Hareuga

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Hareuga
Hareuga, Bidens pilosa var. minor
Darmaga, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiospermae
(unranked): Eudikotil
(unranked): Asteridae
Order: Asterales
Kulawarga: Asteraceae
Génus: Bidens
Spésiés: B. pilosa
Ngaran binomial
Bidens pilosa
L.[1]
Sinonim
  • Bidens sundaica Bl., 1826
  • B. leucorrhiza (Lour.) DC., 1836

Hareuga atawa acerang; ajeran; (Bidens pilosa) nyaéta hiji tutuwuhan nuasalna tina kulawarga Asteraceae.[2] Kagolongkeun kana gulma/hama, remen katempo hirup liar sisi jalan, kebon, galengan sawah, jeung tegalan. Ieu tutuwuhan dina basa Jawa disebutna ketul, petul, ketulan, ketul kebo, ketul sapi, jaringan, jeung caringan; urang Madura nyebutna lanci thuwa, lancing thuwa, cing-lancingan; dina basa Inggris disebutna Spanish Needle, Blackjacks, Beggar ticks (Ingg.).[2]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Kembang daun

Tangkalna ajeg kaluhur, mibanda sababarahiji dahan, lamun seug digesek daunna ngaluarkeun bau anu mandiri, jangkungna kurang leuwih 1 m. Tangkalna masagi-4, nu geus kolotmah beresih lucir tapi tangkal ngorana mah ilaharna sok buluan, sakapeung tangkalna katempo semu beureum.[3] Daun pasingareup-singareup, aya nu bijil hiji aya ogé nu kaluar sapasang 2-3, arang langka nepika 5, cupat daun panjangna 6,5 cm. Dauna semu lonyod sarta mencos katungtungnakeun , 1–12 × 0,5–5,5 cm, tuntung daun rérégéan, daun palebah luhurna aya nu buluan aya ogé anu henteu.[3]

Kembang bijil kawan pendul (bongkol-bongkol) ngumpul dina tungtung dahan, aya ogé.[3] Bongkol 5–7 mm nubijil dina handapeun cupat daun buleudan pendulna kurang leuwih 7–8 mm, dina sa pendul téh bijil aya kana 20–40 kembang pajejel-jejel, cupatna panjang nepi ka 9 cm.[3] Kelirna konéng aya ogé nu semu gading. Mahkota kembang wangunna buleud.[3] Buah teuas (achene) panjang, 0,5–1,3 cm, coklat semu hideung, tungtungna ngacir 2–3 kawas ruruhit paranjang; sog gampang naplok boh kana buuk, baju, kitu deui kana bulu sasaroan (epizookori).[3]

Tempat hirup[édit | édit sumber]

Kembang jeung buah ngora

Tangkal hareuga téh pituin ti nagara Afrika kidul, kiwari geus nyebar kalayan loba kapanggih hirup di Jawa ti saméméh taun 1835. Malahan kiwari geus ngarekahan sarta loba kapanggih hirup liar di nagara numibanda suhu tropis kalawan disabaraha nagara mah di golongkeun kana tutuwuhan hama atawa gulama.[3]

Di nagara urang komo loba pisan tangkal hareuga nu hirup kalawan liar, Karesepna dina taneuh nu jemlék kalayan kasorot ku panon poé, hareuga bisa kapanggih hirup dina kaayaan taneuh 2.300 m.[3] Kembangna henteu aya usumna, dina saminggu bisa ngahasilkeun siki nu geus kolot 35–60% siki nu baris murag kana taneuh, kalawan engkéna bijil deui sirung.[3] Sikina kasebut kuat, sanajan ditunda 3–5 tahun , kurang leuwih 80% sikina masih kénéh bisa .[3]

Mangpaat jeung kagunaan[édit | édit sumber]

Daun-dauna remen dipaké pikeun ubar tradisional. Daun beunang ngagodog kalawan diperes heula bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran batuk, asup angin (nyeri dada), nyeri sirah, galingging, diabetes, hésé miceun, méncrét, cacingeun, nyeri beuteung, nyeri huntu, weureu, carangkeul, Bisa wae dipaké gogosok mangsa keur mandi pikeun ngubaran ararateul ogé rematik.[4]

Di Jawa Barat, daun jeung pucuk hareuga sok ngahaja dibeuweung pikeun ngubaran nyeri huntu. Bisul sangkan téréh asak ogé bisa diubaran ku bucuk daun hareuga beunang ngaleumpeuh.[2]

Di Tiongkok, hareuga dimangpaatkeun pikeun ubar nu katelahna xian feng cao (咸豐草).

Sakapeung ogé dipake pikeun maraban ingon-ingon.[4]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Linne, Carl von, & Lars Salvius. 1753. Caroli Linnaei ... Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, cum differentiis specificis, ... Tomus II:832. Holmiae :Impensis Laurentii Salvii, 1753.
  2. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 3:1839. Terj. Yayasan Sarana Wana Jaya, Jakarta
  3. a b c d e f g h i j Soerjani, M., AJGH Kostermans dan G. Tjitrosoepomo (Eds.). 1987. Weeds of Rice in Indonesia. Balai Pustaka, Jakarta. p. 64–65 (illust.)
  4. a b Alonzo, D.S. & J.W. Hildebrand. 1999. Bidens L. in Padua, L.S., N. Bunyapraphatsara, & R.H.M.J. Lemmens (Eds.) Plant Resources of South-East Asia 12(1) - Medicinal and poisonous plants 1: 150-55. Prosea Foundation, Bogor.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan