Isaac Newton
Sir Isaac Newton | |
---|---|
Lahir | 4 Januari 1643 (KJ: 25 Desember 1642)[1] Woolsthorpe-by-Colsterworth, Lincolnshire, Inggris |
Tilar | 31 Maret 1727 (yuswa 84) (KJ: 20 Maret 1726/7)[1] Kensington, Middlesex, Inggris, Britania Raya |
Padumukan | Westminster Abbey |
Tempat nganjrek | Inggris |
Kabangsaan | Inggris (kemudian Britania) |
Widang |
|
Institusi |
|
Alma mater | Kuliah Trinity, Cambridge |
Pembimbing akademik |
|
Mahasiswa ternama |
|
Dipikawanoh lantaran |
|
Dipangaruhan |
|
Mangaruhan |
|
Tanda tangan |
Sir Isaac Newton (January 4, 1643 - March 31, 1727)[7] nyaéta saurang ahli fisika, astronomi, jeung ahli falsafah anu lahir di Inggris.[8] Buku anu ditulis jeung dipublikasikeun dina taun 1687, Philosophiæ Naturalis Principa Mathematica, disebut-seut minangka buku anu paling boga pangaruh dina sajarah kamekaran élmu pangaweruh.[8] Ieu karyana téh medar ngeunaan hukum gravitasi jeung tilu asas hukum obah, anu ngarobah jihat sawangan manusa ngeunaan hukum fisika alam salila tilu abad ka hareupna jeung jadi dadasar tina élmu pangaweruh modérn.[8]
Dina taun 1670 nepika 1672, Newton mikeun pangatikan ngeunaan optik.[8] Jeung salila mangsa harita, nalungtik réfraksi cahaya ku anjeun jeung mikeun démonstrasi yén hiji prisma bisa nyebarkeun cahaya bodas jadi rupa-rupa spéktrum warna jeung hiji lénsa dina prisma anu kadua, bisa ngawangun éta spéktrum warna jadi cahaya bodas deui.[8]
Isaac Newton sadar yén matematika nyaéta cara pikeun ngajelaskeun hukum-hukum alam kayaning gravitasi, jeung nyieun sababaraha rumus pikeun ngitung 'obahna banda' jeung 'gravitasi bumi'.[8] Gravitasi nyaéta kakuatan anu nyieun hiji banda salawasna gerak ragrag ka handap.[8] Kalawan tilu prinsip dasar tina hukum gerakan, Newton bisa ngajelaskeun jeung ngabuktikeun yén planét téh gerak ngurilingan panon poé dina orbit anu wangunna oval jeung teu buleud sampurna.[8] Tuluy Newton maké tilu prinsip dasar gerak anu kiwari dipikawanoh minangka Hukum Newton pikeun ngajelaskeun kumaha gerakna banda.[8]
Riwayat
[édit | édit sumber]Isaac Newton; Sir Isaac Newton kasohor saurang élmuwan, inohong nu genius, luhung élmu jembar ku panalar kalawan euyeub ku rupa-rupa pamanggihna untamana dina widang fisika, matematika, astronomi, filsuf alam, alkemis, jeung téologi.[9][10] salah sahiji pamanggihna nu kawentar, kalawan geus réa mangpaatkeun nepi ka kiwari tayalian téori gravitasi.[9] Numutkeun sawatara buku, Isaac Newton gumelar di nagara Inggris taun 25 Desember 1643 di Woolsthrope pupus taun 1727 dikurebkeun di Westiminster Abbey.[10][11]
Ti barang gubrag ka alam dunya Isaac Newton mah geus teu mibanda bapa atawa yatim, ku lantaran nujadi bapa tilar dunya tilu bulan saméméh manéhna lahir.[12] Dina mangsa orok beureum kénéh Isaac Newton mah disawang moal manjang hirupna, ku lantaran lahir prematur (kaluron) sarta waruga leutik kacida katempo matak pikahariwangeun.[12] Bapana Isaac Newton téh saurang perwira nu pangkatna henteu luhur sarta mibanda pakaya mangrupa taneuh pikeun tatanén ogé henteu pati lega, ngaran bapana sarua pisan jeung manéhna nyaéta Isaac Newton ogé.[12] Henteu kalis ti kitu, nincak umurna 18 bulan nu jadi indung ninggalkeun manéhna alatan rimbitan jeung saurang pendéta nu beurat beunghar manéhna sorangan antukna dirawatan ku ninina.[12]
Sanajan mangsa déwasana Isaac Newton kawentar saurang inohong nu kakoncara sadunya, henteu sarua jeung nujadi kolotna mah malahan kolotna kakocapkeun jalma awuntah sarta barangasan.[11] Isaac Newton ogé dina mangsa budak kénéh henteu kaasup kana murid anu pinter atawa calakan, malahan sabalikna mibanda sipat nu cicingeun, épésan, teu kaopan, barangasan, sarta henteu mikaresep kana bahan ajaran di sakolana.[11][12]
Nincak mangsa rumaja Isaac Newton kungsi kaluar sakola, alatan nu jadi indung hayang Isaac Newton téh jadi saurang patani anu mukti.[10] Tapi kituna téh henteu kungsi lila ku lantaran kapireungeuh yén Isaac Newton mah henteu aya ulat kana tatanén, manéhna leuwih mikaresep kana élmu dina widang mékanika.[10] Antukna nincak umur 18 taun, Isaac Newton sakola deui di Universitas Cambridge, di dieu manéhna jejem diajar kalawan loba ngayakeun panalungtikan utamana dina widang matematika.[10] Hasilna pohara nyugemakeun, dina umur 21-27 taun téh manéhna mah geus manggihan dasar-dasar téori élmu pangaweruh nu engkéna baris méré pangaruh kana loba widang pangaweruh atawa disiplin ilmu.[10] Salila hirupna Isaac Newton loba paké pikeun neuleumah ngeunaan alam marcapada, kitab suci jeung sagala rupa niléy ngeunaan kaluhungan ageman, manéhna mibanda hiji kayakinan yén sagala rupa pagawéana baris kapetik hasil sarta ka ala buahna.[12]
Karya Isaac Newton
[édit | édit sumber]Salah sahiji karya Isaac Newton nu kamashur tayalian Philosophiae Naturalis Principia Mathematica, hiji buku numertélakeun pamanggihna ngeunaan téori gravitasi dumasar kana hukum gerak/usik.[10][13] Nepika kiwari, hiji gerak/usik ieu pikeun ngukurna maké hijian ngaran manéhna (Newton) ieu ogé mangrupa pangdeudeul kana sagala jasa-jasa tur pamanggihna.[13]
Hukum Newton
[édit | édit sumber]Ceuk Isaac Newton aya tilu hukum atawa katangtuan ngeunaan hiji gerakan, nu katelah hukum Newton. Tayalian:
- Hukum 1 Newton
Hukum ieu nelah ogé ku ngaran hukum inersia (jemlék), ngagambarkeun kaayaan sipat hiji barang, cenah lamun seug hiji barang cicing ieu gedé kamungkinan ieu barang bakat tetep cicing, kitu deui hiji barang nu mimitina gerak atawa pindah/usik tinangtu salawasna mibanda kamungkinan pikeun usik. kajaba aya kakuatan séjén ti luareun éta barang nu mangaruhanna.[13] Dina matématis, ditulis ƸF = 0[13]
- Hukum 2 Newton
Dina hukum nu ieu Newton mertelakeun cenah, lamun seug gerak/usik hiji barang henteu sarua jeung 0 (EF ǂ 0), ieu gerakan baris ngarandapan parobahan.[13] Gedé jeung leutikna parobahan dumasar kana beurat jeung henteuna éta barang (massa) Dina matématis, ditulisna ƸF = ma[10][13]
ƸF = Tanaga gerak (N) m = Beurat barang/massa benda (Kg) a = Parobahan usikna barang (m/s2)[10][13]
- Hukum 3 Newton
Mertélakeun ngeunaan hiji tanaga nu dipaké nyurungkeun atawa metot hiji barang, ieu baris pinanggih jeung hiji perlawanan/tahanan tina éta barang ku kituna ieu hukum ogé katelah hukum aksi-réaksi. Dina matématis, ditulis F1.2 = - F2.1
F1.2 = Tanaga nu nyurungkeun/metot (N)
F2.1 = Perlawanan/tahanan tina barang nu disurungkeun (N)[10][10]
Baca ogé
[édit | édit sumber]- Ghalia Indonesia, Yudhistira. Teori Dan Aplikasi Fisika Smp Lelas. Yudhistira. ISBN 9789796767731.
- S. Suriasumantri, Jujun (1999). Ilmu dalam perspektif. Yayasan Obor Indonesia University Press. ISBN 9789794612811.
- As-Sirjani, Prof. Dr. Raghib (2015). The Harmony of Humanity. Pustaka Al-kautsar. ISBN 9789795927006.
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b Salah ngutip: Tag
<ref>
tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamaOSNS
- ↑ Mordechai Feingold, Barrow, Isaac (1630–1677), Oxford Dictionary of National Biography, Oxford University Press, September 2004; online edn, May 2007. Retrieved 24 February 2009; explained further in Mordechai Feingold's "Newton, Leibniz, and Barrow Too: An Attempt at a Reinterpretation" in Isis, Vol. 84, No. 2 (June 1993), pp. 310–338.
- ↑ "Newton, Isaac" in the Dictionary of Scientific Biography, n.4.
- ↑ Salah ngutip: Tag
<ref>
tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamaMore
- ↑ Snobelen, Stephen D. (1999). "Isaac Newton, heretic : the strategies of a Nicodemite" (PDF). British Journal for the History of Science 32 (4): 381–419. doi:10.1017/S0007087499003751. http://isaacnewtonstheology.files.wordpress.com/2013/06/heretic.pdf.
- ↑ Stokes, Mitch (2010). Isaac Newton. Thomas Nelson. p. 97. ISBN 1595553037. Diakses tanggal 17 October 2012.
- ↑ (en)Biografi Sir Isaac Newton (diakses tanggal 5 November 2011)
- ↑ a b c d e f g h i (id)Isaac Newton (diakses tanggal 5 November 2011)
- ↑ a b rino, cahyaning (2015). the secret investor genius: 1+10 rahasia billionaire dunia. Jakarta, Ciracas: Erlanggga (ESensi).
- ↑ a b c d e f g h i j k Rochmatika, Luthfi (2010). mengenal lebih dekat : Tokoh Dunia Terkenal. Jakarta: PACU MINAT BACA. ISBN 9789790140189.
- ↑ a b c Prasojo dan Team, Ir Budi (2007). ipa 2B. Jakarta, Ciracas: Yudhistira Ghalia Indonesia. ISBN 9789797469481.
- ↑ a b c d e f Atrathern, Paul (2002). Paul. Jakarta, Ciracas: Erlanggga (ESensi). ISBN 9789796884926.
- ↑ a b c d e f g suartini, Kin-kin (2010). Fisika SMP. Ciganjur-Jagakarsa: gagas Media. ISBN 9789797803926.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- Halaman dengan kesalahan referensi
- AC with 19 elements
- Wikipedia articles with VIAF identifiers
- Wikipedia articles with LCCN identifiers
- Wikipedia articles with ISNI identifiers
- Wikipedia articles with ORCID identifiers
- Wikipedia articles with GND identifiers
- Wikipedia articles with SELIBR identifiers
- Wikipedia articles with BNF identifiers
- Wikipedia articles with BIBSYS identifiers
- Wikipedia articles with ULAN identifiers
- Wikipedia articles with NLA identifiers
- Wikipedia articles with faulty authority control identifiers (SBN)
- Élmuwan asal Inggris
- Taratas biografi