Lompat ke isi

Sastra Bandingan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sastra bandingan atawa literary comparative[1] nyaéta studi sastra anu maluruh kamekaran karya sastra tina hiji mangsa ka mangsa, genre ka genre, pangarang hiji jeung pangarang séjén sarta éstétika nu hiji jeung nu séjén[2]. Sastra bandingan miboga pancén pikeun maluruh sakurang-kurangna dua novél anu béda. Aya sababaraha hal anu miboga pakait jeung istilah sastra bandingan. Kahiji, ieu istilah dipaké pikeun studi sastra lisan, umumna dina kamekaran carita rayat[3]. Kadua, istilah sastra bandingan dipaké pikeun maluruh ngeunaan patula-patalina dua karya sastra atawa leuwih[3]. Katilu, istilah sastra bandingan disaruakeun jeung istilah sastra sacara umum[3]. Sastra bandingan ogé miboga sababaraha fungsi, di antarana: a) pikeun maluruh patalina karya sastra anu hiji jeung nu séjén; b) pikeun nangtukeun orisinalitas tina hiji karya; jeung c) pikeun maluruh aspék budaya tina unggal karya sastra[2].

Sajarah[édit | édit sumber]

Panaratas sastra bandingan nyaéta Noel jeung Laplace dina antologi Cours de Litterature ngeunaan sastra Prancis jeung sastra Inggris taun 1816[1]. Tapi inohong  anu kawéntarna nyaéta Abel Francois Villeman jeung Ampere kalawan gelar “Bapak Sastra Bandingan[2]. Taun 1829 Villeman ngaliwatan kuliah umum méré kajian anu dijudulan “Examination of the Influence Exerted by French Eighteen Country Writters on Foreign Literature and on the European Mind”. Sedengkeun Ampere méré kajian kalawan judul “Comparative History of Literature”. Sastra bandingan di Prancis jadi mata kuliah di Universitas Sorbonne taun 1897, inohongna Joseph Texte[2]. Sastra bandingan di Amérika jadi mata kuliah di Universitas Columbia taun 1899, inohongna George W. Woodberry. Sastra bandingan di Inggris resmi jadi hiji kajian sacara ilmiah jeung akademis taun 1921, inohong anu kawéntarna nyaéta Eric Patridge anu nerbitkeun jurnal kalawan judul Critical Medley Essay, Studies and Notes in Comparative Literature taun 1926[2].

Inohong sastra bandingan di Jerman nyaéta William de Clerq[2]. Taun 1948 sastra bandingan jadi mata kuliah di Universitas Utrecht, inohongna W.A.P Smith Hendrik Sparnaay. Taun 1948 di nagara Jepang medal jurnal sastra bandingan (Hikaku Bungaku). Di India sastra bandingan jadi mata kuliah di Universitas Jadav Calcutta taun 1956, inohongna Buddhadeva Bose. Taun 1948 medal buku kalawan judul Notes on Literature and Art (Tan Yi Lu) di Cina, nu nyusunna Qian Zhongshu. Di Taiwan jurnal sastra bandingan medal taun 1971 kalawan judul Tamkang Review, konferensi ngeunaan sastra bandingan dilaksanakeun unggal opat taun sakali di Tamkang, Taiwan[2].

Inohong sastra bandingan di Indonesia di antarana Marsono (UGM), Ery Iswary (Universitas Hasanuddin), Adi Setyowati (Universitas Airlangga), Wiyatmi (UNY), Ujang Pairin (Unesa), Ruhaliah (UPI), jeung Rahma Purwaida (UMS)[2].

Widang Kajian[édit | édit sumber]

Sastra bandingan miboga widang kajianana sorangan, ilaharna panalungtikan anu kudu ilmiah jeung miboga sipat faktual. Aya opat kelompok panalungtikan dina sastra bandingan dumasar objék garapanana nyaéta:

  1. maluruh patalina hiji karya jeung karya séjénna, kaasup aya henteuna pangaruh hiji téks kana téks séjén[4];
  2. maluruh téma hiji karya[4];
  3. maluruh gerakan atawa loyogna hiji karya[4].
  4. nganalisis karyana[4].

Tina pedaran di luhur, panalungtik bisa milih anu luyu jeung objék garapan panalungtikan. Widang kajian sastra bandingan dibagi dumasar sababaraha sawangan pikeun ngalarapkeun tiori kana prakték.

Kajian anu sipatna komparatif[édit | édit sumber]

Ieu widang miboga fokus kana téks sastra anu rék dibandingkeun[2]. Ieu ulikan mangrupa léngkah munggaran ayana sastra bandingan, sarta dianggap pangpentingna. Nu diulikna bisa pangaruhna atawa sasaruaanana[4]. Biasa anu dianalisisna unsur-unsurna tapi bisa ogé téks anu sarua tina wanda téks anu béda[4].

Kajian anu sipatna historis

Kasang tukang tina ieu kajian nyaéta sisi sajarah tina gelarna éta karya[2]. Ieu ulikan museur kana ajén-ajén historis nu jadi kasang tukang ayana hiji téks jeung téks séjénna, atawa antara téks di hiji tempat jeung asupna ka tempat séjén[4].

Kajian bandingan téoritik

Panalungtikan nu sipatna téoritik mangrupa ulikan dina konsép, kriteria, watesan atawa aturan-aturan dina widang sastra. Upamana konsép ngeunaan aliran, genre, bentuk, téori atawa kritik sastra[4].

Kajian antar disiplin élmu[édit | édit sumber]

Téks sastra réa nu eusina patali jeung élmu séjén. Upamana waé dina wawacan aya nu eusina agama, seni, hukum, ékonomi, sajarah, pertanian, tetekon hirup, jeung sajabana. Ku kituna éta téks bisa dibandingkeun jeung élmu nu patali jeung eusi éta téks[4].

Daftar Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b Management, Rumpun Nektar. "Pengertian Sastra Bandingan dan Sejarahnya | Komunitas Penulis Fiksi Sastra Indonesia". Diakses tanggal 2021-04-16. 
  2. a b c d e f g h i j Endraswara, Suwardi (2014). Metodologi Penelitian Sastra Bandingan. Jakarta: Buku Pop. p. 12. ISBN 978-979-1012-43-0. 
  3. a b c Wellek, Rene (2014). Teori Kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama. pp. 45–47. ISBN 9786020334288. 
  4. a b c d e f g h i -, Ruhaliah (2015). Sastra Bandingan. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia. pp. 12–13. ISBN 9786021408681.