Zamzam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sumur Zamzam
Nu jarah keur nyindangan sumur.
Nu jarah keur nyindangan sumur.
Letak: Masjid al-Haram, Mekkah
Koordinat: 21°25′19.2″N 39°49′33.6″E / 21.422000°N 39.826000°E / 21.422000; 39.826000Koordinat: 21°25′19.2″N 39°49′33.6″E / 21.422000°N 39.826000°E / 21.422000; 39.826000
Luas: kurang leuwih 30 m (98 ft) jero jeung 1.08 to 2.66 m (3 ft 7 in to 8 ft 9 in) diaméter
Didirikan: Kurang leuwih 2000 SM
Pihak pengelola: Pemerintah Saudi Arab
Nama resmi: Zamzam

Lua error in Modul:Location_map at line 510: Unable to find the specified location map definition: "Module:Location map/data/Arab Saudi" does not exist.

Ci Zamzam dina wadah botol.

Zamzam (Basa Arab: زمزم‎ hartina loba, ngaleuya) nyaéta cai nu dianggap minangka cai suci ku umat Islam. Zamzam mangrupa sumur cai nu nyangkaruk di wewengkon Masjidil Haram, lebah tenggara Ka'bah, jerona 42 méter. Loba nu jarah nu ngalakukeun ibadah Haji jeung Umroh nu datang ka ieu sumur Zamzam, sarta sawatara jalma mah sok mekel ieu ci Zamzam minangka oléh-oléh.

Mungguh ulama, teu masalah mawa ci Zamzam ka kampungna. Syaikhul-Islam Ibnu Taimiyyah ngocapkeun, "Sing saha nu mawa hiji hal tina ci Zamzam, saenyana ulama-ulama salaf (zaman baheula) geus milampahna (jeung deuih teu masalah)."

Riwayat[édit | édit sumber]

Numutkeun sakaol, eui mata cai téh mimiti kapanggih ku Siti Hajar sanggeus lulumatan bulak-balik antara pasir Shafa jeung pasir Marwah, kalawan pituduh Malaékat Jibril, nalika Nabi Ismail, putera Hajar, ngalaman kahausan di tengah padang pasir, sedengkan sadiaan caina euweuh. Kamulyaan liwat ci Zamzam kalawan paréntah Allah Ta'ala, mangka Allah ngutus Malaékat Jibril. Sabérés Jibril ngagejligkeun suku, tuluy éta tempat jadi sumber ci Zamzam téa, ibuna Nabi Ismail nampung éta cai nu ngocor kalayan ngali taneuh disabudeureunna hambéh éta cai teu leungit nalika manéhna nyokot kantong wadah nginumna.

Rasululloh nuluykeun, "Lamun baé ibu Ismail teu nampung éta cai, tangtu kiwari téh sumur Zamzam geus jadi mata cau nu ngocor." Jibril tuluy nyaritakeun yén éta lokasi téh nyaéta Baitullah nu bakal diwangun ku Ibrahim AS jeung Ismail AS.[1] Kajadian éta téh taun 1910 SM, 2572 taun saméméh gumelara Rasululloh, atawa kurang leuwih 4000 taun ka tukang.[2]

Lokasi jeung karakteristik[édit | édit sumber]

Sumur Zamzam ngajrek 11 méter ti Ka'bah. Numutkeun salah sahiji katerangan, ieu bisa nyedot cai lobana 11-18,5 liter per detik, sahingga bisa ngahasilkeun 660 liter cai per menit jeung 39.600 liter per jamna.

Tina ieu mata cai nyangkaruk sawatara kamalir, di antarana aya kamalir ka arah Hajar Aswad kalawan panjangna 75 cm, jeung jangkungna 30 cm nu ngahasilkeun ogé cai nu loba pisan. Sawatara kamalir ka Shafa jeung Marwah,[3] sarta aya nu ngocor ka panarik swara kalawan panjang 70 cm jeung jangkungna 30 cm.[4]

Baheula mah di luhureun ieu sumur Zamzam téh aya bangunan kalawan legana 8 m × 10,7 m = 88.8 m2. Ngan ieu bangunan téh dileungitkeun pikeun ngalegaan tempat towaf, sahingga rohang nginumna dipindahkeun ka rohang handap taneuh di handapeun tempat towaf, kawalan 23 anak tangga nu dilengkepan panyejuk hawa. Tempat asup rohang nginumna dipisah antara lalaki jeung awéwé. Di dinya, dipasang 350 keran cai nginum, nyaéta 220 aya di rohang lalaki jeung 130 di rohang awéwé. Sumur Zamzam nu geus dipageran ku kaca kandel mah bisa ditempo ti rohangan lalaki.

Kautamaan[édit | édit sumber]

Dina hiji riwayat, dikocapkeun yén ci Zamzam ieu nu dipaké pikeun ngumbah manah nabi 21x21px. Dikocapkeun, saréngsé meuntas sirath, manusa bakal nginum ieu ci Zamzam jeung késang maranéhna jadi leuwih seungit batan kasturi. Di jero dada maranéhna, teu aya deui kagasahan, baruangan, kadengkian, jeung kaijidan. Lajeng, manéhna asup sorga.[5] Asy-Syaukani Rahimahullah nafsirkeun makna sabda Rasulullah 21x21pxngeunaan 'ieu ci Zamzam gumanatung tujuan jalma nu nginumna' éta mangrupa dalil yén ci Zamzam bakal ngadatangkeun mangrupa-rupa mangpaat luyu jeung nu dipikahayang ku jalmna nu nginumna, boh ngeunaan perkara kadunyaan bohngeunaan perkara ukhrawi. Al-Munawi dina "Faidh al-Qadir" nyebutkeun yén loba ulama nu nginum ci Zamzam kalawan tujuan maratenna, sarta tuluy nu dipiharep marantenna téh tinekanan. Sing saha waé nu nginumna kalawan ihlas, mangka maranéhna bakal meunang pitulung. Ummul-Mu'minin Aisyah R.ha diriwayatkeun biasana ogé mawa ieu ci Zamzam téh minangka oléh-oléh mangsa nyindangan Mekah.

Sanggeus mangratus-ratus taun, Karajaan Arab Saudi nyieu dénah nu wincik ngeunaan sumber mata cai, dénahna, jeung saniskarana. Dina taun '70-an, urang-urang Éropa nuduh sarta ngaragukeun kualitas ieu ci Zamzam. Mangka, Mu'inuddin Ahmad minangka pagawé Departemén Pertanian jeung Irigasi Arab Saudi nu ogé ahli kimia, ngayakeun panalungtikan kana ieu ci Zamzam. Sawaktu nyokot sampel, manéhna hélok; kunaon ieu sumur nu jerona ngan 18 m, jeung rubak ngan 14 kaki, bisa ngasilkeun cai pikeun jamaah haji unggal taun ti zaman Nabi Ibrohim.[6] Tuluy, manéhna dibéré nyaho horéng keusik-keusik dina éta sumur téh mibanda kakuatan kawas pompa badag nu nyedot cai. Golontorna nu burial tina keusik, nyaéta sabanding jeung debitna. Ku lantaran kitu, moal bakal ngurangan, sok sanajan kumabaé ogé. Lian dikirim ka laboratorium Éropa, dipariksakeun ogé di Saudina. Sanggeus diilikan, kutan ieu cai émang layak kacida pikeun diinum. Di jerona, aya kalsium, jeung magnésium nu ngadatangkeun kaséhatan jeung kabugaran pikeun jama'ah haji nu geus lalungsé sawaktu ibadah. Ieu cai ogé ngandung florin, nu hasiatna maéhan kuman jeung hapur. Nu leuwih ngahémengkeunna mah, sanajan aya di tengah gurun nu panasna nepi ka 50° C, ieu can pernah ngurangan jumlahna.

Hiji hall nu matak ahéngna ieu cai Zamzam téh nyaéta mun rék dibekukeun téh pohara héséna iwal mun geus ngalaman 1000 kali panyulingan. Ieu cai ogé ngandung 3000 miligram unsur sanyawa kimia nu hadé pikeun awak nu mana, di sumur séjén di kota Mekah gé, unggal sumurna téh ngan ngandung 260 miligram/liter. Ieu némbongkeun yén ci Zamzam asalna ti tempat nu jauh pisan, jeung deuih béda teu cara cai-cai lian di kota Mekah. Ieu ci mineral nu layak inum téh geus kabuktian mibanda peran dina ngubaran mangrupa-rupa panyakit, nyaéta asam lambung, panyakit jantung koronér, ganggunan pancernaan, jeung sarupaning panyakit tulang, sendi, jeung rématik. Ci Zamzam ogé mibanda kautamaan lian, nyaéta ngalancarkeun parédaran getih atawa nambah unsur penting kana awah nu sakit liwat kulit.

Ngaran-ngaran lian[édit | édit sumber]

Faédah-faédah ieu Zamzam ogé dipiwanoh dina ngaran-ngaran arab di handap:[7]

  • Syaba'ah, hartina ngawaregkeun. Unggal jalma nu nginu ieu cai bakal ngarasa wareg.
  • Murwiyah, hartina panyeger. Ieu cai saenyana ngaleungitkeun haus jang nu nginumna.
  • 'Afiyah, hartina séhat. Ci Zamzam émang dipiwanoh bisa nolak panyakit.
  • Nafi'ah, hartina mangpaat. Ci Zamzam dipiwanoh mangpaat pisan, kayaning nguatkeun haté, atawa ngaleungitkeun kasieun.
  • Maimunah, hartina barokah. Barokahna ieu cai geus dirasakeun ku réa jalma.
  • Barrah, hartina mibanda kahadéan. Ieu ci Zamzam hadé pisan pikeun nu nginumna dina ngalap kabarokahan.
  • Madhmunah, hartina alus. Lantaran, éndahna ieu ci Zamzam, mangka Allah ngalaran hiji kaum ti bangsa Arab nu dumuk di sabudeureun ieu sumur pikeun ngalakukeun maksiat.
  • Kafiyah, hartina nyukupan. Jalmna nu nginum ieu cai bakal ngarasa cukup atawa puas waé.
  • Syifa' saqamin, hartina nyageurkeun panyakit. Lantaran ieu cai bisa dijadikeun ubar panyakit pikeun nu nginumna.
  • Mu'zhibah, hartina nyegah rasa haus. Rasana antara amis atawa hambar. Ku lantaran ieu sifat, ci Zamzam mibanda fadilah/kautamaan kawas kieu. Ngan mun geus dibawa ka ka Indonésia mah rasana rada robah.
  • Tha'amu Tha'min, hartina ngawaregkeun. Jalma nu nginum ci Zamzam bakal ngarasa wareg.
  • Hazmatu Jibril, hartina tincakan keuneung Malaékat Jibril. Luyu jeung asal muasalna ci Zamzam.
  • Maghfurah, hartina panghampura. Jalma nu nginum ci Zamzam, bakal dihampura dosana.

Ngaran-ngaran di handap, sakumna dibeunangkeun tina hadits-hadits hasan jeung sohéh.[8] Ibnul-Qayyim rahimahullahu 'alaih ngocapkeun, "Kula jeung lian diri kula geus ngalaman perkara nu ajaib nalika ngubaran ku ci Zamzam. Kalawan idin Allah, kula geus cageus ti sawatara panyakit nu ngarandapan. Kula ogé nyaksésni hiji jalma geus ngajadikeun ci Zamzam minangka kadaharanna salila sawatara poé, kurang leuwih satengah bulan atawa leuwih. Manéhna teu ngarasa lapar, manéhna ngalaksanakeun thowaf sakumaha jalma lianna. Manéhna geus nganyahokeun ka kula yén, manéhna sakapeung mah kawas kitu salila opat puluh poé. Manéhna ogé mibanda kakuatan pikeun jima', puasa, jeung ngalaksanakeun thowaf."

Ibnul Qayyim nuluykeun, "Nalika aya di Mekah, kula ngalaman kasakit sarta taya tabib sarta ubar (nu bisa nyageurkeunna). Kula ngubaranna kalawan nginu, ci Zamzam sarta macakeunna bulak-balik (ku al-Fatihah), tuluy ku kula diinum. Kuring meunang kajagjagan nu sampurna. Kula gé ngajadikeunna pikeun panglumpatan nalika kaserang kasakit, kula bener-bener loba ngalap mangpaat ti dinya."

Rujukan[édit | édit sumber]

Catetan suku[édit | édit sumber]

  1. al-Makhzumi, al-Jami' al-Lathif.
  2. An-Najjar (2013), hal.114-120.
  3. Ghani (2004), hal.114-15.
  4. Ula dkk. (2014), hal.17.
  5. Barmin (2009), hal.22
  6. Barmin (2009), hal.22-24
  7. Empty citation (bantuan) 
  8. Empty citation (bantuan) 

Bibliografi[édit | édit sumber]

  • Barmin (Juni 2009). Tempat-Tempat Bersejarah di Tanah Haram. Solo:Tiga Serangkai. ISBN 978-979-045-543-6.
  • Ghani, Muhammad Ilyas Abdul; Mesyhady, Anang Rikza (penerjemah) (2004). Sejarah Mekah. Madinah: Fihrisah al-Malik al-Fahad al-Wathaniyyah. ISBN 9960-43-555-5.
  • An-Najjar, Zaghlul Raghib; Indrayadi, Yodi; Tim Penerjemah Zaman (penerjemah) (2013). Buku Pintar Sains dalam Hadis: Mengerti Mukjizat Ilmiah Sabda Rasulullah 21x21px. Jakarta:Zaman. ISBN 978-602-17-7434-2.
  • Ula, Miftachul; Ulfa, Maria; Tuanaya, M. Husein; Akbar, Mahbub Hefdzil (penelaah) (2014). SKI/Sejarah Kebudayaan Islam - Madrasah Aliyah X. Jakarta: Kementerian Agama Republik Indonesia. ISBN 978-979-8446-93-1.