Lompat ke isi

Drupadi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Drupadi
Dewi Dropadi mawa kendi madu. Lukisan India karya Raja Ravi Varma.
Dewi Dropadi mawa kendi madu. Lukisan India karya Raja Ravi Varma.
Déwanagari: द्रौपदी
Éjahan Sansakerta: Draupadī
Ngaran séjén: Kresna; Sailandri;

Yadnyaseni

Asal: Karajaan Panchala
Papasangan: Panca Pandawa

(Yudistira, Bima, Arjuna,
Nakula, Sadewa)

Draupadi (Sansakerta: द्रौपदी; Draupadī) nyaéta salah sahiji inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anakna Prabu Drupada, raja di karajaan Pancala. Dina kitab Mahabarata vérsi aslina, Drupadi nyaéta pamajikan para Pandawa nu jumlahna lima urang. Tapi dina wayang Sunda jeung Jawa, manéhna téh pamajikan Prabu Yudistira hungkul.

Harti ngaran

[édit | édit sumber]

Mimitina Drupadi dibéré ngaran "Kresna", nujul kana warna kulitna anu semu hideung. Dina basa Sansakerta, kecap “Kresna” atawa "Krishna" sacara harfiah boga harti poék atawa hideung. Laun laun manéhna leuwih dipikawanoh kalayan ngaran "Drupadi" (éjahan Sanskerta: Draupadī), anu sacara harfiah boga harti "puteri Drupada". Ngaran "Pañcali" ogé dibikeun ka manéhna, anu sacara harfiah boga harti "puteri karajaan Pancala". Alatan manéhna mangrupa dulurna Dréstajumena, mangka manéhna ogé disebut "Yadnyaseni" (Yajñasenī).

Kalahiran

[édit | édit sumber]

Drupadi mangrupa anak anu lahir tina hasil Putrakama Yadnya, nyaéta upacara pikeun meunangkeun turunan. Dina kitab Mahabarata dicaritakeun yén sanggeus Drupada diééra ku Dorna, manéhna indit ka leuweung pikeun ngarencanakeun males dendam. Saterusna manéhna mutuskeun hayang boga anak anu baris bisa maéhan Dorna, sarta saurang puteri anu baris kawin jeung Arjuna. Ku bantuan Resi Jaya jeung Upajaya, Drupada ngalangsungkeun Putrakama Yadnya maké seuneu suci. Drupadi lahir tina seuneu suci kasebut.

Kawin jeung para Pandawa

[édit | édit sumber]
Drupadi dihina di hareupeun balaréa. Lukisan India karya Raja Ravi Varma.

Dina kitab Mahabarata vérsi India jeung dina adat pawayangan di Bali, Déwi Drupadi boga salaki ka lima urang, nyaéta Panca Pandawa. Perkawinan kasebut lumangsung sanggeus para Pandawa ngadatangan Karajaan Pancala sarta miluan sayémbara di dinya. Sayémbara kasebut dipiluan ku para satria kawentar di sakumna daratan Baratawarsa (India Kuna), contona kawas Karna jeung Salya. Para Pandawa ngariung babarengan jeung satria séjénna di pakalangan, tapi maranéhanana henteu maké pakéan sakuduna saurang satria, tapi nyamur jadi brahmana. Di tengah-tengah pakalangan ditempatkeun hiji sasaran anu kudu dipanah kalawan pas ku para pamilon sarta anu junun ngalakonanana baris jadi pamajikan Déwi Drupadi.

Para pamilon ogé mecakan pikeun manah sasaran di pakalangan, tapi hiji-hiji narungtutan gagal. Karna junun ngalakonanana, tapi Drupadi nampikna kalayan alesan yén manéhna henteu daék kawin jeung anak kusir. Karna jadi kuciwa sarta rarasaanana pohara kaluman. Sanggeus Karna ditampik, Arjuna maju ka haeup sarta mecakan manah sasaran kalawan pas. Panah anu dileupaskeunana sanggup ngeunaan sasaran kalawan pas, sarta luyu jeung pasaratan, mangka Déwi Drupadi mibanda hak jadi pamajikanana. Tapi para pamilon séjénna nyawad alatan saurang brahmana miluan sayémbara sedengkeun para pamilon hayang sayémbara kasebut ngan dipilonan ku golongan satria. Alatan ayana cawadan kasebut mangka kaributan teu bisa disingkahan deui. Arjuna jeung Bima tarung jeung satria anu nyarawad sedengkeun Yudistira, Nakula, jeung Sadéwa balik ka imahna ngajaga Déwi Kunti, indung maranéhanana. Kresna anu milu aub dina sayémbara kasebut nyaho saha sabenerna para brahmana anu geus meunangkeun Drupadi sarta manéhna ngomong ka para pamilon yén geus sakuduna para brahmana kasebut meunangkeun Drupadi sabab maranéhanana geus hasil meunangkeun sayémbara kalawan alus.

Sanggeus kaributan geus eureun, Arjuna jeung Bima balik ka imahna kalawan mawa Déwi Drupadi. Satepi di imahna kasampak indungna keur sasaréan disimbut bari mikiran kaayaan dua anakna anu keur tarung di pakalangan sayémbara. Arjuna jeung Bima datang nyanghareup sarta ngomong yén maranéhanana geus balik sarta mawa hasil baramaén. Déwi Kunti ngajurung sangkan maranéhanana ngabagi rata naon anu geus dibeunangkeun. Tapi Déwi Kunti kagét waktu nyaho yén anak-anakna henteu ngan mawa hasil baramaén waé, tapi ogé saurang wanoja. Déwi Kunti henteu daék jalir jangji, mangka Drupadi ogé jadi pamajikan kabé h Panca Pandawa.

Upacara Rajasuya

[édit | édit sumber]
Dursasana anu miboga watek dugal, metot lawon anu dipaké Drupadi, tapi lawon kasebut kaulur-ulur terus sarta teu béak-béak alatan meunang kakuatan gaib ti Sri Kresna. Gambar dicokot tina kitab Bagawadgita anu dipedar ku yayasan ISKCON.

Mangsa Yudistira ngalangsungkeun upacara Rajasuya di Indraprahasta, sakumna satria di saantéro Baratawarsa diondang, kaasup misanna anu licik sarta sok dengki, nyaéta Duryodana. Duryodana jeung Dursasana kataji ku kaayaan balériung Karaton Indraprahasta. Maranéhanana henteu nyaho yén di tengah-tengah karaton aya balong. Cai balong éta pohara bérésihna sahingga dadamparna katempo ku kituna henteu katempo jiga balong. Duryodana jeung Dursasana henteu nyahoeun hal éta tuluy maranéhanana tigejebur. Nempo hal éta, Drupadi seuri ceuceuleukeuteukan. Duryodana jeung Dursasana pohara érana. Maranéhanana henteu bisa mopohokeun panghina kasebut, sumawona anu nyeungseurikeun maranéhanana nyaéta Drupadi anu pohara dipikaresepna alatan kageulisanana.

Mangsa tumibana waktu pikeun méré susuguh ka para ondangan, geus jadi adat yén sémah anu pangdipihormatna anu mimiti meunang susuguh. Ku alpukahna Bisma, Yudistira méré suguhan kahiji ka Sri Kresna. Nempo hal éta, Sisupala, baraya misan Sri Kresna, kabeuratan sarta ngécé Sri Kresna. Panghina éta ditarima Sri Kresna tutuluyan nepi ka kaambekna muncak. Sisupala dipaéhan ku Cakra Wicajsana. Mangsa metot Cakra, leungeun Sri Kresna ngaluarkeun getih. Nempo hal kasebut, Déwi Drupadi gura-giru nyoékkeun kaén sari-na pikeun muntel tatu Sri Kresna. Pitulung éta henteu bisa dipopohokeun ku Sri Kresna.

Kaulinan dadu

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Sabaparwa.

Sanggeus ngaluuhan upacara Rajasuya, Duryodana ngarasa sirik ka Yudistira anu mibanda harta lubak-libuk sarta karaton anu agréng. Nempo alona ngahuleng, mecenghul alpukah jahat ti Sangkuni. Manéhna ngajurung alona, Duryodana, sangkan ngondang Yudistira pikeun ulin dadu kalawan tarohan harta, karaton, sarta karajaan di Indraprahasta. Duryodana nampa usul kasebut alatan yakin mamangna, Sangkuni, mangrupa ahlina dina kaulinan dadu sarta harepan pikeun ngarebut kakayaan Yudistira aya di leungeun mamangna. Duryodana ngawisuna bapana, Dréstarata, sangkan ngidinan pikeun ulin dadu. Yudistira anu ogé resep kaulinan dadu, henteu nampik ku diondang.

Adegan Drupadi ditaranjangan ku Dursasana dina hiji lukisan tradisional ti wewengkon Punjab, dijieun kira abad ka-18.

