Kota Tangerang
- Keur kabupatén nu ngaranna sarua, tempo Kabupatén Tangerang.
|
|
|
|
|
|
| Motto | Bhakti Karya Adhi Kertarahardja |
| Propinsi | Banten |
| Ibukota | {{{ibukota}}} |
| Lega Wilayah | 164,54 km² |
| Kordinat | - |
| Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
1.487.000 (2003) 9.037 jiwa/km² |
| Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
13 - |
| Dasar hukum | UU No. 2/1993 |
| Tanggal | 27 Pébruari 1993 |
| Walikota | Drs. H. Wahidin Halim M.Si |
| Kode area telepon | 021 |
| DAU | Rp. - |
|
Situs web resmi: Loka Kota Tangerang |
|
Kota Tangerang nyaeta salasahiji kota di Propinsi Banten, Indonesia. Tangerang mangrupakeunn kota panggedena di Propinsi Banten. Tangerang aya persis di kuloneun Jakarta, sarta dilingkung ku Kabupaten Tangerang di beulah kidul, kulon, jeung wetaneunnana. Tangerang katelah minangka kota satelit sarta kamekarannana Jakarta. Loba puseur perniagaan jeung industri aya di kota ieu. Tangerang diliwatan ku jalan tol lintas Jakarta - Merak.
Daptar eusi |
Babagian administratip [édit]
Kota Tangerang ngawengku 13 kacamatan, nu kabagi deui jadi sababaraha kalurahan. Baretona Tangerang mangrupakeun bagean tina wewengkon Kabupaten Tangerang, nu satuluyna ningkat statusna jadi kota administratif, tur ahirna ditetepkeun jadi kotamadya tanggal 27 Pébruari 1993. Sebutan 'kotamadya' diganti jadi 'kota' taun 2001.
Sawangan [édit]
Tangerang nyaéta puseur manufaktur sarta industri di pulo Jawa sarta ngabogaan leuwih ti 1000 pabrik. Réa pausahaan-pausahaan internasional anu ngabogaan pabrik di dayeuh ieu. Tangerang ngabogaan cuaca anu condong panas sarta beueus, jeung saeutik leuweung atawa bagian geografis séjénna. Sabaraha wewengkon diwangun ku ranca-ranca, kaasup wewengkon di sabudeureun Bandara Internasional Soekarno-hatta.
Dina sawatara warsih pamungkas, perluasan urban Jakarta ngawengku Tangerang, sarta balukarna réa nu nyicinganana anu ngomuter ka Jakarta pikeun digawé, atawa sabalikna. Réa dayeuh-dayeuh satelit kelas tengahan sarta kelas luhur keur sarta geus dikembangkan di Tangerang, pepek kalawan puseur perbelanjaan, sakola swasta sarta mini market. Pamaréntah digawé dina ngembangkeun sistem jalan tol pikeun ngakomodasikeun arus patalimarga anu beuki réa ka sarta ti Tangerang.
Démografi [édit]
Tangerang ogé ngabogaan jumlah komunitas Tionghoa anu cukup signifikan, réa ti maranéhanana nyaéta campuran China Benteng. Maranéhanana didatangkeun minangka buruh ku kolonial Walanda dina abad ka-18 jeung 19, sarta lolobana ti maranéhanana tetep boga profesi minangka buruh sarta patani. Budaya maranéhanana béda jeung komunitas Tionghoa séjénna di Tangerang, nyaeta yen ampir henteu aya saurang oge ti maranéhanana anu ngomong make aksen Mandarin, maranéhanana mangrupakeun pangagem Taoisme anu kuat sarta tetep ngajaga tempat-tempat ibadah sarta puseur-puseur komunitas maranéhanana. Sacara etnis, maranéhanana pacampur, tapi nyebutkeun diri maranéhanana minangka Tionghoa. Réa astana Tionghoa anu aya di Tangerang, lolobana ayeuna geus dikembangkan jadi wewengkon sub-urban kawas Lippo Karawaci sarta Alam Sutra.
Wewengkon pecinan Tangerang perenahna aya di Pasar Heubeul, Benteng Makassar, Kapling sarta Karawaci (lain Lippo Karawaci). Jalma-jalma bisa manggihan kadaharan sarta barang-barang nu hawana Tiongkok di dieu. Lippo Karawaci sarta Alam Sutra nyaéta lokasi padumukan anyar (dayeuh anyar). Lolobana nu nyicinganana nyaéta pendatang, lain asli China Benteng.
Sajarah [édit]
Perjuangan kamerdikaan [édit]
Dina Oktober 1945, Laskar Hideung, milisi muslim ekstrim diadegkeun di Tangerang. Tujuan tina gerakan ieu téh nyaeta pikeun ngadegkeun nagara Islam di Indonésia. Gerakan ieu saterusna jadi bagian golongan DI/TII nu ngabaruntak. Dina 31 Oktober 1945, Laskar Hideung nyulik Oto Iskandardinata, Menteri Nagara Republik Indonésia. Jigana ditelasan di basisir Mauk, Tangerang dina 20 Désémber 1945.
Sanggeus deklarasi kamerdikaan Indonésia, aya karusuhan ras di Tangerang. Golongan anti etnis Tionghoa narajang etnis Tionghoa di Tangerang alatan maranéhanana nganggap yén etnis Tionghoa ngarojong pamaréntah Walanda anu mecakan pikeun ngawasa Indonésia.
Sanggeus kamerdikaan Indonésia [édit]
Saprak warsih 1981 nepi ka 1984, Bandara Internasional Soekarno-hatta diwangun di Barang, Tangerang. Bandara perenahna di Tangerang, tapi disebut minangka Bandara Soekarno-Hatta, Cengkareng, Jakarta. Cengkareng nyaéta ngaran sub-distrik di Jakarta Kulon anu padeukeut jeung bandara.
Dina Agustus 1996, Walmart, nu ngecer pangbadagna ti Amérika Sarikat muka cabang kahijina di Indonésia di Lippo Karawaci, Tangerang. Hanjakalna, cabang kasebut dijarah sarta diduruk dina karusuhan Méi 1998. Walmart ngeureunkeun investasi maranéhanana di Indonésia sanggeus karusuhan.
Tumbu luar [édit]
|
|
|
|---|---|
|
Kabupatén: Lebak | Pandéglang | Sérang | Tangerang |
|
|
Tempo ogé: Daptar kabupatén jeung kota di Indonésia |
|
|
|||||