Lompat ke isi

Secang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Caesalpinia sappan
Buah secang jeung kembangna
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spésiés:
C. sappan
Ngaran binomial
Caesalpinia sappan
L., 1753[1]
Sinonim
  • Biancaea sappan (L.) Tod.

Sumber: ILDIS[2]

Secang; sepang (Caesalpinia sappan L.) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga (Fabaceae). Buahna kagolongkeun kana polong-polongan, kulit tangkalna dimangpaatkeun salaku rempah-rempah jeung bahan celep kalawan jadi komoditas anu mibanda niléy ékonomi.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Kasang tukang ieu tutuwuhan teu pati dipikawanoh, ngan kanyahoan geus di budidayakeun dina waktu anu geus lila. [3] Utamana di wewengkon ; India, Asia Tenggara, Malesia, nepi ka Pasifik, salaku bahan baku kelir, ubar tradisional, jeung rempah-rempah .[4] Baraya deukeutna anu pituin ti Amérika Kidul, kai brazil atawa brezel (C. echinata), ogé dimangpaatkeun pikeun tujuan anu sarua.

Ieu tutuwuhan geus jadi komoditas balantik unggal nagara saheteuna nepi ka ahir abad-19, tapi ka dieunakeun beuki turun niléy na alatan kasilih ku zat celep/kelir sintétik.[4]


Ngaran séjén

[édit | édit sumber]

Secang dipikawanoh ku rupa - rupa ngaran, kayaning seupeuĕng (Aceh); sepang (Gayo); sopang (Toba); sapang, cacang (Mink.); sĕpang, sĕcang (Btw.); sĕcang (Sd.); kayu secang, soga jawa (Jw.); kajo sécang (Md.); cang (Bl.); sĕpang (Sas.); supa, supang (Bm.); sapang (Mak.); sĕpang (Bug.); sépé (Rote), sépél (Timor), hapé (Sawu), hong (Alor); séfén (Weda), sawala, singiang, sinyianga, hinianga (aneka dialek di Maluku Utara), sunyiha (Ternate), roro (Tidore); sema (Man.), naga, pasa, dolo (aneka dialek di Sulawesi Utara).[5] Dina basa Inggris disebutna sappanwood (Ingg.), jeung suou (Jp.).

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Pelat botani numutkeun Blanco
ranggeuyan kembang

Tangkal leutik atawa rungkun, tinggi 4-10 m.[3][4] Tangkal ngajarendul kalawan carucukan, kulit tangkalna mibanda kelir coklan semu kulawu. geutahna beuteum.[4] Regana ogé carucukan sarta katempona melenoy ka handap.[3] régang anu ngorana katempo baruluan .[4]

Daun majemuk menyirip ganda, kalayan daun puhuna 3-4 mm, gancang murag. Tulang daun panjangna 25-40 cm; kalawan 9-14 pasang tulang daun digigireunna. Anak daun lobana 10—20 pasang di unggal tulang daun gigir, pasingareup-sinhareup, wujudna lonyod, 10-25 × 3–11 mm, sisina rata, lokos atawa baruluan carang tur parondok . Kembang ngumpul dina rangheuyan di tungtung régang atawa dina kélék daun palebah luhur, panjang 10–40 cm; daun pelindung 5-12 × 2–5 mm, buluan, gancang murag; gagang kembang (pedicels) panjangna 15–20 mm.[3] konéng kelopakna-5; gundul, rubakna 7-10 × 4 mm; mahkota berambut balig, 9-11,5 × 6–10 mm, anu pang luhurna leuwih leutik, berkuku lk. 5 mm; tangkai sari lk. 15 mm, putik lk. 18 mm.

Buah wujudna polong lonyod atawa jorong senjang (asimetris), 6-10 × 3–4 cm, tungtungna kawas pamatuk, eusina 2-4 siki, héjo semu konéng jadi coklat semu beureum wanci geus asakna. Siki buleud panjang (elipsoida), 15–18 mm × 8–11 mm, cokelat hideung.[3][4]

[6]

Secang lolobana hirup liar di tegalan sarta lamping pasir. Akarna teu mikaresep taneuh jelek sarta gancang busuk di mana kakeueum, Tutuwuhan ieu mikaresep taneuh anu ngandung babatuan tur apu, atawa taneuh anu keusikan di sisi wahangan.[4]

Guna jeung mangpaat

[édit | édit sumber]

Bahan celep

[édit | édit sumber]

Sakumaha kai brazil, kai secang utamana jadi bahan pikeun ngahasilkeun bahan kelir/celep anu dimangpaatkeun pikeun : Kadaharan, pakéan, anyam-anyaman, karajinan, jeung barang-barang séjén.[5] Rumphius nuliskeun cenah "Lignum Sappan" baheula di Nusantara ieu tutuwuhan dipelak ampir di unggal imah. .[7]

Kai secang mibanda rupa-rupa hasiat (astringensia). Kandungan utamana tayalian brazilin, tayalian hiji zat kelirna beureum-sappan, asam tanat, ogé asam galat. Simplisia kai secang wujudna kai secang beunang nyiksik ieu dipiwanoh Sappan lignum dina FMSo (Formularium Medicamentorum Soloensis).[8]

Kai secang ogé geus ngaliwatan pangujian, sacara ilmiah kanyahoan mibanda antioksidan, antibakteri, anti-inflamasi, anti-photoaging, hypoglycemic (nurunkeun kadar gula geutih), vasorelaxant (merelaksasi pembuluh darah), hepatoprotective (ngajaga haté ) jeung anti-acne (anti jerawat).[9] Ekstrak kayu secang juga ditengarai berkhasiat anti-tumor, anti-virus, immunostimulant dan lain-lain.[10]

Kulit tangkalna jadi bahan pikeun nyieun celep/kelir beureum brazilin, kawan kai brazil jeung baraya-baraya deukeutna, dimangpaatkeun pikeun nyieun cét, nyelep pakéan.

Bahan campuran jajamu dijieun tina tangkal secang beunang meulahan, Di Yogyakarta kidul kai secang jadi salahsahiji bahan (wedang secang jeung wedang uwuh).

Kai tangkal secang ogé dimangpaatkeun pikeun nyieun rupa-rupa parabot jeung pakakas rumahtangga, sanajan ngan kauger pikeun anu ukuranna laleutik wungkul. [5]

Rungkun secang anu carucukan, remen dimangpaatkeun pikeun pager hirup di leuweung jati di Jawa.

Catatan kaki

[édit | édit sumber]
  1. Linne, Karl von & Lars Salvius. 1753. Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, ... Tomus 1: 381. Holmiae :Impensis Laurentii Salvii [1 May 1753]
  2. ILDIS: Caesalpinia sappan L., diakses 28/10/2015.
  3. a b c d e Ding Hou. 1996. "Caesalpinia L." Flora Malesiana 12(2): 535-55 (C. sappan, p. 552)
  4. a b c d e f g Zerrudo, J.V. 1991. "Caesalpinia sappan L." In: R.H.M.J. Lemmens & N. Wulijarni-Soetjipto (Eds). Plant Resources of South-East Asia (PROSEA) No. 3, Dye and tannin-producing plants: 60-2 Archived 2020-09-22 di Wayback Machine. Bogor: PROSEA Foundation.
  5. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 2: 934-6. Jakarta: Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. (versi berbahasa Belanda -1916- II: 256.).
  6. Jansen, PCM. 2005. "Caesalpinia sappan L." In: P.C.M. Jansen & D. Cardon (Eds). Plant Resources of Tropical Africa (PROTA) No. 3, Dyes and tannins: 51-3. Wageningen: PROTA Foundation & Backhuys Publishers.
  7. Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars IV: 56-59, Tab. 21. Amstelaedami:apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.
  8. Sutrisno, B. 1974. Ihtisar Farmakognosi, Ed. IV: 122. Jakarta: Pharmascience Pacific.
  9. Nirmal, NP., MS. Rajput, RGSV. Prasad, M. Ahmad. 2015. "Brazilin from Caesalpinia sappan heartwood and its pharmacological activities: A review". Asian Pacific Journal of Tropical Medicine Vol. 8(6): 421–30 (June 2015).
  10. Badami, S., S. Moorkoth, & B. Shuresh. 2004. "Caesalpinia sappan, a medicinal and dye yielding plant". Natural Product Radiance Vol. 3(2): 75-82 (March-April 2004).

Pranala luar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Citakan:Rempah-rempah