Sintrong

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Sintrong
Crasso crepid 100302-0338 ipb.jpg
Sintrong, Crassocephalum crepidioides
Darmaga, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
C. crepidioides
Ngaran binomial
Crassocephalum crepidioides
(Benth.) S. Moore
Sinonim

Daftar sumber:[1]

  • Erecthites hieraciifolia [L.] Raf. ex DC.
  • Gynura crepidioides Benth
  • Senecio hieraciifolia L.

Sintrong (Crassocephalum crepidioides) nyaéta jukut tina anggota Asteraceae, kaasup jukut liar bisa kapanggih di buruan, sisi jalan, kebon atawa tegalan. Dina basa Indonésia ieu jukut disebut bagini, jambrong, puyung atawa taplek Jawa [1] hirup subur dina taneuh anu mibanda luhur kurang leuwih 200 m dpl, dina basa Inggris jukut sintrong disebut ebolo, thickhead, redflower ragleaf .

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Kembang Sintrong

Tangkalna lempeng, jangkung bisa nepika saméter, umpama daunna digesek bakal ngaluarkeun bau anu has, tangkalna hipu tur guguratan gampang potong lamun ditaruk atawa dipetik.[2]

Dauna héjo wujudna lonyod sakapeung rada buleud mencos ka tungtung gedéna kurang leuwih 8–20 × 3–6 cm, sakuriling sisi daun rérégéan, gurat-gurat tulang daun anu aya dina beulah handapeun daun katembong dina daun beulah luhurna. Pucuk daun héjo ngora tur ukuranna leuwih leutik ti batan daun déwasa.

Kembangna loba buleud silindris kurang leuwih 13–16 × 5–6 mm mangrupa kudu/bonggol warna héjo diluhurna beureum anu dijerona dieusi ku entepan siki laleutik anu dilimpudan ku bulu barodas kawas kapas, dina mangsana mangkak ligar dipinuhan ku bulu bodas kawas kapas, sikina anu geus kolot bakal lésot tina pendul kembang hiber kabawa angin atawa murang ku hujanan.[2][3]

Tempat Hirup[édit | édit sumber]

Sintrong asalna ti wewengkon Afrika tropis, kiwari geus sumebar ka sabudeureun wilayah tropika di Asia. Di Indonésia, jukut sintrong anu kaasup kana kategori gulma dina catetan anu aya, mimitina kapanggih di deukeut daérah Médan dina taun 1926. Ti dinya dibawa ka daérah Jawa, tuluy hirup liar kalawan gancang ka sakuliah nusantara.

Mindeng kapanggih di taneuh-taneuh subur anu teu kaurus, sisi susukan atawa sisi jalan, pakebonan sakapeung aya ogé dina galengan sawah, siki-sikina nyebar ku alatan katiup angin. Sanajan gancang ngarekahan jeung kembangan sapanjang taun. Tangkal sintrong kaasup gulma anu gampang diperuhkeun.

Mangpaat[édit | édit sumber]

Sintrong sagigireun dimangpaatkeun pikeun lalab ogé bahan sayureun pikeun sawaréh warga di Jawa Barat, dipaké maraban ingon-ingon utamana kelenci, domba jeung embé. Di Afrika, sagigireun dimangpaatkeun pikeun bahan sayureun [4], sintrong ogé dimangpaatkeun pikeun ubar saperti ubar nyeri beuteung nyeri sirah, raheut, jeung réa-réa deui.

Sintrong mibanda saeutik astringen, ogé mibanda sipat antiradang, hemostatis, tonikum,Téh atawa herba sintrong bisa dimangpaatkeun pikeun ubar galingging, amandel, jeung eksim. Mangpaat séjéna ogé pikeun maraban ingon-ingon.Aya ogé akibat goréng atawa bahayana, nyaéta disangka mibanda alkaloida pirolizidina anu matak ngabalukarkeun ''kangker'', saperti tangkal sambung nyawa anu bisa ngabalukarkeun karuksakan kana organ haté.[5].

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b Dalimartha, Setiawan (2006). Atlas Tumbuhan Obat Indonesia. 4. hal.73 & 82-83. Jakarta:Puspa Swara. ISBN 979-1133-14-X.
  2. a b Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 417
  3. Soerjani, M., AJGH Kostermans dan G. Tjitrosoepomo (Eds.). 1987. Weeds of Rice in Indonesia. Balai Pustaka, Jakarta. p. 72–73 (illust.)
  4. Oseng daun sintrong
  5. Fu, P.P., Yang, Y.C., Xia, Q., Chou, M.C., Cui, Y.Y., Lin G., "Pyrrolizidine alkaloids-tumorigenic components in Chinese herbal medicines and dietary supplements", Journal of Food and Drug Analysis, Vol. 10, No. 4, 2002, pp. 198-211 [1]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

  1. Mangpaat daun sintrong
  2. Sintrong
  3. Olahan daun sintrong


Nulis.jpg