Lompat ke isi

Bima (wayang)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Bima)
Bima
Bimaséna
Bimaséna
Déwanagari:भीम; भीमसेन
Éjahan Sansakerta:Bhīma; Bhīmaséna
Ngaran séjén:Werkudara; Bimaséna;
Brataséna
Asal:Astinapura, Karajaan Kuru
Pakarang:Gada
Papasangan:Drupadi, Hidimbi, Walandara

Bima (Sansakerta: भीम, bhīma) atawa Bimaséna (Sansakerta: भीमसेन, bhīmaséna) nyaéta salah saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata.[1] Manéhna mangrupa anakna Déwi Kunti sarta dipikawanoh minangka inohong Pandawa anu kuat, boga sipat sok dugal sarta dipikasieun ku musuh, sanajan sabenerna haténa mah lemah lembut. Manéhna mangrupa kulawarga Pandawa nu kadua ti lima sadulur. Bima satia kana hiji sikep, nyaéta henteu resep basa-basi sarta teu kungsi laku ngadua haté sarta henteu kungsi ngalétak ciduhna sorangan.[2]

Harti ngaran

[édit | édit sumber]

Kecap bhīma dina basa Sansekerta hartina kurang leuwih nyaéta "pikasieuneun". Sedengkeun ngaran séjén Bima nyaéta Werkudara nu dina basa Sansakerta vṛkodara sarta boga harti "beuteung serigala" nujul kana sipatna nu rampus dahar.[3]

Kalahiran

[édit | édit sumber]

Dina wiracarita Mahabarata dicaritakeun yén alatan Pandu henteu bisa boga turunan (alatan supata ti saurang resi), mangka Kunti (pamajikan Pandu) ménta dibéré anak ku Bayu, déwa angin. Tina hubungan Kunti jeung Bayu, lahir Bima. Ku kasinugrahan ti Bayu, Bima jadi jelema anu pangkuatna sarta pinuh kaasih jeung kadeudeuh.[1]

Mangsa ngora

[édit | édit sumber]

Dina mangsa keur budak, kakuatan Bima euweuh nu bisa nandingan. Kakuatan kasebut mindeng dipaké pikeun ngajailan dulur-dulurna, nyaéta Kurawa. Salah sahiji anggota Kurawa nyaéta Duryodana, pohara ceuceub kana peta Bima anu sok jail. Kaceuceub kasebut tumuwuh subur antukna Duryodana boga niat pikeun maéhan Bima.[4]

Bima Diracun

[édit | édit sumber]

Duryodana saterusna ngatur rencana pikeun maéhan Bima ku cara méré racun kana katuanganana.[1] Sanggeus Bima kapiuhan alatan éta racun, Duryodana sarta balad Kurawa miceun Bima ka Walungan Gangga dina kaayaan awakna ditalian.[5]

Nalika di jero cai, awak Bima dipacok ku oray-oray peurah, nanging peurah oray éta kalahka janten ubar anu néléngténgkeun racun dina awakna.[1] Salajengna, Bima dibawa ka karajaan naga ku Naga Basuki sarta di dinya manéhna dibéré inuman Rasakunda anu ngalantarankeun kakuatanana nikel sapuluh tikel.[4] Bima saterusna mulang deui ka Astina dina kaayaan salamet sarta mibanda kakuatan anu leuwih hébat ti saacanna.[2]

Dina mangsa rumaja, Bima sadulur dididik sarta dilatih dina widang militer ku Dorna.[1] Dina neuleuman élmu ngagunakeun pakarang, Bima leuwih museurkeun perhatianana kana élmu ngagunakeun gada, kawas Duryodana.[5] Duanana jadi murid Baladéwa, nyaéta baraya Kresna anu pohara mahér dina ngagunakeun pakarang gada. Baladéwa leuwih mikanyaah Duryodana manan Bima, sarta Duryodana ogé satuhu ka Baladéwa.[4]

Kajadian di Waranawata

[édit | édit sumber]

Sabot Bima jeung indung sarta dulur-dulurna ulin di Waranawata, manéhna jeung Yudistira sadar yén imah pamondokan anu disadiakeun pikeun maranéhanana, geus dirarancang pikeun maéhan maranéhanana. Badéga Duryodana, nyaéta Purocana, geus ngawangun imah kasebut sakitu rupa maké bahan nu kawas lilin antukna gancang kabeuleum. Bima rék geura-giru indit, tapi ku bongbolongan Yudistira maranéhanana tumetep di dinya salila sawatara bulan.

Dina hiji peuting, Kunti ngayakeun pésta sarta saurang wanoja anu deukeut jeung Purocana milu hadir dina éta pésta babarengan jeung Pandawa. Sabot Purocana jeung wanoja kasebut sarta Pandawa saré tibra alatan kadaharan anu disuguhkeun ku Kunti, Bima geura-giru ngajurung sangkan indung sarta dulur-dulurna lumpat nyalametkeun diri kalawan ngaliwatan torowongan anu geus dijieun saméméhna. Satuluyna, Bima mimiti ngaduruk imah lilin anu ditinggalkeun ku maranéhanana. Ku alatan indung sarta dulur-dulurna ngarasa tunduh sarta capé, Bima manggul maranéhanana sakaligus kalawan kakuatanana anu rongkah. Kunti digéndong dina tonggongna, Nakula sarta Sadewa aya dina pingpingna, sedengkeun Yudistira sarta Arjuna aya dina leungeunna.

Mangsa geus kaluar ti tungtung torowongan, Bima sarta barayana anjog di walungan Gangga. Di dinya maranéhanana dianteur meuntas walungan ku badégana Widura, nyaéta patih Astinapura anu hariwang kana kaayaan maranéhanana. Sanggeus meuntasan walungan Gangga, maranéhanana ngaliwatan Sidawata nepi ka Hidimbawana. Dina lalampahan kasebut, Bima manggul kabéh barayana sarta indungna ngaliwatan jarak nu jauhna kurang leuwih tujuh puluh dua mil.

Kajadian di Hidimbawana

[édit | édit sumber]

Di Hidimbawana, Bima papanggih jeung Hidimbi anu kapentang asmara ku manéhna. Lanceuk Hidimbi anu ngaranna Hidimba, jadi ambek alatan Hidimbi geus ragrag asih ka hiji jalma anu sakuduna jadi hakaneun maranéhanana. Satuluyna Bima jeung Hidimba tarung. Dina tarung kasebut, Bima unggul sarta hasil maéhan Hidimba ku leungeunnya sorangan. Tuluy, Bima ngadahup ka Hidimbi. Tina lakirabi kasebut, lahir budak anu dibéré ngaran Gatotkaca. Bima sarta kulawargana tumetep di dinya salila sawatara bulan babarengan jeung Hidimbi sarta Gatotkaca, sanggeus éta maranéhanana neruskeun lalampahan.

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 Rajagopalachari, C. (2008). Mahabharata. Jakarta: Pustaka Jaya.
  2. 1 2 Rigg, Jonathan. (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. Kaca 52.
  3. Monier-Williams, M. (1899). A Sanskrit-English Dictionary. Oxford: Clarendon Press. Kaca 758.
  4. 1 2 3 Zoetmulder, P.J. (1983). Kalangwan: Sastra Jawa Kuno Selayang Pandang. Jakarta: Djambatan.
  5. 1 2 Dowson, J. (1879). A Classical Dictionary of Hindu Mythology and Religion, Geography, History, and Literature. London: Trübner & Co. Kaca 51.
Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti KuruPalaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | CitrānggadāAmba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa