Bioma

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Bioma nyaéta salah sahiji lahan taneuh anu lega kalawan dibagi wandana dumasar kana iklim. Dina bioma, tutuwuhan jeung sasatoan bisa bumetah hirup jeung néangan kadaharan. Bioma ogé tangtu miboga ékosistem dina dina lingkup lahan anu sarua. Bioma dumasar kana lahan disebutna bioma terestrial. Bioma dumasar kana ayana cai anu jadi sumber kahirupan disebut bioma akuatik.[1]

Jenis[édit | édit sumber]

Bioma gurun[édit | édit sumber]

Bioma gurun ayana di daérah tropis anu jadi tapel wates jeung lahan jukut. Ciri-ciri bioma gurun nyaéta garing jeung curah hujan nyirorot (250 mm/taun) anu ngabalukarkeun datangna hujan teu tangtu. Lamun keur usum hujan, tutuwuhan anu aya di gurun mah bakal mekar karembangan jeung baruahan. Suhu di bioma gurun lamun pabeubeurang kurang leuwih kana C anu ngabalukarkeun luhurna uap anu kaluar. Sabalikna, lamun dina waktu peuting suhu gurun téh bisa jadi nepi ka C.[2]

Bioma lahan jukut[édit | édit sumber]

Bioma lahan jukut pernahna antara lahan tropis jeung subtropis. Ciri-cirina nyaéta curah hujan antara 200-250 mm dina sataun kalayan datangna hujan teu tangtu. Tingkat panyerepan cai di ieu bioma kacida luhurna jeung seserepan cai téh kawilang gancang pisan ngamalirna anu ngabalukarkeun tutuwuhan ogé hésé keur nyerep cai.[2]

Bioma leuweung tropis (baseuh)[édit | édit sumber]

Bioma leuweung tropis ngawengku daérah tropis jeung subtropis. Di ieu leuweung loba tutuwuhan anu jangkungna antara 20 nepi ka 40 méter, balukarna kaayaan leuweungna linduh teu pati cangra. Tutuwuhan anu loba téh nyaéta Liana jeung Epifit.[2]

Bioma leuweung maluguran[édit | édit sumber]

Bioma leuweung maluguran téh miboga curah hujan anu kawilang luhur antara 750 mm nepi ka 1000 mm dina sataun jeung ayana di daérah anu iklimna sedeng. Ieu bioma pernahna aya di wilayah sabudeureun 30-400 LU/LS saperti di Amérika Serikat, Chili, Eropa, Asia jeung Australia.[2]

Bioma taiga[édit | édit sumber]

Bioma taiga ayana di wilayah anu iklimna didominasi ku suhu anu tiis saperti di pagunungan daérah tropis. Suhu anu tiis ngabalukarkeun kurangna kakuatan vegetasi, tapi keur tutuwuhan anu adaptif mah bisa tumuwuh alus. Conto tutuwuhannana nyaéta pinus jeung herbatus nu jangkungna kurang ti saméter.[2]

Bioma tundra[édit | édit sumber]

Sumebarna bioma tundra dimimitian ti daérah artik anu nutupan 20% bumi. Bioma tundra ayana di puncer-puncer gunung anu anginna tarik jeung suhuna tiis. Lamun usum tiris, suhuna bisa ngahontal C kalawan waktu usum anu lila. Lamun usum panas mah kawilang sakeudeung jeung suhuna aya kana C. Tutuwuhan anu biasana aya nyaéta spaghnum, liken, tutuwuhan siki samusim, kai jeung jukut. Ari sasatoan anu kuat hirup dina suhu anu tiis mah biasana anu buluna kandel. Lamun sato séjénna mah pasti bakal migrasi ka tempat anu suhuna leuwih haneut.[2]

Bioma leuweung bakau[édit | édit sumber]

Bioma leuweung bakau loba kapanggih di basisir anu semu déngdék. Iklimna nyaéta antara daérah tropik jeung subtropik. Wanda tutuwuhan anu kapanggih tangtu ukur tanggal bakau. Lian ti éta, aya ogé api-api jeung pidada beureum. Bioma leuweung bakau ngandung uyah dina cai jeung taneuhna anu magrupa seserepan tina laut. Sabalikna, oksigén kurang dina jero cai jeung taneuhna. Ieu bioma gancang caah lamun cai laut keur luhur lambakna. Lamun keur nyirorot, taneuhna bakal becék jeung eumeul-eumeul jadi leutak.[3]

Bioma leuweung lumut[édit | édit sumber]

Bioma leuweung lukut loba kapanggih di suku gunung atawa pagunungan. Leuweung lumut kawangun dina tapel wates kondénsasi hawa tina cai. Tumuwuhna lukut téh lolobana dina beungeut taneuh, batu, jeung dahan-dahan kai anu baradag ukuranana nepi ka nutupan babagianana. Bioma leuweung lukut mah kaayanana lembap jeung suhuna handap nepi ka ngahasilkeun ibun dina sapopoéna.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mardatila, Ani. "Pengertian Bioma Beserta Jenis, Karakteristik, dan Contohnya". merdeka.com. 13 September 2020. Diakses tanggal 2021-04-05. 
  2. a b c d e f Roziaty, Efri; Kusumadani, Annur Indra; Aryani, Ima (2017). Biologi Lingkungan (dalam Indonesian). Surakarta: Muhammadiyah University Press. pp. 19–25. ISBN 978-602-361-096-9. 
  3. a b Zid, M., dan Hardi, O. S. (2018). Biogeografi (PDF). Jakarta Timur: PT Bumi AKsara. pp. 7–10. ISBN 978-602-444-470-9.