Ékalaya

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ekalaya
Ékalaya masrahkeun indung leungeunna ka Drona
Ékalaya masrahkeun indung leungeunna ka Drona
Déwanagari: एकलव्य
Éjahan Sansakerta: ékalavya
Golongan: Suku Bangsa Nisada
Asal: Karajaan Nisada
Pakarang: Panah

Ékalaya (Basa Sansakerta: एकलव्य, ékalavya), nyaéta saurang pangéran ti kaum Nisada. Kaum ieu téh kaum anu panghandapna dina undakan kasta Hindu nyaéta kaum nu sok moro sato, tapi Ékalaya ngabogaan pangabisa anu sarimbag jeung Arjuna dina élmu manah. Boga tékad hayang jadi pamanah pangalusna di dunya, manéhna indit ka Astina kalayan maksud hayang guguru ka Bagawan Drona. Tapi hanjakal Bagawan Drona nampik pamaksudan Ékalaya kasebut.

Harti ngaran[édit | sunting sumber]

Dina basa Sansakerta, kecap Ékalaya sacara harfiah hartina "manéhna anu museurkeun pikiranana kana hiji élmu atawa "mata ajar". Luyu jeung harti ngaranna, Ékalaya nyaéta saurang satria anu museurkeun perhatiannana kana élmu manah.

Tampikan Guru Drona[édit | sunting sumber]

Kahayangna anu kuat pikeun nimba élmu manah leuwih jero, nungtun Ékalaya datang ka Astina pikeun guguru langsung ka Drona. Tapi niatna ditampik lantaran Drona sieun bakal aya nu nandingan Arjuna sabab jangji manéhna hayang ngajadikeun Arjuna hiji-hijina satria pamanah pangpunjulna di jagat raya. Hal ieu ngagambarkeun sisi négatif ti Drona, nyaéta pilih kasih ka murid-muridna, di mana Drona pohara mikadeudeuh Arjuna ngaleuwihan murid-murid anu séjénna.

Diajar dibaturan ku bayangan patung Drona[édit | sunting sumber]

Tampikan sang guru henteu ngahalangan niat Ékalaya pikeun neuleuman élmu kaprajuritan, manéhna satuluyna asup ka leuweung sarta nyieun patung Drona tuluy diajar sorangan bari muja jeung ngahormat éta patung minangka saurang murid anu keur nimba élmu ka sang guru. Berkah kakeyeng dina latihan, Ékalaya jadi saurang prajurit anu gagah kalayan kamampuh anu rongkah dina élmu manah, anu sajajar malah leuwih pinter batan Arjuna, murid kadeudeuh Drona. Hiji poé, ditengah leuweung waktu manéhna keur latihan sorangan, manéhna ngadéngé sora anjing babaung, tanpa nempo heula, Ékalaya nyabut panah sarta mentangkeun gondewah anu ngabelesatkeun panah pas ngeunaan sungut anjing kasebut. Waktu anjing kasebut kapanggih ku para Pandawa, maranéhanana tatanya saha jelema anu sanggup ngalakonan ieu kabéh salian ti Arjuna. Satuluyna maranéhanana nempo Ékalaya, anu ngawanohkeun dirina minangka murid ti Guru Drona.

Pangorbanan saurang murid[édit | sunting sumber]

Ngadéngé pangakuan Ékalaya, timbul kaguligah dina haté Arjuna, yén manéhna henteu deui jadi saurang prajurit pangalusna, atawa satria utama. Rasa guligah Arjuna bisa kabaca ku Drona, anu ogé inget kana jangjina ka Arjuna yén ngan Arjuna hungkul murid anu pangalusna diantara kabéh muridna. Saterusna Drona babarengan Arjuna ngadatangan Ékalaya. Ékalaya kalayan tapis nyembah ka sang guru. Tapi manéhna malah meunang amarah ti Drona, dianggap murid nu teu boga moral, ngaku-ngaku murid Drona sanajan baheula geus kungsi ditampik pikeun diangkat jadi murid. Dina kasempetan éta ogé Drona ménta Ékalaya pikeun ngalakonan Dakshina, paménta guru ka muridna minangka tanda bakti saurang murid anu geus ngabéréskeun atikan. Drona ménta sangkan Ékalaya motong indung leungeunna, anu tanpa ragu dipigawé ku Ékalaya sarta masrahkeun indung ramo katuhuna ka Drona, sanajan manéhna nyaho yén alatan ti babakti kasebut, manéhna baris kaleungitan pangabisa dina élmu manah. Ékalaya ngahormat sang guru sarta némbongkeun "Guru-bhakti". Tapi henteu setimpal jeung naon anu dibeunangkeun anu ahirna kaleungitan pangabisa anu diteuleuman ti "Sang Guru". Drona leuwih mentingkeun dirina sarta égo pikeun ngajadikeun Arjuna salaku prajurit utama anu pangalusna.

Pati sang prajurit[édit | sunting sumber]

Pati Ékalaya dicaritakeun dina Srimad Bhagawatam. Ékalaya turun jurit pikeun Raja Jarasanda dina peperangan ngalawan Sri Kresna jeung Baladéwa, sarta perlaya dina perang kasebut ku pasukan Yadawa.

Ékalaya dina vérsi pewayangan Sunda jeung Jawa[édit | sunting sumber]

Dina pawayangan Sunda jeung Jawa, Ékalaya téh nyaéta Raja nagara Paranggelung. Ékalaya miboga pamajikan anu geulis kawanti-wanti sarta pohara satia nu ngaranna Dewi Anggraéni, puteri hapsari (bidadari) Warsiki.

Ékalaya saurang raja satria, anu sok neuleuman olah kaprajuritan sarta ngaleukeunan élmu perang. Manéhna pohara sakti sarta pohara mahér ngagunakeun pakarang panah. Manéhna ogé miboga lélépén pusaka ngaranna Mustika Ampal anu ngahiji jeung indung ramo leungeun katuhuna. Ékalaya miboga watek jujur, satia, leukeun sarta tabah, jeung pohara mitresna pamajikanana.

Ékalaya nyaéta hiji jalma anu keyeng dina nungtut élmu. Hiji waktu sabot Prabu Ékalaya meunangkeun harewos goib pikeun neuleuman élmu atawa ajian Danurwénda anu pareng ngan dipiboga ku Resi Drona. Sedengkeun Sang Resi geus jangji moal ngajarkeun élmu kasebut ka batur kajaba ka para Pandawa jeung Kurawa waé. Ku kakeyengna, Prabu Ékalaya diajar sorangan ku cara nyieun patung Sang Resi sarta diajar kalawan soson-soson sahingga junun ngawasa ajian kasebut.

Geureuha Prabu Ékalaya geulis kawanti-wanti, ku kituna Arjuna kapati-pati boga hasrat ka ieu putri, Dewi Anggraéni ngadukeun hal kasebut ka salakina sahingga muncul papaséaan antara Ékalaya jeung Arjuna. Prabu Ékalaya ngabéla hakna, maju tarung jeung Arjuna anu ngabalukarkeun Arjuna perlaya. Ngan Arjuna dihirupkeun deui ku Prabu Kresna

Dina papaséaan jeung Arjuna, Ékalaya kapacikeuh pikeun ngarélakeun indung ramo leungeun katuhuna dipotong ku 'patung' resi Drona, anu ngabalukarkeun ajalna alatan lélépén Mustika Ampal leupas tian awakna. Sajeroning sakarat, Ékalaya ngaluarkeun supata baris ngabales patina ka resi Drona.

Dina perang Baratayuda, supata Ékalaya jadi kanyataan. Arwahna ngahiji jeung awak Aria Dréstajumena, satria Panchala, anu nunggel janggal megatkeun sirah Resi Drona nepi ka ajalna.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Ékalaya jeung vérsi aslina (Vérsi India):

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa