Janaméjaya

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Janamejaya
Maharaja Janamejaya ngalangsungkeun Sarpahoma atawa upacara pangorbanan oray
Maharaja Janamejaya ngalangsungkeun Sarpahoma atawa upacara pangorbanan oray
Déwanagari: जनमेजय
Éjahan Sansakerta: Janaméjaya
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru
Papasangan: Wapustama (Bamustiman)

Dina wiracarita Mahabarata, Janaméjaya (basa Sansakerta: जनमेजय; Janaméjaya) nyaéta ngaran saurang raja nu maréntah Karajaan Kuru nu puseur pamaréntahanana di Astinapura. Manéhna nyaéta anak ti Maharaja Parikesit, sakaligus buyut Arjuna. Manéhna diangkat jadi raja dina umur anu masih ngora alatan bapana tiwas digégél Naga Taksaka.

Carita Mahabarata cenah didongéngkeun ku Bagawan Wesampayana ka Janaméjaya.

Upacara pangorbanan oray[édit | édit sumber]

Dina hiji mangsa, Sang Utangka ti Taksiladésa ngadeuheus ka Maharaja Janaméjaya anu karék réngsé nalukkeun wewengkon kasebut. Sang Utangka ngabéjaan Maharaja Janaméjaya ngeunaan cukang lantaran pati bapana (Parikesit), nyaéta digégél Naga Taksaka. Sang Raja nalungtik kebenaran carita kasebut, sarta para mantrina ngabenerkeun hal éta. Ahirna Sang Raja ngayakeun upacara pangorbanan oray pikeun ngamusnahkeun sakumna ieu spésies ti muka bumi. Upacara kasebut dipikawanoh ku sebutan Sarpahoma. Para brahmana weruh yén jaga upacara kasebut baris digagalkan ku saurang brahmana, tapi maranéhanana henteu méré nyaho ka Sang Raja.

Sanggeus sarana jeung prasarana geus pepek, Sang Raja ngalaksanakeun upacara kasebut. Seuneu dina hawu pangorbanan hibar. Ku mantra-mantra anu dibacakeun ku para brahmana, rébuan oray (naga) ngalayang di langit (lir kaseuseup) sarta lenyap diteleg seuneu pangorbanan. Dina waktu pangorbanan lumangsung, mecenghul saurang brahmana nu ngaranna Astika. Manéhna ménta Maharaja Janaméjaya supaya ngeureunkeun pangorbanan oray kasebut. manéhna nyarita yén upacara kasebut henteu pantes pikeun dipigawé. Alatan ngarasa simpati ku dangongna Astika, Maharaja ngeureunkeun upacarana kasebut.

Sanggeus Astika balik, Sang Raja ngarasa kuciwa alatan upacarana henteu sampurna. Minangka gantina, Resi Wesampayana ngunggelkeun hiji carita panjang pikeun Sang Raja, nyaéta carita para buyutnya – Pandawa jeung Kurawa – nepi ka perang di Kurusétra.

Penuturan eusi Mahabharata[édit | édit sumber]

Luyu jeung kahayang Janaméjaya, Resi Wesampayana mitembeyan nyaritakeun para karuhun Sang Raja, nyaéta Barata, sarta karuhunna nu ngaranna Maharaja Yayati, turunan Sang Pururawa, anu nurunkeun lima anak sarta ngadegkeun lima suku bangsa di India. Lima suku bangsa kasebut diturunkeun ku Yadu, Tuwasu, Druhyu, Anu, sarta Puru. Karuhun Raja Janaméjaya diturunkeun ku Sang Puru. Garis turunan nerus ka Barata – raja KuruPratipaSantanu – sarta kulawarga karaton Astinapura (Pandu, Dréstarata, Pandawa, Kurawa, sarta nu séjénna).

Raja Janaméjaya ogé ngajurung Resi Wesampayana pikeun ngunggelkeun carita buyutna nyaéta Arjuna, anu tarung jeung dulurna nyaéta para Kurawa, anu dipingpin ku Duryodana. Perang kasebut saterusna dipikawanoh minangka baratayuda (perang antara turunan Sang Barata).

Titilar Sang Raja[édit | édit sumber]

Upacara pangorbanan dipigawé di sisi walungan Arind di dayeuh Bardan, ayeuna dipikawanoh sabagé dayeuh Parham. Hiji balong batu cenah diwangun ku Maharaja Janaméjaya pikeun nandaan patempatan upacara, sarta dipikawanoh sabagé Parikshit kund, di Distrik Mainpuri. Deukeut dayeuh kasebut aya khera anu badag jeung luhur sarta eusina mangrupa ruruntuk hiji bénténg sarta kapanggih ogé sawatara pahatan dina batu; cenah asalna ti jaman Maharaja Parikesit.

Turunan Raja Janaméjaya[édit | édit sumber]

Janaméjaya ngadahup ka Wapustama, sarta mibanda dua anak nu ngaranna Satanika jeung Sankukarna. Satanika diangkat jadi raja ngagantikeun bapana sarta ngadahup ka puteri ti Karajaan Wideha, saterusna mibanda saurang anak nu dingaranan Aswamédadata. Para turunan Raja Janaméjaya jadi raja-raja legéndaris anu mingpin Karajaan Kuru, tapi riwayatna henteu dicaritakeun dina Mahabarata.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

(Upacara pangorbanan oray ku Janaméjaya)

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa