kembangna kelirna héjo gundul, dibungkus jeroeun gagang kelenjar, panjang tabung mahkota 1,7-2,6 cm, ceulina 0,6–1 cm x 0,3-0,5 cm, bodas kalawan ngaluarkeun bau. Benang sarina wungu, pibuaheun jeung gagang putik gundul.[4] Buahna leutik, buleud manjang, héjo mangsapentil kénéh kalawan baris robah jadi coklat mangsa geus kolot.[5] Sikina leutik, gedéna 6 mm x 2 mm, kelir coklat kolot.[4]

Sebaran jeung habitat

[édit | édit sumber]

Ki éncok kapanggih hirup kalawan lega di Afrika[7] nepika India, Palebah wétanna nepi ka Indochina, ka kidulna nepi ka Asia Tenggara, ogé nepi ka Indonésia. Biasana Tutuwuhan ieu aya di Asia tropis, jeung Pasifik. Tapi, tutuwuhan ieu katempo ogé hirup di wewengkon sub-tropis. Ilaharna, tutuwuhan dipiara/dibudidayakeun pikeun ubar ogé Tutuwuhan hias.[7] Tacan aya kalaporkeun ieu tutuwuhan hirup di pulo Maluku jeung Kalimantan.[4] Tutuwuhan ieu hirup liar di Jawa Tengah jeung Timur, Madura, ogé Bali.[6]

Ki éncok ngan bisa kapanggih di habitat antopogen nu nembrak saperti: Tegalan (padang rumput), sisi leuweung jeung huma anu tacan ipelakan, irup dina taneuh anu tonggoheun 1000 mdpl.[4] Ngarekahkeun tutuwuhan ku jalan dipelak sikina atawa seték.[2] Sagigireun éta , tutuwuhan ieu hirup di tegalan, sisi cai, atawa ngahajadipelak di buruan pikeun pager hirup.[8]

Guna jeung mangpaat

[édit | édit sumber]

Daun ki éncok mibanda plumbagin, 3-3-biplumbagin, 3-kloroplum-bagin, khitranon (3-6-biplumbagin), katut droseron (2-hidroksiplum-bagin). Zat anu mibanda hasiat ngaranna plumbagin racunna kuat kalawan dina pamakéan kana kulit bisa ngabalukarkeun kulit boléksék kawas kabeuleum.[2] Sagigireun kitu, sari pati kasarna tina plumbagin ogé kapanggih tina akar. Naftokuinon plumbagin yang terdiri atas naftokuinon jeung plumbagin ogé kapanggih tina akarna.[7] Selain itu, ditemukan pula 3-biplumbagin, kloroplumbagin, khitranon, elipton, komarin seselin, 5-metoksisilin, suberosin, dan xantiletin.[9] Mangsa dipaké ubar, ki éncok dina mangsa dipaké ngubaran henteu matih kawas akar binasa tapi mibanda kagunaan fitoterapi. Di Indonésia, remen dimangpaatkeunpikeun ubar luar, yakni bar nyeri sirah.[6] ulah lila-lila, alatan ngabalukarkeun kulit tutung.[4]

Sari pati métanol tina pepelakan ieui tiasa salaku antimikrobial sareng antijamur. Zona inhibisi pang luhurna dina meruhkeun Vibrio cholerae. Katempo ogé, yén saripati atahna tina pepelakan ieu tiasa ngalawan baktéri gram positip sareng négatip.[10] Dina dosis leutik, tutuwuhan ieu ngarangsang sistem saraf pusat.[6] Samentawis éta, dosis ageung tiasa nyababkeun maot kusabab gagal pernafasan/gambekan tur ngabalukarkeun kalumpuhan.[7] Tutuwuhan ieu gébréhkeun abortif jeung anti-implantasi kana beurit. Dina dosis saeutik, tutuwuhan ieu ibanda sifat anti-mitokik anu hasiatna sarua jeung kolcikhina. Dosis loba ogé sifatna nukleotoksik jeung sitotoksik.[7]

Dina ngubaran Ayurweda jeung Sidda, Tutuwuhan ieu dianggo pikeun formulasi ubar. Di India, ramuan ieu dipaké kana muriang, diaré, masalah pencernaan, salésma, masalah kulit seperti kusta/lepra, dan malaria.[11] Di Nepal, tumbuhan ini digunakan untuk antivirus, dan di Taiwan, dapat digunakan untuk aktivitas anti-Heliobakteri. Di Madras, tumbuhan ini digunakan untuk antioksidan. Di Ethiopia, Tutuwuhan ieu dianggo pikeun masalah lambung, dan di Nigeria, tumbuhan ini digunakan untuk penyakit parasit, dan scabies.[11]

Temp ogé

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. "Plumbago zeylanica Linnaeus, Sp. Pl. 1: 151. 1753.". Flora of North America. eFloras.org. Diakses tanggal 2011-06-30. 
  2. a b c d e "Daun Encok". IPTEKnet. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2013-03-18. Diakses tanggal 18 March 2013.  Archived 2011-08-23 di Wayback Machine
  3. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  4. a b c d e f "Plumbago zeylanica Linn". Prohati. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2013-03-18. Diakses tanggal 18 January 2013.  Archived 2016-03-04 di Wayback Machine
  5. a b c "Plumbago zeylanica L." (PDF). Departemen Kesehatan. 15 November 2001. Diakses tanggal 18 March 2013.  Archived 7 Désémber 2008 di Wayback Machine
  6. a b c d e Dharma 1987, pp. 60-61.
  7. a b c d e Gurib-Fakim & Schmelzer 2008, pp. 475-477.
  8. Anonim 2012, pp. 10-11.
  9. Anonim 2002, p. 1.
  10. Rahman & Anwar 2007, pp. 72-73.
  11. a b Anonim 2002, p. 2.
Bibliografi

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]