Lompat ke isi

Manjah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Manjah
Jukut manjah, Themeda gigantea
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Themeda gigantea
Ngaran binomial
Themeda gigantea
Sinonim

Sumber: The Plant List[3]

Manjah nyaéta jukut jangkung katempo saliwat mah kawas tangkal kaso[4][5] (Themeda gigantéa) , tina kulawarga padi-padian. Hirupna nyebar loba pisan di wewengkon Indocina, Nusantara, nepikeun ka Pasifik. Manjah ogé mibanda ngaran anu béda umpamana waé: urang minangkabau nyebut majah téh pimpiĕng; di tatar Sunda katelah manjah, manjarakan, aya ogé anu nyebut manyah (basa Sunda); dina basa Jawa disebut glagah arjuna, sisrén; urang madura nyebutna cĕcĕrĕn; antalasa, beurong-beurong (Mak.); wéli hisa, wéri hisa (Amb.).[6] Dina basa Inggris ieu jukut disebut ulla aya ogé anu nyebut kangaroo grass.[7]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Jukut manjah sisi jalan
Mimiti kembangan

Tangkal manjah hirupna nahun. Ngumpul mangrupa dapuran atawa ngarungkun, tangkalna kuat tur jocong ka luhur, jangkungna 1,50–4 Méter;[8] Tangkalna déwasa ukurana sagedé jempol suku wanguna bubukuan kawas tangkal awi.[9] tangkal manjah anu masih kénéh ngora unggal buku mibanda bulu-bulu anu lemes tapi di mana geus kolot mah sakapeung bulistir leungit buluna, daunna heuras kawas tiwu tur baruluan; tungtungna mencos tur seukeut; l.[8] Daun ngaronyok di handap kawas kipas [9] Unggal lambar daun mibanda, panjang 0.30–1 Méter; beulah sisi daunna sareukeut.[8]

Kembang ngumpul ngaranggeuy dina gagang anu bijil dina tungtung tangkal anu geus manjing déwasa .[8] cupat kembang Spikelet (kembang jukut), ngumpul dina sagagang aya kana tilu [8][9]

Tempat Hirup

[édit | édit sumber]

Manjah loba pisan kapanggih di Asia tropis nepikeun ka Pasifik[8]: Burma, Indocina, wewengkon Malesia, Filipina, Nugini, Solomon, Bismarck, Vanuatu, Kaledonia Baru, jeung pulo-pulo di Pasifik kulon.[10]

Di Indonesia, ieu jukut nyebar anu kacida loba pohara lobana ti mimiti Sumatra, Kalimantan, Jawa, Ambon, Seram, nepika Timor. ti mimiti lengkob nepi ka pasir anu luhur 1.450 m dpl; sisi susukan,lamping jeung jungkrang, sisi jalan, tegalan jeung tempat negrak séjéna malah dapuran tangkalna nepikeun ka ngababadeg.[6]

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Heyne Sanajan ieu jukut kurang dipikaresep ku ingon-ingon; Tangkal manjah bisa ogé dipaké ubar panas tiris, nyieun kandang manuk, bahan pikeun karajinan jeung sajabana.[6] Lamun seug diolah leuwih jauh jeung ukuran gedé bisa waé ieu jukut jadi bahan pikeun nyieun kertas.[11]

Tempo Ogé

[édit | édit sumber]
  1. Kakasangan
  2. Bayongbong
  3. Jagong
  4. kaso

Variétas

[édit | édit sumber]
  • Themeda gigantea var. vulpina
  • Themeda gigantea var. amboinensis

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Duthie, JF. 1888. The fodder grasses of Northern India. p.89. Roorkee, India :Thomason Civil Engineering College Press, 1888.
  2. Cavanilles, AJ. 1799. Icones et descriptiones plantarum. vol. V: 36, tab. 458. Matriti : Ex Regia Typographia (Eius operas dirigente Petro Iuliano Pereyra) 1799
  3. The Plant List: Themeda gigantea (Cav.) Hack. ex Duthie
  4. KBBI: pimping
  5. Stevens, AM. & AE. Schmidgall-Tellings. 2004. A comprehensive Indonesian-English dictionary. p.830. Athens :Ohio Univ. Press
  6. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 201-2. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 146-7)
  7. Rumpf, G.E. 1750. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars VI: 16, Tab. 6, fig. 2. Amstelaedami :apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCL.
  8. a b c d e f RBG Kew - GrassBase: Themeda gigantea
  9. a b c Sudarnadi, H. 1996. Tumbuhan monokotil: 58. Jakarta: Penebar Swadaya.
  10. e-Monocot: Themeda gigantea Hack.
  11. Plants for Use: Themeda gigantea Hack.

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan