Satyawati

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Satyawati
Gambar:Satyawati.jpg
Déwanagari: सत्यवती
Éjahan Sansakerta: Satyavati
Ngaran séjén: Durgandini; Gandawati
Asal: Karajaan Matsya
Papasangan: Santanu

Satyawati (Sansakerta: सत्यवती; Satyavati) (ogé disebut Durgandini atawa Gandawati) nyaéta salah saurang inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh nyaéta pamajikanna prabu Santanu sarta indungna Citranggada jeung Wicitrawirya.

Waktu keur budak nepi ka rumaja, Satyawati boga kasakit nu ngabalukarkeun awakna bau hanyir tapi dicageurkeun ku Resi Parasara. Satyawati tuluy ngadahup ka Resi Parasara nu saterusna ngalahirkeun Abiyasa.

Kalahiran[édit | sunting sumber]

Prabu Basuparisara, ngadeg tahta di Karajaan Cedi. Raja kasebut ngabogaan permaisuri nu ngaranna Girika. Dina hiji poé, Sang Raja indit moro. Di tengah leuweung, manéhna nempo kembang nu mangkak mararekar, nu ngahudang kainget kana kageulisan permaisurina. Tanpa sadar 'cai mani'a nyakclakan, saterusna manéhna nandéan cai manina dina seheulay daun. Manéhna nyalukan manuk heulang nu keur ngapung di awang-awang nu ngaranna Çyena pikeun nganteurkeun cai kasebut ka permaisurina. Di tengah jalan cai anu diwadahan dina daun kasebut murag di walungan Yamuna. Di éta walungan kabeneran aya hiji lauk badag nu mangrupa pawujudan bidadari nu disupata. Cai mani kasebut kateleg ku Sang Lauk nu ngajadikeun éta lauk reuneuh.

Di sisi walungan Yamuna, aya kulawarga pamayang. Kapala kulawarga kasebut ngaranna téh Dasabala. Hiji poé Dasabala miang rék nyerek lauk. Dasabala kabeneran beubeunangan néwak lauk badag pawujudan bidadari nu reuneuh ku cai manina Prabu Basuparisara. Tina beuteung lauk lahir dua orok, lalaki jeung awéwé. Sang lauk saterusna robah wujudna jadi bidadari anu tuluy balik ka tempat asalna. Dua budak anu dilahirkan kasebut dibikeun ka Prabu Basuparisara. Anak anu lalaki dibéré ngaran Matsyapati sarta diangkat jadi Raja di Karajaan Wirata, sedengkeun anak anu awéwé dipulangkeun ku Sang Raja alatan bau hanyir. Budak awéwé kasebut saterusna dibéré ngaran Durgandini alatan bauna hanyir kawas lauk. Durgandini gawé jadi tukang meuntaskeun jelema di Walungan Yamuna.

Pasamoan jeung Resi Parasara[édit | sunting sumber]

"Prabu Santanu kapentang asmara ku Déwi Satyawati" (lukisan India karya Raja Ravi Varma)

Dina hiji poé, Bagawan Parasara, anakna Bagawan Sakri anu mangrupa incu Maharesi Wasista, nangtung di sisi walungan Yamuna, ménta dipeuntaskeun ku parahu. Durgandini nyampeurkeun tuluy nganteurkeun Resi Parasara ka peuntaseun Yamuna. Di tengah walungan, Resi Parasara kataji ku kageulisan Durgandini. Durgandini satuluyna ngawangkon jeung Resi Parasara. Dina tengah wangkongan, Durgandini nyaritakeun yén manéhna kakeunaan kasakit anu ngabalukarkeun awakna bau hanyir sarta bapana nalatahan yén saha waé lalaki anu bisa nyageurkeun panyakitna bakal dijadikeun salakina. Ngadéngé hal éta, Resi Parasara nyarita yén manéhna rék ngubaran kasakit Durgandini, tuluy manéhna nyagap kulit Durgandini. Teu sabaraha lila Durgandini cageur sarta jadi seungit nyambuang ka jauhna. Alatan Resi Parasara hasil nyageurkeun Durgandini, mangka manéhna ngabogaan hak ngajadikeun Durgandini salaku pamajikan. Tina hasil hubungan Durgandini jeung Resi Parasara, lahir Abiyasa. ċ

Pasamoan jeung Prabu Santanu[édit | sunting sumber]

Dina hiji waktu Prabu Santanu ti Astinapura ngadéngé warta yén di sabudeureun walungan Yamuna sumebar ambeu anu pohara seungit nyambuang ka mana-mana. Lantaran panasaran, Prabu Santanu nyoba ngalalar ka walungan Yamuna. Manéhna manggihan asal ambeu nu seungit téh ti hiji wanoja nu ngaranna Durgandini. Prabu Santanu kapati-pati sarta rék ngalamar Durgandini. Waktu Sang Raja ngalamar Durgandini, kolotna ngajukeun sarat yén lamun Durgandini (Gandawati atawa Satyawati) jadi permaisuri Prabu Santanu, manéhna kudu diperlakukan kalayan hadé sarta turunan Durgandini kudu jadi penerus tahta. Ngadéngé sarat kasebut, Sang Raja mulang kalayan kuciwa jeung gering haté. Manéhna jadi kagegeringan alatan Satyawati terus kapibeungeut beurang jeung peuting.

Nempo bapana gering nangtung ngalanglayung, Déwabrata nalungtik marga lantaranana. Manéhna nanya ka kusir anu nganteurkeun bapana ti walungan Yamuna. Ti dinya manéhna meunang warta yén bapana kajamparing asih kapentang asmara ku hiji awéwé. Tungtungna, Déwabrata miang ka walungan Yamuna. Manéhna ngawakilan bapana ngalamar anakna Dasabala anu pohara dipidangdam ku bapana. Manéhna nurutkeun sagala sarat anu diajukan ku Dasabala. Manéhna ogé sumpah moal rék kawin saumur hirup sarta moal narima warisan tahta turunan Raja Kuru ambéh jaga henteu nyorang rebutan kakawasaan antara turunanana jeung turunan Durgandini. Saprak ti harita, ngaran Déwabrata robah jadi Bisma. Lantaran dina ajaran Hindu mah awéwé meunang kawin ka leuwih ti hiji lalaki, ahirna Prabu Santanu jeung Déwi Durgandini ngadahup sarta ngabogaan dua urang anak nu ngaranna Chitranggada jeung Wicitrawirya.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa