Upas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Upas
Upas, Antiaris toxicaria
Ti Serengkah Kiri, Tumbang Titi, Ketapang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
A. toxicaria
Ngaran binomial
Antiaris toxicaria
Sinonim

Antiaris africana Engl.
Antiaris macrophylla R. Br.
Antiaris welwitschii Engl.

Upas (Antiaris toxicaria) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Moraceae. Ieu tutuwuhan kasohor dina mangsa baheula, alatan geutahna ngandung racun anu matih. Ieu racun dimangpaatkeun pikeun ngolésan mata panah (Gr. toxicon: racun panah), salian ti geutah tangkal upas ogé di arah kulitna pikeun dijieun bahan pakéan dina mangsa baheula.[2]

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Tangkal upas mibanda sebutan anu béda-béda di unggal daérah kayaning : tengis, tatai, ketatai (Mly.); ancar, upas (Jw.); pancar, balung (Md.); ipo (Mak., Bug.); gado (Gal.)[2]. Ngaran margana, Antiaris, dumasar kana ngaran dina basa Jawa anu ditulis numutkeun éjahan baheula: antjar[3].

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Pelat botani dari Gilg & Schumann (1900an)

Tangkal ukuran sedeng nepika gedé; jangkung bisa nepi ka (45-60) m, tangkal anu heunteu aya dahanna nepika 23 méter kalayan gemang/buleudan tangkalna bisa nepi ka 180 cm; sakapeung banir heureut nepi ka 3 m[4]. Kulit tangkal bodas semu kulawu, lemes rada bareulah/rengat. Kulit jero kelirna pias semu konéng; geutahna mangsa diturih kelirna konéng semu krem, anu bakal robah jadi semu coklat di mana geus ngabagel kalawan jadi ngajarendil mun kaanginan.[3][5]

Kembang jaluna aya dina pendul kentob mibanda garis tengahna lk. 1,25 cm, cupatna 0,8 cm, aya 2-4 pendul. Kembang bikangna teuaya dina pendulna tapi ngumpul dina kélékna. Buah wujudna pir, garis tengah lk. 1,25 cm, beureum tuluy robah semu hideung mangsa geus kolot. Sikina nunggal.[3][5]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Régang

Upas ngahasilkeun kai anu hampang anu di pasaran digolongkeun salaku kai terap. Beuratjinis kai kurang leuwih (250–)390 – 540 kg/m3 dina kadar cai 15%. Kai ieu umumna dipaké dina konstruksi anu henteu beurat, kayaning: interior wangunan, furnitur, panil kau, panutup lantéy, peti, venir, jeung kai lapis atawa plywood. Salahsaihi daérah anu ngahasilkeun kai upas tayalian Papua Nugini, anu dina taun 1996 kahontal nga ékspor 6.570 m3.[4].

Geutah anu dihasilkeunana, dina salahsahiji forma ngandung racun anu mantih, tapi dina forma séjén kurang matih malahan henteu aya racunan sama sakali. Baheula, geutah upas ieu dianggo salaku panah racun dina perang, atanapi salaku sumpit racun kanggo moro.[2] Tapi, geutah anu dihasilkeun tina akar upas masih dianggo di pedalaman Kalimantan Barat pikeun ngaracun lauk.

Nyatana, racun anu asalna tina akar upas henteu seueur toksik/matih. Nalika dianggo pikeun ngala lauk lauk, Kusabab saatos lauk katewak, lauk dikumbah langsung sateuacan dituang. Pamaréntah Kalimantan Kulon ayeuna parantos ngalarang panggunaan upas pikeun ngaracun lauk.

Pepagan/kulit upas ngahasilkeun hiji bahan pikeun nyieun kelir.[4] Kitu deui kulit tangkalna anu masih ngora kénéh diarah harambay/rambatan pikeun dijieun kawas lawon linen kasar[2].

Buahna tiasa didahar. Sikina sareng bagian sanés ieu ti tutuwuhan dianggo salaku bahan ubar tradisional; siki upas dijantenkeun anti-disentri.[4]

Ékologi jeung sebaranna[édit | édit sumber]

kulit jeung trubusan

Upas mah kaasup tangkal leuweung gerotan/primer tapi arang langka kapanggih hirup nepika palebah 1.500 méter dpl. Sakapeung kapanggih hirup di tegalan ogé daérah luhur anu aya di sisi basisir. Di Afrika, upas ogé hirup di daérah semi-arid.[4]

Tutuwuhan ieu loba kapanggih hirup di wewengkon Afrika Kulon, Madagaskar, India, Srilanka, Tiongkok kidul, Indochina, ngaliwatan Nusantara nepi ka Pasifik (kapuloan Fiji jeung Tonga) ogé Australia kaler.[4]

Catatan taksonomis[édit | édit sumber]

Antiaris adalah marga monotipik.[4]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Ann. Mus. Hist. Nat. Paris 16 (1810): 478
  2. a b c d Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 2: 684-685. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta.
  3. a b c Kochummen, K.M. 1978. Moraceae. In Ng, F.S.P. (ed.) Tree Flora of Malaya vol. 3: 120. Longman.
  4. a b c d e f g Boer, E. & M.S.M. Sosef. 1998. Antiaris Lesch. in Sosef, M.S.M., L.T. Hong, & S. Prawirohatmodjo (eds.) Timber trees: Lesser-known timbers. Plant Resources of South-East Asia (PROSEA) 5(3): 73-75.
  5. a b Argent, G. et al.. t.t. Manual of the Larger and More Important Non-Dipterocarp Trees of Central Kalimantan, Indonesia. Vol. 2: 429-430. Forest Institute, Samarinda.

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Wikiquote logo
Wikiquote logo
Wikicutatan mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca