Sepat

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Sepat
Sepat rawa, Trichogaster trichopterus
dari Prembun, Tambak, Banyumas
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Actinopterygii
Order: Perciformes
Suborder: Anabantoidei
Kulawarga: Osphronemidae
Subfamily: Luciocephalinae
Génus: Trichogaster
Bloch & Schneider, 1801

Sepat (Trichopus Trichopterus) nyaéta lauk leutik anu asalna tina kulawarga Osphronemidae, awakna gépéng sagedé daun rambutan, pangawakanna méh sarimbag jeung lauk guramé.[1] [2] Lauk sepat kaasup lauk anu mibanda niléy ékonomi.<ref=ekonomi/> Loba dikonsumsi dina kaayaan seger atawa geus dijieun lauk asin, lauk sepat ogé loba dijual hirup pikeun lauk hias.[2] Sababaraha daérah anu kasohor ngahasilkeun lauk sepat olahan kayaning Jambi utamana ti daérah Kumpeh jeung Kumpeh Ulu; Sumatra Kalér, Kalimantan Kidul.<ref=ekonomi>Harian Kompas, Air Menyurut Drastis, Ikan Melimpah. Sabtu, 26 Juli 2003.</ref>[3]

Baranahan[édit | édit sumber]

Lauk sepat ilahar kapanggih hirup di balong, situ, susukan, ogé rawa-rawa. Bisa hirup di cai anu mibanda PH jeung oksigén anu jumlahna saeutik, ieu ku lantaran lauk sepat mibanda organ séjén pikeun ngambekan anu disebut labyrinth.[4]

Di alam liar, lauk sepat mimiti mijah mangsa panungtung usum hujan atawa nyanghareupan usum halodo.[4] Sepat bikang umur 7 bulan bisa ngahasilkeun endog kurang leuwih 7000 - 8000 siki dina sakali mijah.[4] Endogna laleutik bodas semu konéng, ieu baris megar dina waktu 36 - 48 jam ti saprak mijah atawa ngendog.[4] Endog-endog lauk sepat dikarimunan ku budah (yolk sack) anu dijieun ku sepat jaluna, mangsa endog geus megar jadi burayak, éta simbut endog anu tadi nyimbutan baris jadi kahakananna tur bakal béak dina waktu tilu poé nepi ka saminggu.[4]

Taksonomi[édit | édit sumber]

Mimitina mah sepat digolongkeun kana Belontiidae, bareng jeung lauk cupang ngan kiwari mah dihijikeunna kana golongan Osphronemidae, anu dijerona kaasup lauk guramé jeung sepat leutik (Colisa).[5] Kulawarga lauk Trichogaster méh sarimbag jeung lauk tina kulawarga Colisa; taya lian mibanda cécépét panjang dina beuteungna katempo kawas pecut.[5] Bédana ari kulawarga Trichogaster cécépét dina tonggongna leuwih badag tur pondok, kitu ogé dina pangawakana leuwih badag tibatan kulawarga Colisa.[5]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Dibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937. (id) (Diakses ping 14 September 2017)
  2. a b Rigg, Jonatha (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Universitas Harvard. 
  3. Harian Kompas, Daerah Subur Langganan Banjir. Selasa, 21 Oktober 2003.
  4. a b c d e H. Kordi K, M. Ghufran (2014). Panduan Lengkap Memelihara Ikan Air Tawar di Kolam Terpal. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 9789794618615. 
  5. a b c Pinter, H. (1986). Labyrinth Fish. Barron's Educational Series, Inc., ISBN 0-8120-5635-3(id) (Diaksés ping 14 September 2017)
Nulis.jpg



Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]