Yudistira nandonkeun harta, karaton, sarta karajaanana sanggeus dihasud ku Duryodana sarta Sangkuni. Alatan henteu mibanda nanaon deui pikeun jadi tarohan, mangka manéhna nandonkeun dulur-dulur jeung pamajikanana, Drupadi. Tungtungna Yudistira éléh sarta Drupadi dipénta pikeun hadir di tempat judi alatan geus jadi milik Duryodana. Duryodana ngutus para ponggawana pikeun mapag Drupadi, tapi Drupadi nampik. Sanggeus gagal, Duryodana ngajurung Dursasana, adina, pikeun mapag Drupadi. Drupadi anu nampik pikeun datang, diséséréd ku Dursasana anu henteu mibanda rasa kamanusaan. Buukna dijambak nepi ka tempat judi, tempat salaki sadulur ngariung. Alatan geus éléh, Yudistira sarta sakabéh adina dipénta pikeun muka bajuna, tapi Drupadi nampik. Dursasana anu miboga watek dugal, metot lawon anu dipaké Drupadi, tapi lawon kasebut kaulur-ulur terus sarta teu béak-béak alatan meunang kakuatan gaib ti Sri Kresna anu nempo Drupadi dina kaayaan bahaya. Pitulung Sri Kresna dilantarankeun ku budina Drupadi anu ngabuntel tatu Sri Kresna dina waktu upacara Rajasuya di Indraprahasta.

Dina kitab Mahaprastanikaparwa dicaritakeun, sanggeus Dinasti Yadu musnah, para Pandawa reujeung Drupadi mutuskeun pikeun ngalakonan lalampahan suci ngurilingan Baratawarsa. Minangka tujuan ahir lalampahan, maranéhanana nuju pagunungan Himalaya sanggeus ngaliwatan gurun anu ngampar di kalér Baratawarsa. Dina lalampahan nuju ka éta tempat, Drupadi maot.

Salaki jeung turunan

[édit | édit sumber]

Dina kitab Mahabarata vérsi aslina, sarta dina adat pawayangan di Bali, salaki Drupadi jumlahna lima urang anu nyaéta nu disebut Pandawa lima. Ti hasil hubunganana jeung lima Pandawa manéhna mibanda lima anak, nyaéta:

  1. Pratiwinda (tina hasil hubunganana jeung Yudistira)
  2. Sutasoma (tina hasil hubunganana jeung Bima)
  3. Srutakirti (tina hasil hubunganana jeung Arjuna)
  4. Satanika (tina hasil hubunganana jeung Nakula)
  5. Srutakama (tina hasil hubunganana jeung Sadéwa)

Lima anak Pandawa kasebut disebut Pancawala atawa Pancakumara.

Drupadi dina pawayangan Sunda jeung Jawa

[édit | édit sumber]

Dina budaya wayang Sunda jeung Jawa, hususna sanggeus meunang pangaruh Islam, Déwi Drupadi dicaritakan rada béda jeung carita dina kitab Mahabarata vérsi aslina. Dina carita pewayangan, Déwi Drupadi kawin jeung Yudistira hungkul sarta lain ka Pandawa séjénna. Carita kasebut bisa diregepkeun dina lalakon Sayémbara Gandamanah. Dina lalakon kasebut dicaritakeun yén Yudistira miluan sayémbara nu diayakeun ku Raja Drupada ngéléhkeun Gandamanah. Saha anu hasil meunang sayémbara, mibanda hak mibanda Drupadi. Yudistira milu sayémbara kasebut tapi manéhna henteu turun langsung kana pakalangan tapi diwakilan ku Bima. Bima hasil ngéléhkeun Gandamanah sarta hasil meunangkeun sayémbara. Alatan Bima ngawakilan Yudistira, mangka Yudistira anu jadi salaki Drupadi. Dina adat pawayanagn Sunda jeung Jawa, anak Drupadi jeung Yudistira téh ngaranna Radén Pancawala.

Béda carita antara kitab Mahabarata jeung carita dina pawayangan Sunda jeung Jawa alatan pangaruh mekarna agama Islam di tanah Sunda jeung tanah Jawa. Pintonan wayang anu dina waktu éta pohara dipikaresep ku balaréa, henteu ditumpes atawa dilarang tapi disaluyukeun jeung ajaran Islam. Nurutkeun hukum Islam, saurang wanoja henteu kaci mibanda salaki leuwih ti hiji. Mangka ti éta, carita Déwi Drupadi dina kitab Mahabarata vérsi asli anu warnana Hindu nyalahan hukum Islam. Pikeun nyegahna, para bujangga atawa seniman Islam ngarobah carita kasebut sangkan luyu jeung ajaran Islam.

Tumbu ka luar

[édit | édit sumber]
Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa