Pandu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Pandu
Pandu jeung Kunti, dina hiji lukisan India.
Pandu jeung Kunti, dina hiji lukisan India.
Déwanagari: पाण्‍डु
Éjahan Sansakerta: Pāṇḍu
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru
Papasangan: Kunti sarta Madri

Pandu (basa Sansakerta: पाण्‍डु; diéjah Pāṇḍu) nyaéta ngaran salah sahiji palaku dina wiracarita Mahabarata, bapana para Pandawa. Pandu mangrupa anak kadua ti tilu sadulur, nyaéta Dréstarata anu sabenerna mah mangrupa pawaris ti Karajaan Kuru kalawan puseur pamaréntahan di Astinapura, tapi alatan lolong mangka tahtana dibikeun ka Pandu jeung Widura, anu henteu mibanda élmu kasaktian naon-naon tapi mibanda élmu kewijaksanaan anu hadé utamana dina widang katatanagaraan.

Pandu mibanda dua urang pamajikan, nyaéta Kunti jeung Madrim. Sabenerna Pandu Déwanata henteu bisa miboga anak alatan disupata ku hiji resi, alatan dina waktu resi kasebut nyamur jadi kidang pikeun sapatemon jeung bojona, Pandu manah manéhna nepi ka tiwas. Dua pamajikan Pandu Déwanata ngandung ku cara ménta budak ka Déwa. Pandu Déwanata tungtungna tiwas alatan supata anu ditimpahkeun ka manéhna, sarta Madrim nyusul salakina ku cara ngaduruk manéh.

Harti ngaran[édit | édit sumber]

Ngaran Pandu atawa pāṇḍu dina basa Sansakerta hartina sepa, sarta kulit manéhna memang sepa, alatan sabot indungna (Ambalika) ngalaksanakeun upacara putrotpadana pikeun meunangkeun anak, beungeut manéhna sepa alatan rasa kasieun.

Dina basa Jawi (jawa Kuna/Sunda), kecap "Pandu" asalna tina kecap "Wandu" anu hartina lain laki lain awéwé, tapi lain banci. Tegesna, sajeroning lanang ana wadon, sajeroning wadon ana lanang, nyaéta manusa anu geus manggihan jodona tina dirina sorangan.

Kalahiran[édit | édit sumber]

Bapana Pandu nyaéta Wicitrawirya sarta indungna nyaéta Ambalika. Waktu Wicitrawirya mangkat, manéhna tacan mibanda turunan. Mangka éta Ambalika dibikeun ka Bagawan Abiyasa sangkan diupacaraan antukna bisa meunangkeun anak. Ambalika dititah ku Satyawati pikeun ngadatangan Abiyasa ka kamarna, sarta di dinya manéhna baris dibéré kasinugrahan. Manéhna ogé dititah supaya terus ngabeuntakeun panonna améh henteu ngalahirkeun anak nu lolong. Mangka ti éta, Ambalika terus ngabeuntakeun panonna tapi manéhna jadi sepa sieuneun sanggeus nempo rupa Sang Bagawan (Abiyasa) anu pikasieunaeun. Mangka ti éta, Pandu (anakna), bapana para Pandawa, lahir kalayan beungeut nu sepa.

Kahirupan[édit | édit sumber]

Pandu mangrupa pamanah anu mahér. Manéhna mingpin soldadu Dréstarata sarta ogé maréntah karajaan pikeun ngawakilan lanceukna. Pandu nalukkeun wewengkon Dasarna, Kasi, Anga, Wanga, Kalinga, Magada, jeung nu séjén-séjénna.

Pandu kawin jeung Kunti, puteri Raja Kuntiboja ti Wangsa Wresni, sarta Madrim, puteri Raja Madra. Waktu moro di leuweung, tanpa ngahaja Pandu manah hiji resi anu keur sapatemon jeung bojona. Ku gawéna kasebut, Sang Resi nyupata Pandu sangkan jaga manéhna tiwas waktu sapatemon jeung pamajikanana. Mangka ti éta, Pandu henteu bisa mibanda anak ku cara sapatemon jeung pamajikanana. Kalawan rasa kuciwa, Pandu ninggalkeun leuweung babarengan jeung pamajikanana sarta hirup kawas patapa. Dina jero leuweung, Kunti ngaluarkeun mantra rusiahna sarta nyalukan tilu Déwa, Nyaéta Yama, Bayu, sarta Indra. Ti tilu Déwa kasebut, manéhna ménta masing-masing hiji budak. Tilu budak kasebut nyaéta Yudistira, Bima (Mahabarata), sarta Arjuna. Kunti ogé méré kasempetan ka Madrim pikeun ménta hiji budak ti Déwa anu dicalukanana, sarta Madri nyalukan Déwa Aswin. Ti Déwa kasebut, Madrim nampa budak kembar, nu dibéré ngaran Nakula jeung Sadéwa.

Lima anak Pandu kasebut dipikawanoh minangka Pandawa.

Pati[édit | édit sumber]

Lima belas taun sanggeus manéhna hirup ngabujang, sabot Kunti jeung anak-anakna pajauh, Pandu mecakan pikeun sapatemon jeung Madrim. Alatan tindakan kasebut, Pandu tiwas luyu jeung supata anu diucapkan ku resi anu kungsi dipaéhanana. Saterusna Madrim nitipkeun anak kembarna, Nakula jeung Sadéwa, sangkan dirawat ku Kunti samentara manéhna ngaduruk manéh pikeun nyusul salakina ka ahérat.

Vérsi pawayangan Sunda jeung Jawa[édit | édit sumber]

Dina pawayangan Sunda jeung Jawa, Pandu mangrupa anak kandung Byasa anu kawin jeung Ambalika, randa Wicitrawirya. Dicaritakeun yén Abiyasa miwaris tahta Astinapura minangka raja samentara nepi ka Pandu sawawa.

Mangsa keur ngora[édit | édit sumber]

Pandu digambarkan boga beungeut kasép tapi mibanda cacad dina bagian beuheung, alatan indungna ngabalieurkeun beungeut waktu sapatemon jeung Abiyasa. Para dalang ngamekarkeun carita mangsa ngora Pandu anu ngan ditulis singket dina Mahabarata. Contona, Pandu didongéngkeun sok kalibet mindeng mantuan kawinan para misanana di Madura. Pandu kungsi dipénta para déwa pikeun numpes satru kahiyangan nu ngaranna Prabu Nagapaya, raja raksasa anu bisa ngajanggélék jadi naga ti nagri Guhabarong. Sanggeus junun ngalaksanakeun pancénna, Pandu meunang kasinugrahan mangrupa pusaka minyak Tala.

Pandu saterusna kawin jeung Kunti sanggeus junun meunang sayémbara di nagari Madura. Manéhna malah meunangkeun hadiah tambahan, nyaéta Puteri Madrim, sanggeus junun ngéléhkeun Salya, lanceuk sang puteri. Di tengah jalan manéhna ogé hasil meunangkeun hiji puteri deui nu ngaranna Gandari ti nagri Plasajenar, sanggeus ngéléhkeun lanceukna anu ngaranna Prabu Gandara. Putri anu pamungkas ieu saterusna dibikeun ka Dréstarata, lanceuk Pandu.

Pandu naék tahta di Astina ngagantikeun Abiyasa kalawan boga gelar "Prabu Pandu Déwanata" atawa "Prabu Gandawakstra". Manéhna maréntah dibaturan Gandamanah, pangéran Pancala minangka patih. Gandamanah saterusna disingkirkeun ku Sangkuni, adi Gandari sacara licik.

Kulawarga[édit | édit sumber]

Ti kadua pamajikanana, Pandu meunangkeun lima urang anak anu disebut Pandawa. Béda jeung kitab Mahabarata, limaanana bener-bener anak kandung Pandu, sarta lain hasil paméré déwa. Para déwa ngan dicaritakeun mantuan kalahiran maranéhanana. Contona, Batara Darma mantuan kalahiran Yudistira, sarta Batara Bayu mantuan kalahiran Bima (Mahabarata). Lima anak Pandu kabéhanana lahir di Astina, lain di leuweung sakumaha anu dicaritakeun dina Mahabarata.

Pati[édit | édit sumber]

Pati Pandu dina pawayangan Sunda jeung Jawa lain alatan sapatemon jeung Madrim, tapi alatan perang ngalawan Prabu Trembaka, muridna sorangan.

Dicaritakeun yén Madrim nyiram hayang uulinan naék Lembu Andini, wahana Batara Guru. Pandu ogé naék ka kahiyangan ngusulkeun paménta pamajikanana. Minangka sarat, manéhna rela boga umur pondok sarta asup naraka. Batara Guru ngabulkan paménta éta. Pandu jeung Madrim ogé uulinan di luhur tonggong Lembu Andini. Sanggeus seubeuh, maranéhanana mulangkeun lembu éta ka Batara Guru. Sawatara bulan saterusna, Madrim ngalahirkeun orok kembar ngaranna Nakula sarta Sadéwa.

Luyu jeung kasanggupna, Pandu ogé umurna pondok. Alatan adu domba ti Sangkuni, Pandu ogé kalibet dina perang ngalawan muridna sorangan, nyaéta hiji raja raksasa ti nagri Pringgadani nu ngaranna Prabu Trembaka. Perang ieu dipikawanoh kalawan ngaran Pamoksa. Dina perang éta, Trembaka gugur kakeunaan anak panah Pandu, tapi manéhna sempet natuan pingping lawanana éta ngagunakeun keris nu ngaranna "Kyai Kalanadah". Alatan tatu dina pingping kasebut, Pandu jadi gering. Manéhna tungtungna maot sanggeus nurunkeun wasiat supaya Astinapura pikeun samentara diparéntah ku Dréstarata nepi ka jaga Pandawa sawawa. Antara anak-anakna Pandu jeung Trembaka jaga lumangsung kawinan, nyaéta Bima jeung Arimbi, anu ngalahirkeun Gatotkaca, hiji satria getih campuran, manusa jeung raksasa.

Naék ka sawarga[édit | édit sumber]

Istilah Pamoksa saputereun pati Pandu rada béda hartina jeung istilah moksa dina ageman Hindu. Dina "Pamoksa", Pandu tilar dunya babarengan jeung sakabéh awakna. Jiwana saterusna asup kana naraka luyu jeung jangjina. Ku perjuangan anakna, nyaéta Bima sawatara taun satuluyna, Pandu jeung Madrim tungtungna meunangkeun tempat di sawarga. Kaol séjén anu leuwih dramatis nyaritakeun yén Pandu tetep milih hirup dina naraka babarengan jeung Madri luyu jeung jangjina ka déwa. Pikeun Pandu, henteu jadi masalah sanajan manéhna tetep cicing di naraka, asal manéhna bisa nempo kajayaan anak-anakna di dunya. Rarasaan bagja nempo darma bakti para Pandawa ngajadikeun manéhna ngarasa hirup di sawarga.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa