Kaso

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kaso
Kaso, Saccharum spontaneum
di Cihideung Ilir, Ciampea, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
S. spontaneum
Ngaran binomial
Saccharum spontaneum
Sinonim

Leuwing lengkepna tempo The Plant List[2]

Kaso (Saccharum spontaneum)[3] nyaéta jukut jangkung tina kulawarga Poaceae.[4] Jukut ieu loba pisan kapanggih di wewengkon tropis, dina basa Batak tangkal kaso disebut galoga; dina basa malayu disebut gĕlagah, tĕbu salah; basa minangkabau kaso disebut galagah, kalagah; basa jawa disebut glagah; ghalaghas, tĕbhu sala katelah di Madura; di Bali disebut glagah; tlĕngat dina basa Sasak; kĕnu ceuk urang Bima ; urang Timor nyebutna tatebu; urang Sulawesi nyebutna saraw, hépu ; di Maluku disebut dalina, kakano dasosoöra, bongo-bongo, jojo, siuhu [5]. Dina basa Inggris ieu tangkal disebut Wild cane atawa Kans grass.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Kembang kaso

Kaso hirupna nahun, tangkalna keker jeung pejel henteu kosong jiga tangkal awi, panjang ajeg ka luhur (rizoma) panjangna kurang leuwih 2–4 méter[6]. Tangkalna kawas tiwu mibanda buku; sahandapeun buku-bukuna kalimpudan ku lilin[7]. Daun panjang mibanda ukuran kurang leuwih 20 cm tungtungna méncos kalawan dipinuhan ku bulu bulu anu lemes [7]. Lambaran daun saperti pita panjangna 50 cm lebar kurang leuwih 3–30 mm[6].

Kembang ngumpul dina gagang kembang, anu mibanda deui gagang laleutik minangka cupatna, panjang 20–50 cm. Sagagang kembang mibanda kantétan kembang panjangna 3–15 cm.[6] Unggal kantétan mibanda kembang anu papasangan/spikelet (kembang jukut), Tina puhu kembang atawa spikelet bijil bulu-bulu bodas tur paranjang.[7]

Tempat hirup[édit | édit sumber]

Palapah daun kaso

Kaso nyebar méh di sakabéh benua kajaba di Antartika, diwewengkon tropika jeung ugahari. Tangkal kaso ogé kapanggih di Eropa kulon; sabudeureun benua Asia (Asia Tengah, Asia kulon, Arabia, Cina, jeung Asia Wétan); Asia tropis (India, Indocina, wewengkon Malesia, jeung Papuasia); Australia; pulo pulo Pasifik; sarta Amerika Tengah.[6]

Di Indonesia, tangkal kaso nyebar disabudeureun Sumatera, Krakatau, Jawa, Madura, Sulawesi, Timor, Ternaté, jeung Halmahéra[5].

Tangkal kaso ngababadeg nutupan susukan gangga

Kaso atawa Saccharum spontaneum mimiti hirup di daérah anu mibanda 1.700 m dpl. Jukut kaso mikaresep taneuh anu mindeng kahujanan atawa leuwih ti 1.500 mm dina sataun. bisa hirup subur dina rupa rupa taneuh, mimiti taneuh aluvial sisi susukan nepikeun ka taneuh dina lahan keusik di daérah urut usaha tambang atawa ''pertambangan''.[8] Kaso teu padi kaganggu sanajan kabanjiran atawa kahalodoan [9] Kaso bisa waé jadi ngaganggu pikeun lahan tatanén ku lantaran gancang pisan ngarekahan .[9]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Dapuran tangkal Kaso

Di Ternate tangkal kaso remen dipaké pikeun nyieun pager, di Tidore kulit tangkal kaso dijieun widé atawa kerai pikeun pipinding, di tatar Sunda teu kurang tangkal kaso dimangpaatkeu pikeun nyieun kandang manuk, turus pepelakan sakapeun dimangpaatkeun pikeun papageran dikebon, huma ogé disawah. Sanajan teupati dipikaresep jeung gizina kurang tangkal kaso ngora bisa dimangpaatkeun pikeun maraban ingon ingon utamana munding jeung sapi. Malahan pucuk anu ngora kénéh bisa dijieun ubar nyeri panon ku jalan dirieus atawa diparud tuluw waé caina diteteskeun.[5] Kembangna anu kuncup kénéh atawa can ligar bisa waé di pasak jeung campuran bahan anu séjén [7][10]) empulur atawa hate nyaéta daging tangkal kaso anu aya dina tengah tengah tangkalna leuleus jeung hipu malahan henteu pisan bisa dipaké; urang Makassar jeung Bugis dijieun gagang anak panah, atawa sumpit.

Mangpaat séjén tangkal kaso Saccharum spontaneum bisa dipaké pikeun pepelakan penghijauan, utamana dina taneuh atawa lahan anu mindeng rempag atawa urug ''erosi'' bisa ogé pikeun ngurug atawa nga''reklamasi'' lahan-lahan urut usaha tambang. Daun anu digaringkeun tur dientep rapih bisa waé dijieun hateup saung. Jeung réa-réa deui [8]

Tempo Ogé[édit | édit sumber]

  1. Manjah
  2. Kakasangan
  3. Bayongbong
  4. Jagong

Referensi[édit | édit sumber]

  1. Linne, C. von. 1771. Mantissa plantarum altera. Generum editionis VI. & specierum editionis II. 2: 183. Archived 2016-03-04 di Wayback Machine Holmiae :Impensis Direct. Laurentii Salvii.
  2. The Plant List: Saccharum spontaneum L. Archived 2019-11-04 di Wayback Machine
  3. KBBI: gelagah
  4. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  5. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 161-2. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 108-9)
  6. a b c d RBG Kew - GrassBase: Saccharum spontaneum
  7. a b c d Sudarnadi, H. 1996. Tumbuhan monokotil: 58. Jakarta: Penebar Swadaya.
  8. a b Manidool, C. 1992. Saccharum spontaneum L. In: Mannetje, L.'t and R.M. Jones (Eds). Plant Resources of South-East Asia (PROSEA) 4 (Forages): 195-6. Archived 2014-05-31 di Wayback Machine Pudoc, Wageningen, The Netherlands.
  9. a b FAO: Saccharum spontaneum L. Archived 2015-08-04 di Wayback Machine
  10. Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars IV: 21, Tab. 6. Amstelaedami :apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan