Sangkuni

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Sangkuni
Sangkuni
Sangkuni
Déwanagari: शकुनि
Éjahan Sansakerta: Ś(sh)akuni
Ngaran séjén: Sakuni
Asal: Karajaan Gandara
Pakarang: Tumbak

Sangkuni (basa Sansakerta: शकुनि ; śakuni) atawa Sakuni nyaéta salah saurang inohong antagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupa pamanna para Kurawa, sabab manéhna téh adi lalaki ti Déwi Gandari, indungna para Kurawa. Sabot para Pandawa maén dadu ngalawan para Kurawa, nya Sangkuni anu ngawakilan pihak Kurawa.

Di India, Sangkuni disebut Syakuni, sedengkeun di tanah Sunda, manéhna kadang disebut Patih Sangkuning.

Maén dadu[édit | édit sumber]

Pikeun mantuan alona ngarebut kakayaan Yudistira di Indraprahasta, Sangkuni boga rancana sangkan Duryodana ngondang Yudistira maén dadu kalawan tarohan harta jeung karajaan. Dina kaulinan kasebut, Sangkuni jangji baris ngawakilan Duryodana sangkan manéhna bisa meunang kalawan ngagunakeun kalicikna. Niat kasebut disatujuan ku Duryodana. Dréstaratra nimbang-nimbang niat kasebut asak-asak babarengan jeung para pinisepuh kulawarga anu séjén, tapi alatan hasutan Sangkuni, manéhna ngarélakeun rancana kasebut. Ondangan ogé dikirim ka Indraprahasta sarta dina poé anu geus ditangtukeun Yudistira babarengan jeung kaopat adina sarta pamajikan datang ka Astinapura.

Mimitina mah Sangkuni ngéléhan sarta ngantep Yudistira ngarasakeun kameunang. Teu sabaraha lila, Sangkuni meunang terus. Angka dadu anu dipénta Sangkuni pasti mecenghul luyu jeung harepanana sarta teu kungsi luput alatan manéhna ngagunakeun kalicikna. Harta sarta karajaan milik Yudistira ogé ragrag ka leungeun Duryodana, kaasup dulur-dulur sarta pamajikanana, nyaéta Drupadi. Tapi berkah pitulung Dréstarata, Yudistira meunangkeun deui kabébasanana. Hartana ogé dipulangkeun deui.

Alatan kuciwa, Duryodana ngayakeun deui maén dadu pikeun anu kadua kalina. Ayeuna tarohanana téh nyaéta saha anu éléh kudu ninggalkeun karajaan sarta dibuang ka jero leuweung salila 12 taun sarta sanggeus éta hirup nyamur di karajaan séjén salila sataun, sarta sanggeusna kakara kaci balik ka karajaanana. Sanggeus nampa sarat kasebut, Yudistira maén dadu pikeun anu kadua kalian jeung Duryodana anu diwakilan ku Sangkuni. Tapi ayeuna ogé manéhna éléh sarta kapaksa ngasingkeun diri ka jero leuweung salila 12 taun sarta hirup dina kaayaan nyamur salila sataun babarengan jeung adi-adina sarta pamajikanana.

Pati[édit | édit sumber]

Dina perang rongkah di Kurusétra, Sangkuni ngabiluk Duryodana. Manéhna gugur ku leungeun Sadéwa.

Sangkuni dina pewayangan Sunda jeung Jawa[édit | édit sumber]

Nurutkeun pawayangan Sunda jeung Jawa, Sangkuni dicaritakeun salaku anak kadua Prabu Gandara, raja nagara Gandaradésa jeung permaisuri Déwi Gandini. Manéhna boga tilu dulur nyaéta Gandari, Surabasata jeung Gajaksa.

Sangkuni ngadahup jeung Déwi Sukésti, anakna Prabu Késwara, raja nagara Plasajenar. Sangkuni boga tilu urang anak nyaéta Antisura (nu boga landihan Surakesti), Surabasa, sarta Déwi Antiwati anu saterusna dikawin ku Udawa, patih nagara Dwarawati (Dwaraka).

Sangkuni miboga sipat atawa watek anu parigel, pinter ngomong, goréng haté, dengki sarta licik. Manéhna lain waé ahli dina siasat sarta tata pamaréntahan jeung katatanagaraan, tapi ogé mahér dina olah jurit. Sangkuni miboga pusaka nu wujudna Cis (tumbak pondok pikeun maréntah gajah) anu miboga hasiat bisa ngahasilkeun cai lamun ditancebkeun kana taneuh.

Dina perang Baratayuda, Sangkuni diangkat jadi "Senapati Agung Kurawa" sanggeus gugurna Prabu Salya, raja nagara Mandaraka. Manéhna perlaya ku leungeun Bima dina kaayaan nu pohara matak pikasediheun; kulitna dibesét sarta dibikeun ka Déwi Kunti pikeun nyumponan sumpahna Bima. Layon Sangkuni saterusna diremukkeun ku Gada Rujakpala boga Bima.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa