Lompat ke isi

Dursasana

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Dursasana
Ngaran séjén: Duhsasana; Dushasana
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru

Dursasana (éjahan basa Sansakerta: Duśśāsana) nyaéta adina Duryodana, salah saurang Kurawa anu cukup kawentar. Manéhna téh anak Prabu Dréstarata jeung Déwi Gandari. Awakna gagah, sungutna rubak sarta miboga sipat songong, resep lumaku sawenang-wenang, ngagoda wanoja sarta resep ngécé batur. Manéhna miboga pamajikan nu ngaranna Déwi Candramukiwati, Déwi Sweta, Déwi Lata, Déwi Nirjara utawi Nirsarawati jeung Déwi Diwija. sarta boga hiji anak nu dingaranan Dursala.

Harti ngaran

[édit | édit sumber]

Ngaran Dursasana diwangun ku dua kecap basa Sansakerta, nyaéta dur atawa duh, jeung śāsana. Sacara harfiah, kecap Dusśāsana mibanda harti "hésé pikeun dikawasa" atawa "hésé ditungkulan".

Kalahiran

[édit | édit sumber]

Waktu Gandari reuneuh dina jangka waktu anu henteu wajar, manéhna neunggeulan kandunganana dina kaayaan aral sarta timburu ka Kunti, anu geus méré Pandu tilu urang anak. Ku polahna kasebut, Gandari ngalahirkeun gumpalan daging nu warnana semu kulawu. Saterusna Gandari ménta tulung Abiyasa, saurang patapa sakti, pikeun dibantuan sangkan bisa boga anak. Satuluyna Abiyasa ngeureutan gumpalan daging kasebut jadi saratus bagian, sarta ngasupkeunana kana saratus pot. Saterusna pot-pot kasebut dipelak dina jero taneuh salila sataun. Sanggeus sataun, pot-pot kasebut digali deui. Anu mimiti dikaluarkeun tina pot-pot kasebut nyaéta Duryodana, dipirig ku Dursasana, sarta adi-adina anu séjén.

Panghina ka Drupadi

[édit | édit sumber]
Dursasana anu miboga watek dugal, metot kaén anu dipaké ku Drupadi, tapi kaén kasebut kaulur-ulur terus sarta teu béak-béak alatan meunang kakuatan gaib ti Sri Kresna
 Artikel utama: Sabaparwa.

Waktu Yudistira éléh dina kaulinan dadu ku Duryodana, Drupadi anu jadi tarohanana ragrag ka leungeun Duryodana. Duryodana ngutus ponggawana pikeun mapag Drupadi, tapi Drupadi nampik. Satuluyna Duryodana ngutus adina sorangan, nyaéta Dursasana. Kalawan dugal Dursasana datang ka panyicingan Drupadi sarta saterusna ngajambak buuk Drupadi jeung nyényérédna nepi ka di tempat maén dadu, di mana salaki jeung misanna ngarariung. Saterusna Duryodana nitah Pandawa jeung Drupadi pikeun ngaleupaskeun pakéan maranéhanana lantaran harta maranéhanana geus jadi milik Duryodana.

Drupadi anu nampik pikeun ngalaan pakéanana, dipaksa ku Dursasana. Drupadi sasambat ka Pangéran sangkan meunang pitulung. Satuluyna Kresna mecenghul sacara gaib (teu katempo ku panon) sarta méré kéajaiban kana pakéan Drupadi sangkan lawon anu dipakéna henteu béak-béak cacak mayeng ditarik. Waktu Dursasana metot pakéan Drupadi kalawan paksa, kaén sari anu ngabeulit awakna henteu béak-béak cacak terus diudar. Ahirna Dursasana ngarasa capé sarta pakéan Drupadi henteu hasil dileupaskeun.

Ku tindakan kasebut, Bima sumpah yén jaga manéhna baris maéhan Dursasana, nyoékkeun hariguna, sarta nginum getihna.

Dina perang di Kurusétra, Bima maéhan Dursasana, nyoékkeun hariguna, sarta nginum getihna. Satuluyna Bima mawa getih Dursasana ka Drupadi. Drupadi ngulaskan getih kasebut kana buukna, minangka tanda yén dendamna geus kabales. Tiwasna Dursasana ngoyagkeun rarasaan Duryodana. Manéhna pohara hanjelu geus kaleungitan barayana anu dipikacinta. Saprak harita manéhna sumpah bakal maéhan Bima.

Dursasana dina pawayangan Sunda jeung Jawa

[édit | édit sumber]

Dursasana dipikawanoh ogé dina pawayangan Sunda jeung Jawa. Dursasana dicaritakeun ngadumuk di wewengkon Banjarjungut, titilar mitohana.

Dina carita "Pandawa Dadu" (Sabaparwa), Yudistira éléh dina kaulinan dadu sahingga kakayaan, kedaton, baraya-baraya, sarta pamajikanana geus aya dina kakawasaan Kurawa minangka pangbayaran tina tarohan. Dursasana anu pangnapsuna pikeun naranjangan Drupadi (pamajikan Yudistira), sahingga Drupadi sumpah moal baris ngagelungkeun buukna anu panjang lamun tacan kuramas maké getih Dursasana, kitu ogé Bima sumpah bakal nginum getih Dursasana saméméh paéh.

Dursasana tiwas ku leungeun Bima dina perang Baratayuda.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa