Gada

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Rupa-rupa gada Indo-pérsia, ti kénca: Bozdogan/buzdygan (Usmani), tabar-shishpar (India), shishpar (India), shishpar (teu dipikanyaho), gurz (India), shishpar (India).

Gada téh pakarang mintul, sajinis gegendir atawa panakol anu dibeungbeuratan bagéan tungtung luhurna, tujuanna hambéh ngahasilkeun teunggeulan anu bedas. Gada biasana dijieun tina watang kai nu teuas jeung beurat, atawa dijieun tina logam, umumna mah mun dijieun tina kai gé sok dilapisan ku logam. Lebah pependulna aya nu dijieun tina batu, tambaga, parunggu, beusi, atawa waja.

Dina pependul gada militér mah sok ditambahan cucuk atawa garigi disakurilingeun pependulna, maksudna pikeun ngahasilkeun dorongan nu leuwih bedas nalika diteunggeulekun kana taméng. Panjang gada euweuh standarna. Gada tentara infantri biasana pondok pisan. Mun gada kavaléri mah leuwih panjang lantaran supaya bisa ngaraih leuwih jauh waktu neunggeul bari tumpak kuda.

Kiwari gada jarang dipaké pikeun patempuran nu saenyana, ngan di sajumlah wewengkon jeung lembaga-lembaga masih kénéh miara tradisi adat sarta tumuluy midangkeun simbul gada minangka lambangna. 

Prasajarah[édit | édit sumber]

Gada taneuh liat prasajarah kapanggih di Sérbia Tengah.
Gada batu Moche. Koléksi Larco Museum. Lima-Péru
Patung déwa India, Hanoman mawa gunung Dronagiri (Sanjeevani), jeung Bajra di leungeun kénca-na

Gada diropéa salila mangsa Paléolitik luhur tina asalna mah panakol kohkol biasa, ku cara nambahkeun ruruhit rijang atawa obsidian.

Di Éropa, ruruhit gada rijang pikeun sérémonial téh diukir sacara rumit, ieu mangrupa salah sahiji artéfak nu kapanggih mangsa ngali gundukan Néolitik di Knowth Irlandia, sarta loba manggihan pependul gada nu liangan nu asalna ti zaman parunggu.

Di Ukraina kuna, nu mimiti dipaké téh gada pependul batu, kraung leuwih dalapan rébu taun ka tukang. Nu séjénna kapanggih aya nu pependulna cakram batu wangunna ahéng lempeng kana panyekelanna. 

Masalah dina gada baheula nyaéta pependul batuna nu gampang ancur  sarta hésé dioméanana disambungkeun deui kana panyekelanana. Urang Mesir nambahan bentuk disk dina mangsa pra-dinasti (kurang leuwih 3850-3650 SM) pikeun nambahan fungsi pikeun motong, ngan ieu mangrupa ropéaan jangka pondok.

Wangun buleud dina pependul gada ngaganti nu wangun cakram dina période Naqada II di Mesir Kuna pra-dinasti (3600-3250 SM) sarta dipaké sapanjang périodeu Naqada III (3250-3100 SM). Pependul gada nu sarupa ogé dipaké di Mésopotamia kurang leuwih 2450-1900 SM. Urang Asyur ngagunakeun gada kira-kira abad ka-19 SM. Harita gada dijieun tina batu atawa marmer sarta dilengkepan ku emas atawa logam lianna, ngan jarang dipaké dina patempuran iwal mun ngalawan infantri lapis waja.

Pependul gada Assyria jeung prasasti

Nu pangpentingna mah , ropéaan pependul gada nu maké logam pikeun komposisina. Ku bijilna pependul gada tambaga, ieu leuwih hadé, lantaran teu gampang ancur sarta cocog pisan ditapelkeun kana iteuk kai, sarta jadi kaideuan pikeun ngabentuk gada congcot kalawan panyekelna anu nyungcung.

Shardanas atawa pajuang ti Sardinia nu merjuangkeun Ramses II ngalawan Hittities dibekelan pakarang gada nu mangrupa iteuk kayu dipependulan parunggu. Loba tapékong parunggu kuna nu némbongkeun pajuang Sardinia nu mawa pedang, gondéwa jeung gada.

Kuna[édit | édit sumber]

Pamakéan gada dina pangperangan ogé geus digambarkeun dina carita India kuna Ramayana jeung Mahabarata. Ieu gada nu kiwari ku urang Sunda dipikawanoh, malah sok disebut ogé bajra. Ieu gada satemenna dipaké dina unggal pangperangan di pangperangan India kuna.

Romawi kuna teu ngamangpaatkeun gada sagemblengna, meureun alatan pangaruh baju wesi, sarta watek patarungan infantri Romawi nu ngalibetkeun pilum (tumbak) jeung gladius (pedang pondok nu dipakéna ditusukkeun). Pamakéan pakaran nu diayunkeun jabaning beurat kieu dina formasi infantri Romawi nu ngabaris kerep mah teu praktis. Padahal harita aya pasukan nu ngabantuan ti Suriah Paléstina dibekelan pakarang panakol di patempuran Immae jeung Emesa taun 272 M, kabukti éféktif ngalawan kavaléri lapis waja Palmyra.

Pérsia ngagunakeun macem-macem gada. Teu jiga urang Romawi, Pérsia nurunkeun loba kavaléri lapis waja sarta dibekelan pakaran. Pikeun kasatria Pérsia pakarang beurat, gada sarua éféktifna kawas pedang atawa kampak. Saenyana, Shahnameh mibanda loba référénsi ngeunaan kasatria lapis waja nu silih sanghareupan maké gada, kampak, jeung pedang.

Pernach (kénca) jeung dua shestopyors

Abad patengahan Éropa[édit | édit sumber]

Mangsa abad patengahan, baju wesi jiga harnas ranté nangtayungan tina teunggeulan pakarang mataan. Gada métal padet jeung palu perang kabukti bisa nyumebabkeun karuksakan ka kasatria lapis waja, lantaran kakuatan teunggeulan tina gada cukup badag sangkan nyebabkeun karuksakan tanpa nembus harnas. Beusi geus jadi ilahar dipaké, tambaga jeung parunggu ogé dipaké, utamana di wewengkon nu kurang bahan beusi. Di wewengkon Sami misalna, terus ngagunakeun parunggu pikeun gada minangka alternatif nu leuwih murah batan beusi atawa waja.

Hiji conto gada nu bisa nembus harnas nyaéta adalah gada seukeut. Kamumkinan bisa nojos atawa nembus harnas kandel. Ieu gada nyuncung teu pati kasohor deui sanggeus bijil gada pependul roda. Sanajan aya sawatara rujukan ngeunaan gada seukeut (bardoukion) dina awal Kakaisaran Bizantium taun 900[1], sacara gada nyuncung teu kasohor di Éropa mah nepi ka abad ka-12, bareng jeung kumembangna gada di Rusia jeung Asia Kulon Tengah.[2]


Gada mah pakrang nu gampang dijieunna, murah sarta gampang dipakéna. Contona mun di musium sok loba nu maké gada minangka dékorasina.[3] 

Éropa Wétan[édit | édit sumber]

Gada tipe Shestopyor dipaké ku rotmistrzs ti tentara kulawarga Radziwiłł.

Mun di Éropa Wétan mah gada geus teu bireuk deui, utamana di Polandia jeung  Ukraina mangsa abad patengahan.[4] Gada urang Éropa Wétan pependulna kawas buah pir. Ieu gada gé dipake ku raja Moldavia raja Agung Stephen di sawatara perangna (tempo Bulawa).

Pernach mangrupa sajenis gada seukeut nu dikembangkeun ti abad ka-12 di wewengkon Kievan Rus', sarta saterusna loba dipaké di sakuliah Éropa. Ngaran éta téh asalna ti basa Slavia kecap pero (перо) nu hartina bulu, nu ngagambarkeun wangun pernach nu nyarupakeun panah fletched. Pernachs mangrupa bentuk munggaran ti gada nyungcung pikeun tujuan pamakéan nu leuwih lega.[5]

Amérika pra-Columbus[édit | édit sumber]

Budaya Amérika pra-Columbus (saméméh datangna Columbus) ngagunakeun panakol jeung gada sacara maneuh. Para pajuang nagara Moche jeung Kakaisaran Inca ngagunakeun gada nu pependulna tina tulang, batu atawa tambaga jeung watang kai.

Wewengkon India[édit | édit sumber]

Shishpar[édit | édit sumber]

Kecap Shishpar, asalna tina basa Indo-Iran nu dipaké pikeun ngarujuk ka pagunungan nu tungtungna di Hindu Kush, gada Shishpar diwanohkeun ku Kasultanan Délhi sarta tumerus dipaké nepi ka abad ka-18.

Mace as exercise equipment[édit | édit sumber]

Akharas India (mangrupa tempat olahraga tempur) sok maké gada batu beurat minangka bagéan tina latihan.

Éra modérn[édit | édit sumber]

Panakol rampasan Perang Dunya I

Panakol rampasan perang nu dipaké salila Perang Dunya I mangrupa gada jinis modérn. Ieu mangrupa pakarang jieunan sorangan nu dipaké ku Sekutu. Panakol dipaké dina mangsa peuting pikeun ngarampog, nalika keur tiiseun sarta éféktif pikeun maténi atawa narajang tentara musuh sangkan taratu.

Kaayaan darurat ogé sok kapanggih di hooligan sepak bola nu sok mawa gada kieu mangsa taun 1980-an.[6]

Pamakéan adat[édit | édit sumber]

Gada mibanda peran dina prakték adat ti waktu ka waktu, kaasup sababaraha upacara adat nu masih kénéh maké gada nepi ka kiwari.

Gada parleméntér[édit | édit sumber]

Gada upacara penting pisan peranna di sawatara parlemén sanggeus sistim Westminster. Ieu gada dibawa ku sersan-at-arms atawa pamawa gada lianna sarta dipidangkeun di méja pagawé, sedengkeun parlemén dina sési pikeun némbonkeun yén hiji parlemén sagemblengna dibentuk. Ieu diréngsékeung mangsa upacara dipungkas.

Gada Royal Society, titinggal Charles II.

Gada modérn[édit | édit sumber]

Gada sérémonial mah pondok, loba ukiranna, umumna mah dijieun dina pérak, bagéan luhurna dilengkepan ku kenop atawa potongan pependul lianna jeung dihias ku lambang. 

Gada pawéi[édit | édit sumber]

Gada Marshal ti Poland

Maces ogé dipaké minangka pakakas pawéy, lain ajang perang, utamana mah dina marching band dina kamilitéran.

Gada universitas[édit | édit sumber]

Ceremonial maces of the Rector Magnificus of the University of Santo Tomas in Manila, Philippines.

Ari gada universitas mah dipakéna sarua jiga gada parlementér. Pikeun ngalambangkeun wewenang jeung indepéndensi hiji universitas sarta otoritas nu dibéré di provost. Biasana mah dibawa dina mangsa awal upacara patemuan jeung panjangna kurang ti satengah meter.

Pamakéan héraldik[édit | édit sumber]

Kawas umumna pakarang ti jaman féodal, gada geus dipaké dina blazona heraldik minangka muatan dina perisai atau barang lainnya, atau ornamen eksternal.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Heath, Ian. Armies of the Byzantine Empire, 886–1118. 
  2. Ramsey, Syed (2016). Tools of War: History of Weapons in Medieval Times. Alpha Editions. ISBN 978-9386101662. 
  3. Disraeli, Isaac (1834). Curiosities of Literature, Volume 1. Boston: Lilly, Wait, Colman, and Holden. 
  4. Official Symbols of the President of Ukraine: The presidential mace Citakan:Webarchive
  5. Medieval flanged maces by Shawn M. Caza.
  6. "Mace of Evil". Daily Mirror. Citakan:ISO date/en. p. 1 

Daptar pustaka[édit | édit sumber]

  • Dictionary of Medieval Knighthood and Chivalry by Bradford Broughton (NY, Greenwood Press, 1986, Citakan:Catalog lookup linkGalat skrip: tidak ada modul tersebut.0-313-24552-5)
  • Hafted Weapons in Medieval and Renaissance Europe: The Evolution of European Staff Weapons Between 1200 and 1650 by John Waldman (Brill, 2005, Citakan:Catalog lookup linkGalat skrip: tidak ada modul tersebut.90-04-14409-9)
  • Medieval Military Technology by Kelly DeVries (Broadview Press, 1998, 0-921149-74-3)

Tutumbu luar[édit | édit sumber]