Naskah Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Naskah Sunda tina bahan lontar

Istilah naskah Sunda nujul ka karya tulisan leungeun (lain hasil ketikan atawa citakan) nu ditulis sakurang-kurangna 50 taun katukang [1] turta ngandung informasi anu patali jeung, atawa ditulis di Tatar Sunda, boh ditulis ku pangarang Sunda atawa pangarang ti wewengkon séjén dina kontéks Sunda. Sabenerna, naskah Sunda anu pangkolotna nyaéta Arjunawiwāha (kropak 641) nu ngagunakeun basa Jawa kuna, ditulis dina taun 1256 Saka (taun 1334 M).[2] Tapi, naskah Sunda pangkolotna anu maké basa Sunda kuna mah nyaéta Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis dina taun 1440 Saka atawa 1518 M. Cindekna, naskah Sunda mimiti dihasilkeun dina abad ka-14 M.[3].

Kabeungharan[édit | sunting sumber]

Dumasar invéntaris Edi S. Ekadjati dina taun 1988, jumlah naskah Sunda nu masih kénéh aya tapakna di kiwari leuwih ti 1500 naskah. Tapi teu nutup kamungkinan éta jumlah téh bakal terus nambahan alatan réa kénéh naskah anu aya di masarakat Jawa Barat anu can kungsi kacatet.[4]

Sawaréh naskah Sunda diteundeun di lembaga panyimpen naskah, boh di Indonésia boh di mancanagara. Lembaga di mancanagara nu neundeun naskah Sunda di antarana di Perpustakaan Universitas Leiden (l.k. 750 naskah), Bodleian Library di Inggris. Demi lembaga di Indonésia nu neundeun naskah Sunda diantarana: Musieum Sri Baduga (l.k. 125 naskah), Musieum Cigugur, Musieum Geusan Ulun, Kabuyutan Ciburuy (l.k. 27 naskah)[4]. Sajaba ti lembaga panyimpen naskah, naskah Sunda ogé aya nu masih bacacar di masarakat, sarta jumlahna bisa jadi leuwih réa batan naskah di Lembaga nu ditataan di luhur.

Bahan[édit | sunting sumber]

Naskah Sunda tina bahan awi

Alas tulis anu digunakeun pikeun nuliskeun naskah nyaéta daun gebang (nipah), lontar, kalapa, kawung, awi, daluwang (kulit tangkal saéh), kertas Éropah, jeung kertas pabrik. Numutkeun bahanna, naskah Sunda anu pangkolotna ditulis dina gebang, nyaéta Arjunawiwāha (kropak 641/1334 M) jeung Sanghyang Siksa Kandang Karesian (kropak 630/1518 M). Nu panglobana kapanggih nyaéta naskah nu ditulis dina Kertas Éropah.

Teu kawas di Bali, di Tatar Sunda geus teu nyampak tradisi nyalin naskah lontar jeung gebang. Demi kertas tradisional Daluwang kiwari masih diproduksi di Garut.

Cara nuliskeun téks dina naskah aya anu digurat ku péso anu biasa disebut péso pangot, aya anu diulas ngagunakeun nyéré harupat atawa kalam nu dicelepkeun kana mangsi. Wungkul naskah tina lontar anu ditulis ku cara digurat mah, sésana mah ditulis ngagunakeun mangsi. Mangsi nu dihasilkeun ti lingkungan asli Sunda mangrupa hasil olahan tradisional tina tutuwuhan, nyaéta nagasari jeung damarséla.[5]. Kiwari nu masih ngahasilkeun mangsi tradisional di Tatar Sunda bisa ditingali di Pasantrén Gentur, Cianjur. Nu matak kawentar istilah tinta gentur.

Aksara[édit | sunting sumber]

Aksara nu digunakeun dina naskah Sunda nyaéta aksara Sunda, aksara Buda (gunung), Cacarakan, Pégon, jeung Latin. Aksara Sunda kuna digunakeun dina naskah lontar, aksara Buda (Gunung) digunakeun dina daun gebang (nipah). Aksara Cacarakan digunakeun dina daun lontar, daluwang, kertas, sedeng aksara Pégon jeung Latin digunakeun dina daluwang jeung kertas.

Aksara Sunda kuna jeung aksara Buda digunakeun dina naskah Sunda kuna, sedengkeun aksara Cacarakan, Pégon, jeung Latin digunakeun dina naskah Sunda kabéhdieunakeun sanggeus budaya Sunda kapangaruhan ku Islam, Jawa ( Mataram), jeung Éropa (Walanda). Mun seug dibandingkeun jeung tradisi nulis naskah di wewengkon séjén, aksara nu kungsi dipikawanoh turta digunakeun ku urang Sunda téh, pangréana.

Basa[édit | sunting sumber]

Sajaba ti ragemna wangun aksara, basa nu digunakeun dina naskah Sunda gé ragem deuih. Basa-basa nu digunakeun di antarana: basa Sunda buhun (kuna), Sunda, Jawa buhun (Jawa kuna), Jawa Banten, Jawa Cirebon, Jawa, Malayu, jeung Arab. Sakapeung basa-basa éta téh campur dina sanaskah. Basa Sunda kuna jeung basa Jawa kuna digunakeun dina naskah-naskah nu jolna ti jaman pra-Islam (saméméh abad ka-17). Basa Jawa kira-kira nyampak dina naskah Sunda bareng jeung pangaruh Islam ti Mataram dina abad ahir ka-16.

Périodisasi[édit | sunting sumber]

Numutkeun Edi S. Ekadjati [6] périodisasi dina naskah Sunda bisa dibagi jadi tilu bagian, nyaéta mangsa buhun, mangsa transisi, jeung mangsa modéren.

Mangsa Buhun[édit | sunting sumber]

Naskah Sunda nu pangkolotna produktif dihasilkeun kira-kira abad ka-15 nepi ka abad ka-16. Bisa disebutkeun yén naskah-naskah Sunda buhun ieu dihasilkeun dina jaman karajaan Galuh jeung Sunda. Karajaanna sorangan geus lumangsung ti abad ka-8 M nepi ka abad ka-16 M. Naskah-naskah périodeu ieu dihasilkeun di wewengkon kaagamaan nu disebut "kabuyutan" [6]. Ieu wewengkon kabuyutan téh disucikeun tur ditangtayungan ku karaton sarta teu meunang diganggu ku saha baé. Ieu hal katangén tina eusi prasasti Kabantenan anu unina jeung Amanat Galunggung (kropak 632). Ciri has tina naskah nu dihasilkeun dina périodeu ieu nyaéta suasana kaagaman anu katangén tina naskah nyaéta agama Hindu-Budha anu gumulung jeung ajaran Pribumi saméméh kapangaruhan ku Islam. Naskah-naskah petingan nu dihasilkeun dina périodeu ieu di antarana:

  1. Carita Parahiyangan
  2. Sanghyang Siksa Kandang Karesian
  3. Séwaka Darma
  4. Sanghyang Sasana Maha Guru
  5. Bujangga Manik
  6. Pantun Ramayana
  7. Sri Ajnyana

Mangsa Alihan[édit | sunting sumber]

Mangsa Modéren[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Undang-undang No.43 tahun 2007 ngeunaan Perpustakaan dina bab Pengertian Umum
  2. (nl) Poerbatjaraka (1926). Arjuna-Wiwāha. Tekst en Vertaling, ‘s-Gravenhage: Martinus Nijhoff, kaca 287.
  3. (id) Saleh Danasasmita, et.al. (1987). Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Amanat Galunggung: Transkripsi dan Terjemahan, Bandung: Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi) Dirjen Kebudayaan Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.
  4. a b (id) Edi S. Ekadjati 1988, Naskah Sunda:Inventarisasi dan Pencatatan. Bandung: UNPAD dan Toyota Foundation.
  5. (nl)Holle, K.F. (1882). Tabel van Oud-en Nieuw-Indische Alphabetten. Bijdrage tot de Paleographie van Nederlandsch-Indie, Batavia: s'Hage, kaca 17.
  6. a b Edi S. Ekadjati, 1996, 'Cultural Plurality: The Sundanese of West Java' dina Ann Kumar jeung John H. Mcglynn (ed.) Illumination: The Writing Traditions of Indonesia. Hlm. 106-128. Jakarta: The Lontar Foundation