Dorna

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Drona
Drona
Drona
Déwanagari: द्रोण; द्रोणाचार्य
Éjahan Sansakerta: Droṇa; Droṇāchārya
Ngaran séjén: Dronacharya; Resi Drona;

Bagawan Drona; Kumbayana

Dorna (Sansakerta: द्रोण, Droṇa) atawa Dronacharya (Sansakerta: द्रोणाचार्य, Droṇāchārya) Dina wiracarita Mahabarata, nyaéta guru para Kurawa sarta Pandawa. Manéhna mangrupa ahli ngamekarkeun seni perang.

Kalahiran jeung awal kahirupan Dorna[édit | édit sumber]

Dorna dilahirkan ti kulawarga brahmana (kaum pandita Hindu). Manéhna mangrupa anak ti pandita Baradwaja, nu lahir di dayeuh anu kiwari disebut Dehradun (modifikasi tina kecap dehra-dron, kendi taneuh liket), anu mibanda harti yén manéhna (Dorna) tumuwuh lain dina jero pianakan, tapi di luar awak manusa, nyaéta dina Droon (gentong atawa kendi).

Carita kalahiran Dorna dilalakonkeun sacara dramatis dina Mahabarata, Buku I: Adiparwa; Sambawaparwa, Bagian CXXXI. Dina buku kasebut dicaritakeun Baradwaja indit babarengan jeung rombonganana nuju ka walungan Gangga pikeun susuci. Di dinya manéhna nempo widadari anu geulis kawanti-wanti datang pikeun mandi. Sang pandita dikawasa ku napsu nu ngabalukarkeun manéhna ngaluarkeun cai mani anu pohara lobana. Manéhna nandéan cai mani kasebut kana hiji kendi anu disebut drona, sarta tina cai kasebut lahir Dorna.

Dorna méakkeun mangsa ngorana dina kaayaan tuna ku harta. Dorna ogé diajar ageman jeung élmu jurit babarengan jeung saurang pangéran ti Karajaan Pancala nu ngaranna Drupada. Drupada jeung Dorna satuluyna sosobatan. Dina mangsa keur budak, Drupada jangji rék mikeun satengah karajaanana ka Dorna lamun manéhna jadi Raja Pancala.

Dorna ngadahup ka Krépi, adina Krépa, saurang guru di karaton Astinapura. Krépi jeung Dorna mibanda anak nu dingaranan Aswatama.

Diajar ka Parasurama[édit | édit sumber]

Nyaho yén Parasurama boga loba pangaweruh, Dorna ngadatangan manéhanana. Ngan hanjakal waktu Dorna datang, Parasurama geus mikeun sagala nu dipibogana ka brahmana anu séjén. Alatan kataji ku kakeyeng haté Dorna, Parasurama mutuskeun pikeun nurunkeun pangaweruhna ngeunaan élmu peperangan ka Dorna. (Mahabarata, Buku I: Adiparwa; Sambawaparwa, Bagian CXXXI).

Dorna jeung Drupada[édit | édit sumber]

Demi nyumponan pangabutuh kulawargana, Dorna hayang bébas tina katuna ku harta. Inget kana jangji Drupada nu rék méré satengah karajaan, Dorna boga niat manggihan manéhna pikeun ménta bantuan. Tapi, alatan mabok ku kakawasaan, Raja Drupada henteu ngaku Dorna salaku babaturanana sarta nyarékan laklak dasar cenah Dorna manusa ti golongan handap. Drupada nganaséhatan Dorna sangkan henteu mikiran masalah éta deui sarta ménta supaya hirup nurutkeun jalanana séwang-séwangan. Dorna indit ngabetem, tapi dina jero haténa manéhna ngucapkeun sumpah baris ngabales dendam. (Mahabharata, Buku I: Adiparwa, Sambhawaparwa, Bagian CXXXII).

Legénda Dornacarya[édit | édit sumber]

Legénda ngeunaan Dorna salaku saurang guru agung jeung satria teu kawates ngan dina mitologi Hindu hungkul, tapi ogé kuatna mangaruhan talari sosial India.

Bal jeung lélépén[édit | édit sumber]

Dorna indit ka Astinapura kalayan harepan bisa muka sakola seni peperangan pikeun ngadidik para anak raja. Dina hiji poé, manéhna nempo réa nonoman, nyaéta para Kurawa jeung Pandawa anu keur ngalingkung sumur. Dorna nanya ka maranéhanana ngeunaan masalah naon anu lumangsung. Yudistira, si cikal, némbalan yén bal maranéhanana murag kana jero sumur sarta maranéhanana henteu nyaho kumaha cara nyokotna deui.

Dorna seuri, sarta nyeukseukan maranéhanana alatan henteu boga daya nyanghareupan masalah anu leutik. Yudistira némbalan yén lamun Sang Brahmana (Dorna) sanggup nyokot bal kasebut mangka Raja Astinapura pasti baris nyumponan sagala kaperluan hirupna. Dorna ngabalangkeun lélépén bogana, ngumpulkeun sababaraha péso, sarta ngucapkeun jampé Wéda. Saterusna manéhna ngabalangkeun péso kana jero sumur kawas tumbak. Péso kahiji mebes kana bal, péso kadua dibalangkeun sarta mebes kana péso nu kahiji, kitu saterusna, antukna ngawangun rante péso. Lalaunan Dorna metot bal kasebut kalawan bantuan tali.

Ku kaahlian Dorna kasebut, para pangeran Pandawa jeung Kurawa pohara hookeun, Dorna ngucapkeun jampé Wéda sakali deui sarta némbakkeun péso éta kana jero sumur. Péso éta mebes kana bagian tengah lélépén anu ngambang. Saterusna manéhna metot ka luhur antukna lélépén éta balik deui. Alatan kataji, para Pandawa jeung para Kurawa mawa Dorna ka dayeuh sarta ngalaporkeun kajadian kasebut ka Bisma, aki maranéhanana.

Alatan kawani Dorna méré conto, Bisma saterusna nawarkeun sangkan Dorna daék jadi guru para pangéran Karajaan Kuru sarta ngawuruka élmu perang ka maranéhanana. Saterusna Dorna ngadegkeun sakola di deukeut dayeuh, di mana para pangéran ti sagala karajaan di sabudeureun nagri bisa datang pikeun diajar. Mahabarata, Buku I: Adiparwa, Sambawaparwa, Bagian CXXXIII.

Milah-milah kasta[édit | édit sumber]

Hiji lukisan ti India, ngeunaan adegan waktu Ékalaya ngahaturkeun indung ramona ka Dorna.

Ékalaya nyaéta saurang pangéran ngora ti suku Karajaan Nishada, anu datang néangan Dorna pikeun ngalap élmu. Dorna henteu daék nampa alatan Ékalaya lain ti golongan (kasta) satria. Ékalaya henteu kagét, saterusna asup ka leuweung, sarta manéhna mimiti diajar jeung latihan sorangan, kalayan dibaturan ku patung tina taneuh liket nu nyarupaan Dorna anu disembah ku manéhna. Ékalaya jadi satria kalawan kahebatan anu rongkah, sarimbag jeung Arjuna. Dina hiji poé, aya anjing ngagogog waktu manéhna keur soson-soson ngalakonan latihan, sarta tanpa nempo, sang satria némbakkeun panah tuluy mebes kana sungut anjing kasebut. Para Pandawa lumpat nempo éta anjing sarta héran alatan aya anu sanggup ngalakonan gawé kasebut. Maranéhanana nempo Ékalaya, anu ngaku yén manéhna téh muridna Dorna. Dorna reuwas alatan ngarasa henteu mibanda murid kawas Ékalaya. Saterusna Ékalaya ngécéskeun yén saban poé manéhna diajar jeung patung anu nyarupaan Dorna anu dianggap salaku guru. Alatan ngarasa kahébat Arjuna baris aya nu nandingan, Dorna ménta sangkan Ékalaya ngalakukeun daksina ka sang guru minangka tanda yén ajaran geus sampurna. Daksina anu dipénta Dorna nyaéta indung ramo Ékalaya. Ékalaya ogé megatkeun ramona sorangan antukna manéhna henteu bisa deui ngagunakeun pakarang panah.

Karna anu hayang diajar diatik ku Dorna ogé ditampik kalayan alesan yén Karna asalna lain ti kasta satria. Alatan ngarasa dihina, Karna diajar ka Parasurama kalayan nyamur jadi brahmana.

Balesan ka Drupada[édit | édit sumber]

Waktu para Kurawa sarta Pandawa namatkeun atikanana, Dorna ngajurung maranéhanana supaya nyerek Raja Drupada anu maréntah Karajaan Pancala dina kaayaan hirup-hirup. Duryodana, Dursasana, Wikarna, sarta Yuyutsu mawa soldadu Astinapura pikeun ngagempur Karajaan Pancala, samentara Pandawa indit ka Karajaan Pancala tanpa angkatan perang. Arjuna nyerek Drupada sarta ngabawa manéhna ka hareupeun Dorna. Dorna nyokot satengah wengkon kakawasaan Drupada, sarta satengahna deui dipulangkeun ka Drupada. Bari jeung pinuh ke dendam, Drupada ngalaksanakeun upacara pikeun ménta saurang anak lalaki anu baris maéhan Dorna sarta saurang anak awéwé nu baris lakirabi jeung Arjuna. Kahayang Drupada dikabulkeun ku lahirna Dréstajumena, anu hasil maéhan Dorna dina Baratayuda, sarta Drupadi, anu ngadahup ka Arjuna sarta para Pandawa.

Perang di Kurusétra[édit | édit sumber]

Waktu perang di Kurusétra lumangsung, Dorna jadi sénapati pasukan Kurawa. Manéhna ngarancanakeun cara anu curang pikeun maéhan Abimanyu dina perang poé katilu belas.

Pati Drona[édit | édit sumber]

Saméméh perang, Bagawan Dorna kungsi nyarita, "Hal anu bisa ngajadikeun kuring leuleus sarta moal daék ngangkat pakarang nyaéta lamun ngadéngé hiji béja musibah ti hiji jalma anu jujur". Dumasar kana pituduh kasebut, Kresna maréntahkeun Bima pikeun maéhan gajah nu ngaranna Aswatama, ngaran anu sarua jeung ngaran anakna Bagawan Dorna. Bima hasil maéhan gajah kasebut sarta terus ceuceuleuweungan satarikna yén Aswatama mati. Dorna kagét sarta ménta kapastian Yudistira anu kawentar jujur. Yudistira ngomong, "Aswatama mati". Sabenerna mah Yudistira henteu bohong alatan manéhna ngomong ka Dorna yén Aswatama mati, teuing éta gajah atawa manusa (dina kateranganana manéhna ngomong, "naro va, kunjaro va" — "teuing gajah atawa manusa"). Gajah nu ngaranna Aswatama éta sorangan ngahaja dipaéhan ku Pendawa sangkan Yudistira bisa ngomong hal éta ka Dorna antukna Dorna kaleungitan sumanget hirup sarta Kurawa bisa diéléhkeun dina perang Baratayuda.

Drona dina pewayangan Sunda jeung Jawa[édit | édit sumber]

Riwayat hirup Drona dina pawayangan Sunda jeung Jawa mibanda sawatara béda jeung carita aslina dina buku Mahabarata anu asalna ti India, nyaéta India.. Sawatara béda kasebut ngawengku ngaran inohong, patempatan, sarta kajadian. Tapi béda kasebut henteu jauh teuing lantaran inti caritana mah sarua.

Kapribadian[édit | édit sumber]

Resi Dorna miboga watek adigung, songong, bengis, sarta réa ngomong tapi kaparigelan, kecerdas, kapinteran sarta kasakténna luar baisa sarta pohara mahér dina élmu perang. Alatan kasaktén sarta kamahérna dina olah jurit, Dorna dipercaya jadi guru para Pandawa sarta Kurawa. Manéhna miboga pusaka sakti nu wujudna keris nu ngaranna Keris Cundamanik sarta panah Sangkali (dibikeun ka Arjuna).

Riwayat[édit | édit sumber]

Bagawan Dorna, nu waktu ngorana boga ngaran Bambang Kombayana, téh nyaéta anakna Resi Baratmadya ti Hargajembangan jeung Déwi Kumbini. Manéhna miboga dulur nu ngaranna Arya Kumbayaka sarta Déwi Kumbayani. Dorna jadi guruna para Kurawa jeung Pandawa. Murid kameumeutna nyaéta Arjuna. Resi Dorna ngadahup ka Déwi Krépi, putri Prabu Purungaji, raja nagara Tempuru, sarta meunang turunan anak lalaki nu dingaranan Bambang Aswatama. Manéhna hasil ngadegkeun padépokan Sokalima sanggeus junun ngarebut ampir satengah wewengkon nagara Pancala tina kakawasaan Prabu Drupada.

Dina lalampahanana néangan Sucitra, manéhna henteu bisa meuntas walungan sarta ditulungan ku hiji kuda ngapung pawujudan Déwi Wilutama, anu disupata ku déwa. Supata éta baris lekasan lamun aya saurang satria mitresna manéhna kalayan ihlas. Alatan pitulungna, mangka sang Kombayana mitresna kuda bikang éta. Tapi alatan kabawa napsu, Kombayana sapatemon jeung kuda Wilutama nepi ka reuneuh, sarta jaga ngalahirkeun anak nu kasép tapi miboga suku kawas kuda (maké sapatu kuda), anu saterusna dibéré ngaran Aswatama.

Sanggeus papanggih jeung Sucitra anu geus jadi raja sarta boga gelar Prabu Drupada, manéhna henteu diaku salaku baraya sepaguron. Kombayana ambek ngarasa dihina, saterusna balik ngécé ka Raja Drupada. Tapi Mahapatih Gandamanah (Patih di Astinapura, waktu pamaréntahan Pandu) jadi amarah antukna lumangsung peperangan anu henteu saimbang. Sanajan Kombayana pohara sakti tétéla kasakénna jauh kénéh di sahandapeun Gandamanah anu mibanda Aji Bandung Bandawasa (ajian ieu diturunkeun ka murid kadeudeuhna, Raden Brataséna) anu mibanda kakuatan satanding jeung sarébu gajah.

Kombayana jadi bulan-bulanan antukna awakna ruksak. Tapi manéhna henteu mati sarta ditulungan ku Sangkuni anu nasibna sarua (baca sempalan Mahabarata anu dijudulan Gandamana Luweng). Ahirna manéhna ditarima di Astinapura sarta dipercaya ngatik barudak turunan Barata (Pandawa sarta Kurawa).

Dorna dina Baratayuda[édit | édit sumber]

Dina perang Baratayuda, Resi Dorna diangkat jadi Sénapati Agung Kurawa, sanggeus gugurna Bisma. Manéhna pohara mahér dina siasat perang sarta sok bener dina nangtukeun formasi perang. Resi Dorna gugur di m pas dan perang ku sabetan pedang Dréstajumena, putera Prabu Drupada, anu megatkeun sirahna. Cenah pati Resi Dorna kajadian alatan dendam Prabu Ekalaya, raja nagara Parangggelung anu nitis kana awak Dréstajumena. Tapi sabenerna kajadian éta dilantarankeun ku taktik perang anu dilancarkeun ku pihak Pandawa kalawan tipu muslihat alatan karipuh nyanghareupan kasaktén sarta kedigjayaan sang Resi.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa