Lompat ke isi

Awi krisik

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Awi krisik
Awi krisik (Bambu cina), Bambusa multiplex
ti Darmaga, Situgedé, Bogor Kulon
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Supertribus:
Tribus:
Subtribus:
Génus:
Spésiés:
B. multiplex
Ngaran binomial
Bambusa multiplex
Sinonim
  • Arundo multiplex Lour.[3] (basionym)
  • Bambusa multiplex (Lour.) Raeusch.[4] (nomen nudum)
  • Ludolfia glaucescens Willd.
  • Ischurochloa floribunda Buse
  • Bambusa nana Roxb.
  • Bambusa sterilis Kurz ex Miq.
  • Bambusa caesia Siebold & Zucc. ex Munro
  • Arundarbor aurea Kuntze
  • Triglossum arundinaceum Gamble
  • Bambusa alphonse-karrii Mitford ex Satow
  • Bambusa glaucescens (Willd.) Merr.
  • Bambusa argentea Nehrl.
  • Bambusa dolichomerithalla Hayata
  • Bambusa liukiuensis Hayata
  • Bambusa shimadae Hayata
  • Leleba amakusensis Nakai
  • Leleba elegans Koidz.
  • Bambusa strigosa T.H.Wen
  • Bambusa albifolia T.H.Wen & J.J.Hua
  • Bambusa pubivaginata W.T.Lin & Z.M.Wu

sinonim langkung lengkep mangga tinggali The Plant List.[5]

Awi krisik (Bambusa multiplex)[6] nyaéta tangkal awi anu ngahaja dipelak ku lantaran mibanda loba kagunaan, utamana pikeun pager hirup di buruan anu perenahna nyanghareup ka jalan.[7] awi krisik disebut ogé awi ganani ; awi cina [8] ; awi pager [9] atawa buluh pagar.[6] Awi krisik di daérah Jawa disebutna pring gĕndani, pring cĕndani (basa Jawa).[8] Dina basa Inggris disebutna hedge bamboo[1][6] kalawan mibanda rupa-rupa variasi, atawa numutkeun kultivarna; disebut ogé Chinese dwarf bamboo.[6]

Pedaran

[édit | édit sumber]

Awi krisik tangkalna ngarungkun tur kékép ; rimpangna nyagak simpodial.[9]Iwungna héjo, lokos; tangkal anu masih kénéh ngora semu bodas kawas disimbutan ku bubuk lilin.[9] Tangkalna ajeg pucukna ngarumpuyuk, jangkungna bisa nepi ka 8 m, tungtung tangkal ka pucukna melengkung; régangna bijil tina buku-buku tangkal anu masih kénéh deukeut tina taneuh.[9] Dina satangkal régang anu bijil ukuranna méh sarua, panjang lk. 7-9, panjang buku-bukuna 30-50 cm sedengkeun garis tengahna (0,3–)1,5–2,5 cm.[9] Tangkal awi krisik kawilang ipis tapi pejel 5 mm (var. riviereorum); héjo hérang, kalwan mibanda bulu-bulu anu heuras kelirna coklat nepi ka coklat kolot, utamana anu aya di handapeun buku tangkal; buku-bukuna ngajarendul.[9][10]

Salumpitna gancang leupas tina tangkal; wanguna kawas trapesium leutik, mimtina kawas aya wedakna (semu bodas), henteu buluan, melengkung henteu rata, tungtungna nikel kaluar.[9] Ligula rérégéan henteu rata, jangkungna 1,5 mm, lokos.[9] Palapah daun gancang leupas, ajeg, wangunna kawas segi tilu rada pongpét, palapah handapna méh sarua jeung palapah luhurna, tungtung palapah daun semu méncos, di luarna buluan kelirna coklat.[9][10]

Daun salambar lonyod méncos ka tungtungna 5-13 × 0,6-1,5 cm, daun beulah handap rada keusrak, semu bodas, ngaronyok aya kana 5-26 lambar daun dina tungtung régang; salumpit daun leutik, baruluan ; ligula rérégéan, jangkung lk. 1 mm.[9][10]

Tempat hirup jeung ékologi

[édit | édit sumber]

Awi krisik ditaksir asalna ti wewengkon Indocina jeung Cina beulah kalér; kiwari geus nyebar ka sababaraha nagara di wilayah tropis, kaasup Asia Tenggara.[6][11] Awi krisik disebut ogé awi ganani bisa hirup dina rupa-rupa kaayaan taneuh, ogé dina dataran anu luhur 1.500 m tina beungeut cai laut (dpl).[6]

Mangpaat

[édit | édit sumber]

Awi krisik loba anu mikaresep tur ngahaja dipelak utamana pikeun pager hirup di kebon jeung buruan.[6] Tangkalna anu geus kolot sok dimangpaatkeun pikeun gagang payung atawa jeujeur.[6][12] Di Indonesia jeung Thailand ieu awi dipaké ogé pikeun anyaman.[6] Di Filipina, tangkalna geus dipecakan dijieun bubur pikeun nyieun kertas pulp.[6] Di Taiwan, Awi krisik dipaké pikeun panghalang angin.[6] Kultivar-kultivar tangkalna leuwih pendék ngahaja dipelak dina pot pikeun papaés buruan.[6]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b Ohrnberger, D. 1999. The Bamboos of the World: Annotated Nomenclature and Literature of the Species and the Higher and Lower Taxa: 266. Amsterdam :Elsevier.
  2. Linné, Carl von & al. 1830. Systema vegetabilium :secundum classes, ordines, genera, species. Cum characteribus, differentiis et synonymiis. Vol. 7(2) : 1350. Stuttgardtiae :Sumtibus J.G. Cottae [1817-1830].
  3. Loureiro, J. de. 1790. Flora cochinchinensis : sistens plantas in regno Cochinchina nascentes. Quibus accedunt aliae observatae in Sinensi imperio, ...: 58. Ulyssipone : Typis, et expensis academicis [1790].
  4. Raeuschel, E.A. 1797. Nomenclator botanicus omnes plantas ab illustr. Carolo a Linné descriptas aliisque botanicis temporis recentioris detectas enumerans. (ed. 3): 103. Lipsiae [Leipzig] :Apud Johann Gottlob Feind [1797]. OCLC 457447705.
  5. The Plant List: Bambusa multiplex Raeusch. ex Schult. Archived 2023-06-06 di Wayback Machine
  6. a b c d e f g h i j k l Dransfield, S. & E.A. Widjaja 1995. "Bambusa multiplex (Lour.) Raeuschel ex J.A. & J.H. Schultes". Archived 2016-09-20 di Wayback Machine in Soejatmi Dransfield & E.A. Widjaja (Eds). Plant Resources of South-East Asia No. 7 Bamboos: 65-7. Bogor :PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation. [Internet] Record from Proseabase. Accessed 13-Jun-2016
  7. KBBI daring: bambu
  8. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 336-7. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 278-9, sebagai Bambusa nana Roxb.)
  9. a b c d e f g h i j Widjaja, E.A. 2001. Identikit jenis-jenis bambu di Jawa: 30-2. Gb. 13 & L.f. 6. Bogor: Puslitbang Biologi LIPI.
  10. a b c Flora of China: 57. Bambusa multiplex
  11. GrassBase: Bambusa multiplex
  12. (id)"Peralatan hiburan dan kesenian tradisional daerah Jawa Barat". Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah. Diakses tanggal 2017-04-26. 

Daptar pustaka

[édit | édit sumber]

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan