Kakawatan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kakawatan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
C. dactylon
Ngaran binomial
Cynodon dactylon
Sinonim[1]

Kakawatan (Cynodon dactylon) nyaéta jukut liar anu gancang pisan ngarekahan jeung hésé dibasmina. Kulantran ieu jukut kakawatan kagolongkeun hama pikeun pepelakan (gulma), jukut kakawatan asup kana kulawarga Poaceae (suku rumput-rumputan) bisa hirup dina taneuh anu angar (henteu subur) sanajan dina mangsa usum halodo ogé. Jukut kakawatan, katelah ogé jukut raket, gigirinting, girintingan (Sunda); suket grinting (Jawa); garinteng, gerinteng, rebha core koko (Madura); padang kawat, padang lepas (Bali); hu maneek, piku (Timor) jeung réa-réa deui.


Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Jukut kakawatan utamana ngaganggu kana pepelakan kebon saperti kebon jagong, tiwu, sampeu, jeung sajabana. Sanajan geus dikoréd jeung dicabut ieu jukut tetep bisa hirup deui lamun seug akarna napel kénéh dina taneuh sok padahal ngan saeutik.[2]

Tangkalna leutik, teuas, ngampar luhureun taneuh jangkung kurang leuwih 10–40 cm, mangrupa jukut anu kuat ku halodo. Akarna bijil dina handapeun tangkal nyeceb kana jero taneuh kurang lewih aya kana saméterna, palapah daun panjang, bijil dina tangkal beulah kéca jeung katuhu, tungtung daun maréncos.

Kembangna loba bijil tina tungtung tangkal mangrupa gagang. Cupatna aya opat pasanghareup sanghareup kénca kalawan katuhu unggal cupat dipinuhan ku siki buah anu ngajejer rapih nyinggareup ka handap kelirna héjo semu paul, unggal siki dibungkus kucangkang samodeh huut.

Jukut kakawatan biasana kapanggih dina lahan anu mibanda suhu kurang leuwih 24 derajat Celsius ogé tempatna 1 -2.100 méter Luhureun cai laut (dpl) kalawan usum halodo anu leuwih panjang sarta cukup ku cahaya panonpoé.[3]

Asal muasal[édit | édit sumber]

Jukut kakawatan (Cynodon dactylon) dipercaya mimitina ti daérah afrika wétan, Asia, Australia jeung Eropa beulah kidul, ogé ti India. Malahan di wewengkon India ieu jukut mangrupa masalah anu kacida daria pikeun kalumangsungan tatanén ku lantaran gancang pisan ngarekahan.[4]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Jukut kakawatan teu saeutik mibanda mangpaat pikeun kahirupan, contona di Indonésia ieu jukut di kawinkeun jeung jukut séjéna. Hasilna jukut anyar anu dimangpaatkeun pieun dipelak di lapangan golf atawa dijual pikeun jukut hiasa di buruan.

Di India jukut kakawatan dimangpaatkeun pikeun ubar nyeuri panon jeung gangguan panon séjéna, carana ku jalan unggal isuk dinamangsa ieu jukut masih dipinuhan ku reumis tuluy waé pasen leuleumpangan dina luhureun amparan tangkal jukut ieu barijeung nyeker atawa henteu maké sendal.

Mangpaat séjéna numutkeun panalungtikan anu dilaksanakeun di Universitas Allahabad di India, ieu jukut mibanda sifat antimikrobial jeung antivirus tur geus jadi bahan pangwawadi pikeun ngubaran infeksi saluran kemih, prostatitis, sifilis, dan disentri panalungtikan séjéna ngeunaan jukut kakawatan ieu dilaksanakeun ku Glycemic potensial, hasilna nétélakeun ieu jukut mibanda anti-Diabetic nyaéta bisa nurunkeun kadar glucose dina getih kalawan dosis anu geus ditangtukeun, ku alatan Ieu jukut kakawatan Cynodondactylon mangrupa pilihan ubar pikeun kasakit diabetes.[5][6]).

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Portal Portal Portal Portal

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Wong Grinting.Filosofi Grinting,http;//wonkgrinting.blogspot.com/2009/06/filosofi-gr...diunduh 31/05/11 08:35 Zuhud, E.A.M., Siswoyo, E. Sandra, A.Hikmat dan E.Adhiyanto. 2013. Buku Acuan Umum Tumbuhan Obat Indonésia Jilid X. Dian Rakyat. Jakarta. http://wiki.bugwood.org/Cynodon_dactylon

  1. "The Plant List: A Working List of All Plant Species".  Archived 2023-03-07 di Wayback Machine
  2. Farsani TM, Etemadi N, Sayed-tabatabaei BE, Talebi M. Assessment of Genetic Diversity of Bermudagrass (Cynodon dactylon) Using ISSR Markers. Int J Mol Sci. 2012;13(1):383-92.
  3. Walker, Karen; Burrows, Geoff; McMahon, Lynne (2001). Bidgee bush : an identification guide to common native plant species of the south western slopes of New South Wales. Yarralumla, Australian Capital Territory: Greening Australia. p. 82. ISBN 1-875345-61-2. Diakses tanggal 21 March 2010. 
  4. Jujukutan di India[tumbu nonaktif]
  5. [1] Archived 2016-09-02 di Wayback Machine
  6. Glenn W. Burton, Roger N. Gates, and Gary M. Hill. "TIFTON 85 BERMUDAGRASS". University of Georgia College of Agricultural and Environmental Sciences. Diakses tanggal June 24, 2012.  Archived Oktober 20, 2019, di Wayback Machine

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan