Balakutak

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Balakutak
Tilu balakutak dina Akuarium Georgia
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Mollusca
Class: Cephalopoda
Subclass: Coleoidea
Superorder: Decapodiformes
Order: Sepiida
Zittel, 1895
Kulawarga

Sepiadariidae
Sepiidae

Balakutak téh sato laut ordo Sepiida anggota kelas Cephalopoda (nu ogé ngawengku cumi-cumi, gurita, jeung nautilus). Ku kituna, balakutak teu kaasup kana golongan lauk. Di antara ciri-cirina anu penting, nyaéta boga cangkang jero, panon gedé, dalapan leungeun, sarta dua téntakel nu reunceum ku panyoco.

Biologi[édit | sunting sumber]

Balakutak boga struktur jero nu loba porina nu disebut cuttlebone, nu eusina kalsium karbonat, sangkan bisa ngambang. Ngambangna ieu diatur ku cara ngarobah babandingan cairan jeung gas nu aya di jerona. Unggal spésiés balakutak téh boga dedegan nu béda-béda, boh ukuran, kelir, atawa 'tulang'na. Tulangna ieu sok diparabkeun ka parkit atawa manuk kukutan lianna pikeun asupan kalsium.

Balakutak kadang disebut ogé londok laut, sabab pinter nyamur ngarobah kelir kulitna luyu jeung lingkunganana. Robahna kelir kulit ieu ogé dipaké salaku isarat pikeun balakutak lianna salaku iber ayana bahya. Kamonésan ieu téh dihasilkeun ku kromatofor sagolongan warna beureum, konéng, coklat, jeung hideung luhureun lapisan eunteung iridofor jeung leukofor, nu ngandung 200-an sél pigmén husus dina unggal samilliméter pasagi kulitna.

Panon balakutak téh kawilang pangmekarna dina karajaan sato mah. Panonna sarupa jeung panon manusa, ngan pupilna ngabentuk kurva "w". Najan teu bisa nénjo kelor, panonna bisa nampa polarisasi cahya nu penting pikeun ngaronjatkeun kontrasna. Dina rétinana aya dua titik sél sénsor (katelah fovea), nu gunana pikeun nempo leuwih ka hareup jeung ka tukang. Robahna fokus béda ti panon manusa nu ngatur lénsana, tapi ku jalan ngarobah panon sagemblengna.

Getih balakutak kelirna bulao semu héjo, kusabab ayana protéin hémosianin nu ngandung tambaga, nu pancénna pikeun ngakut oksigén (sawanda jeung beusi dina hémoglobin dina getih manusa). Getihna dikompa ku tilu jantung nu misah; nu sapasang pikeun ngompa getih kana insang (masing-masing hiji), sedengkeun nu hiji deui pikeun ngompa getih ka sakujur awak lianna. Aliran getih balakutak leuwih gancang batan kalolobaan sato lianna, kusabab kamampuh hémosianin pikeun ngabeungkeut oksigén leuwih leutik batan hémoglobin.

Balakutak boga mangsi kawas cumi-cumi jeung gurita. Baheula, mangsi ieu sok dipaké sakalu panyelup nu disebut sépia.

Kadaharan balakutak di antarana mangrupa moluska leutik, keuyeup, susuh, lauk, atawa balakutak lianna. Sedengkeun nu sok ngamangsa balakutak, nyaéta hiu, lauk, jeung balakutak lianna. Hirupna bisa nepi ka dua taun.

Klasifikasi[édit | sunting sumber]

Anak balakutak keur nyamur

Aya 119 spésiés balakutak nu ayeuna geus dipikawanoh, digolongkeun kana lima genera. Sepiadariidae ngandung tujuh spésiés jeung 2 genera. Sésana kaasup Sepiidae.

Katuangan[édit | sunting sumber]

Balakutak ilahar dituang ku masarakat Méditerania jeung Asia. Di Itali, balakutak dipaké dina Risotto Nero, atawa mun di Kroasia mah disebutna téh Crni Rižot. Ciri katuangan ieu taya lian ti rasa jeung panémbong tina 'mangsi'na anu hideung (nero jeung crni téh hartina 'hideung'). Kitu deui di Spanyol, ayana mangsi ieu nyiptakeun 'rasa laut' anu dipikaresep.

Sastra[édit | sunting sumber]

Dina dunya sastra, balakutak kawentar alatan judul kumpulan sajak Eugenio Montale nu judulna Tulang Balakutak (Ossi di seppia), medal di Turin taun 1925. Montale, nu gedé di Liguria, wewengkon basisir Laut Méditerania, dileler Hadiah Nobel widang Sastra taun 1975, pikeun ngahirup-huripkeun dunya sastra.

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Cuttlefish, Wikipédia édisi basa Inggris (11 Oktober 2006).

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]