Lompat ke isi

Baratayuda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ilustrasi waktu perang di Kurusétra dina buku Mahabarata.
Kurusétra, patempatan Baratayuda lumangsung.

Baratayuda (basa Sansakerta: भारतयुद्ध; Bhāratayuddha) nyaéta perang rongkah antara dua pihak turunan Barata nyaéta para Pandawa jeung para Kurawa di médan Kuru atawa Kurusétra. Peperangan ieu lumangsung salila 18 poé. Peperangan ieu dicaritakeun dina wiracarita Mahabarata anu ditulis Krishna Dwaipayana Wyasa ti India, kira-kira 400 taun Saméméh Masehi.

Di Indonésia, carita Mahabarata ditulis deui di réa wewengkon luyu jeung kaayaan sosial budaya satempat antukna caritana jadi mekar sarta henteu sarua persis jeung carita aslina. Sawatara carita kasebut bisa dibaca dina Surat Purwacarita, Surat Paramayoga, Surat Kanda, sarta Surat Pustaka Raja Purwa.

Kasangtukang Peperangan

[édit | édit sumber]

Pandawa geus ngajalanan hukuman pangbuangan salila 13 taun, luyu jeung jangji-pasini, maranéhanana hayangeun nyepeng deui tahta KArajaan Kuru kalawan puseur pamaréntahan di Astinapura anu jadi hakna sacara turun-tumurun. Tapi pihak Kurawa anu mangrupa dulur misan Pandawa henteu daék ngabalikeun tahta Astinapura. Sanggeus kabéh usaha damé neumbrag jalan buntu, mangka lumangsung perang salila 18 poé di médan Kuru atawa Kurusétra.

Pihak anu kalibet

[édit | édit sumber]
Ilustrasi sawatara waktu saméméh perang di médan Kurusetra, wewengkon Haryana (India Kalér).

Pihak Pandawa

[édit | édit sumber]

Pasukan Pandawa dibagi jadi tujuh divisi. Masing-masing divisi dipingpin ku Drupada, Wirata, Dréstajumena, Srikandi, Satyaki, Cekitana sarta Bima. Sanggeus “rundingan” jeung para pamingpin maranéhanana, para Pandawa nunjuk Dréstajumena minangka panglima perang pasukan Pandawa. Buku Mahabarata nyebutkeun yén sakumna karajaan di daratan India kalér biluk ka Pandawa sarta nyerahkeun pasukan anu jumlahna loba. Sawatara di antara maranéhanana nyaéta Karajaan Kakaya, Karajaan Pandya, Karajaan Cola, Karajaan Kerala, Karajaan Magada, Wangsa Yadawa, Dwaraka, sarta réa deui.

Pihak Kurawa

[édit | édit sumber]

Duryodana ménta Bisma pikeun mingpin pasukan Kurawa sakaligus ngangkat manéhna jadi panglima pangluhurna pasukan Kurawa. Pasukan dibagi jadi sabelas divisi. Saratus Kurawa dipingpin ku Duryodana sorangan babarengan jeung adina—Dursasana, anak kadua Dréstarastra, sarta dina perang kasebut Kurawa dibantuan ku Resi Drona jeung anakna (Aswatama), lanceuk ”ipar” para Kurawa—Jayadrata, Guru Krépa, Kertawarma, Salya, Sudaksina Kamboja, Burisrawa, Bahlika, Sangkuni, sarta réa deui para satria sarta raja gagah perkasa anu ngabiluk Kurawa demi Astinapura atawa Dréstarastra.

Pihak netral

[édit | édit sumber]

Karajaan Widarha jeung rajana, Raja Rukmi, saperti lanceuk Kresna, nyaéta Baladéwa, mangrupa pihak anu nétral dina peperangan baratayuda.

Jalanana perang di Kurusétra

[édit | édit sumber]
Para Raja jeung satria niup tarompet karang maranéhanana tanda perang baris dimimitian.

Sanggeus Arjuna réngsé mariksa pasukanana, perang dimimitian. Dua belah pihak maju kalayan pakarang nu pepek. Divisi pasukan Kurawa jeung divisi pasukan Pandawa silih tumpes. Bisma maju narajang para satria Pandawa sarta ngabinasakeun naon waé anu ngahalangan jalanana. Usaha para satria Pandawa di poé kahiji henteu hasil. Maranéhanana nampa éléh. Anak-anak Raja Wirata gugur ku Bisma jeung Salya dina poé kahiji. Dina poé kadua, Arjuna boga tekad pikeun ngabalikeun kaayaan poé kahiji. Arjuna mecakan pikeun narajang Bisma sarta nelasan patina, tapi para pasukan Kurawa ngajajar di sabudeureun Bisma sarta nangtayungan manéhna sakuat tanaga antukna ngahésékeun Arjuna. Pasukan Kurawa narajang Arjuna anu rék maéhan Bisma. Dua belah pihak silih tumpes, sarta lolobana pasukan Kurawa gugur ku leungeun Arjuna. Sanggeus nyapu sakumna pasukan Kurawa, Arjuna jeung Bisma kalibet tarung campuh / ragot. Dina tungtung poé kadua, pihak Kurawa ngarandapan éléh.

Dina poé katilu, Abimanyu jeung Satyaki ngagabungkeun kakuatan pikeun ngancurkeun prajurit Gandara milik Sangkuni. Bima jeung anakna, Gatotkaca, narajang Duryodana anu aya di barisan tukang. Tapi Duryodana hasil nyingkahan serangan Bima. Pasukan Pandawa kalayan sakuat tanaga ngabales serangan Bisma. Bima aya di garis hareup babarengan jeung Srikandi sarta Dréstajumena di gigireun / sabeulahna. Satyaki pahareup-hareup jeung Drona. Di tempat séjén, Arjuna jurit sarta hasil maéhan rébuan prajurit nu dikirim Duryodana pikeun narajang manéhanana.

Ngocorna getih anu hésé dibayangkan terus kajadian ti poé ka poé salila perang lumangsung. Poé kagenep mangrupa poé ”pembantaian” anu hébat. Drona ”membantai” réa prajurit di pihak Pandawa anu jumlahna hésé diukur. Formasi dua belah pihak paburantak. Dina poé kadalapan, Bima maéhan dalapan anak Dréstarastra. Anakna Arjuna, nyaéta Irawan, perlaya ku para Kurawa. Dina poé kasalapan Kresna ambek sabab Arjuna ajrih sarta teu wani ngéléhkeun Bisma.

éléhna Bisma

[édit | édit sumber]
Lukisan India anu ngagambarkeun Resi Bisma keur ngedéng dina "ranjang panah".

Pandawa anu ngarasa mustahil bisa ngéléhkeun Bisma nyusun hiji strategi. Arjuna boga rancana pikeun nempatkeun Srikandi di hareupeun karétana, sarta manéhna sorangan baris narajang Bisma ti tukangeun Srikandi. Bisma anu henteu téga pikeun narajang saurang wanoja, henteu bisa narajang Arjuna alatan dihalangan ku Srikandi. Hal éta dimangpaatkeun Arjuna pikeun ngahujanan Bisma ku rébuan panah anu sanggup nembus baju beusina. Ratusan panah dina awak Bisma mebes nepi ka nembus awakna. Sang satria agung tiguling tina karétana, tapi awakna henteu antel kana taneuh alatan “ditopang” ku panah anu mebes kana awakna. Pandawa jeung Kurawa ngeureunkeun peperangan sajongjongan tuluy ngalingkung Resi Bisma. Bisma nitah Arjuna pikeun nancebkeun panah dina handapeun sirahna minangka bantal. Sanajan geus teu walakaya, Bisma sanggup hirup salila sawatara poé sarta nyaksian kaancuran pasukan Kurawa.

Ku éléhna Resi Bisma dina poé kasapuluh, Karna maju ka médan laga. Hal ieu ngabungahkeun haté Duryodana. Manéhna ngangkat Drona salaku panglima pangluhurna pasukan Kurawa. Raja TrigartadesaSusharma—jeung 3 barayana sarta 35 urang anak maranéhanana nu aya di pihak Kurawa mecakan pikeun maéhan Arjuna. Maranéhanana turun ka médan laga dina poé kadua belas sarta langsung nyerang Arjuna. Tapi maranéhanana henteu hasil sarta hiji-hiji. Nambah poé, kakuatan para Pandawa beuki nambahan.

Gugurna Abimanyu

[édit | édit sumber]

Pikeun ngancurkeun pasukan Pandawa, Duryodana ngagero Bagadatta, Raja Prajayogasta. Bagadatta téh anakna Narakasura, raja jahat anu telasan Kresna sawatara taun saméméhna. Bagadatta mibanda rébuan gajah mammoth, gajah anu ukuranana pohara badag minangka kakuatan pasukanana. Bagadatta mangrupa satria pangkuatna di antara sakumna pasukan panunggang gajah di dunya. Bagadatta narajang Arjuna maké rébuan gajahna. Perang lumangsung kalawan pohara ragotna. Alatan Arjuna riweuh nyanghareupan peperangan nu ragot, manéhna hésé boga kasempetan pikeun kaluar tina kepungan formasi perang “Cakravyhuha” anu digelar ku pasukan Kurawa. Yudistira nempo hal kasebut sarta ngajurung Abimanyu, anakna Arjuna, pikeun mantuan bapana kaluar tina bubu formasi “Cakravyuha”. Arjuna hasil kaluar tapi sabalikna, Abimanyu asup kana bubu sarta perlaya. Dina poé kadua belas, sanggeus ngaliwatan tarung anu ragot, ahirna Bagadatta jeung Susharma gugur ku leungeun Arjuna.

Ahir peperangan

[édit | édit sumber]

Perang lumangsung salila 18 poé. Sanggeus gugurna Abimanyu, Bagadatta, Susharma jeung dulur-dulurna dina poé ke-12, perang lumangsung kalawan rohaka salila genep poé satuluyna. Dina ahir poé ke-18, ngan sapuluh satria anu bisa salamet dina perang téh, maranéhanana nyaéta: Pandawa, Yuyutsu, Setyaki, Aswatama, Krépa sarta Kritawarma. Yudistira diistrénan jadi Raja Astinapura. Sanggeus maréntah salila sawatara lila, manéhna ngawariskeun tahta ka incuna Arjuna, Parikesit. Saterusna, manéhna babarengan Pandawa lianna sarta Drupadi naék ka gunung Himalaya minangka tujuan ahir lalampahan maranéhanana.

Baratayuda dina vérsi pawayangan

[édit | édit sumber]

Kajadian Saméméh Perang Baratayuda

[édit | édit sumber]

Pamilahan Carita Perang Baratayuda

[édit | édit sumber]

Baratayuda dina vérsi pawayangan Sunda jeung Jawa dibagi kana:

Tempo ogé

[édit | édit sumber]
Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa