Ki pait

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ki pait
Arya.kipahit flower.cangkring.2019.jpg
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
T. diversifolia
Ngaran binomial
Tithonia diversifolia
Sinonim

Mirasolia diversifolia Hemsl.[1]

Ki pait ; Tithonia diversifolia nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Asteraceae.[2] Tutuwuhan ieu mibanda kembang kawas srangéngé (Helianthus annuus L.) kelir klopakna konéng méncrang tengahna oranyeu. Kembangna ieu dina basa Inggris sok disebut, Mexican sunflower atawa bunga matahari Meksiko anu tayalian tempat asal tutuwuhan ieu ti Meksiko satuluyna nyebar ka nagara-nagara tropika baseuh jeung subtropika di Amérika kidul, Asia, jeung Afrika.[2]

Ki pait kagolongkeun kana genus Tithonia. Tutuwuhan ieu tiasa tumuwuh saé sanaos dina taneuh anu kirang subur, rungkunna sering kapendak dina hirup di sisi jalan, lamping gawir atanapi salaku gulma, jeung pager hirup anu ngurilingan kebon atawa huma. Adaptasi pepelakan ki pait lumayan lega, kurang leuwih 2-1.000 m di tonggoheun beungeut cai laut.[2]


Mangpaatna[édit | édit sumber]

Ki pait mibanda rupa mangpaat jeung kagunaan, kayaning:

  1. Suplemén gemuk organik, pikeun ngagemuk pepelakan sangkan subur sareng saé hasil produksi.
  2. Ngirangan polutan sareng ngirangan tingkat hama P, Al, sareng Fe aktip.
  3. Bahan gemuk organik, sanggup ningkatkeun beurat seger pepelakan sabab gampang buruk dina taneuh sareng tiasa nyayogikeun nitrogén ogé nutrisi sanés kanggo pepelakan. Kauntungannana daun ki pait salaku pupuk organik nyaéta gancang buruk sareng ngaleupaskeun unsur N, P, tur K anu diperyogikeun.[2] Maké gemuk organik tina ki pait bisa ngaronjatkeun produktivitas pepelakan: kadelé, paré, tomat, okra, sareng dilaporkeun salaku sumber utama nutrisi dina jagung di Kenya , Malawi , jeung Zimbabwe .[2]
  4. Nurunkeun kadar glukosa dina getih tah éta guna pisan pikeun anu katarajang diabetes/kencing manis. Ku sabab kitu, Ki pait ogé disebut salaku tutuwuhan insulin[3].
  5. Ngubaran arateul jeung budug, ku jalan ngagolakkeun daun kipait maka caina dipaké pikeun cai mandi, sedengkeun daun sésana diusap dina palebah anu ateul. [3].
  6. Ngaoksidasi kulit sel baktéri, maksudna ki pait bisa didamel siga bakterisida sabab mibanda sanyawa 'Picrassane quassioniod.'
  7. Nyingkahan tumuhna parasit jamur, kandungan 4-methilaten picrasane tipe quassinoid, janicins H, I jeung J dina daun méré éfék kana jamur hésé hirup jeung teu bisa baranahan.


Ngarekahkeun[édit | édit sumber]

Ki pait tiasa dirintahkeun/dipelakeundeui sacara vegetatif atanapi sacara generatip.

Vegetatif[édit | édit sumber]

Ngarintahkeun kujalan vegetatif kujalan ganggo binih tina akar sareng sték tangkalna.[4] Engké dina tangkal atawa akar nu ditancebkeun bahkal bijil sirung, melakna kudu dina taneuh anu jemlék sarta kaiuhan.[4] Tangkal anu di sték kurang leuwih panjangna 20–40 cm, ditancebkeun déngdék atawa ajeg jerona kurang leuwih 10 cm dengan jarak antarstek 10 cm.[4]

Generatip[édit | édit sumber]

Ngarekahkeun kujalan ngipuk jeung melakeun binih tina sikina.

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Citakan:GRIN
  2. a b c d e Kompasiana.com. "Kasiat Tanaman Paitan Terhadap Kesuburan Tanah". KOMPASIANA (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2019-08-04. 
  3. a b "Manfaat Daun Kipahit yang Perlu Kamu Ketahui". Pak Tani Digital (dalam id-ID). 2019-08-16. Diakses tanggal 2019-12-16. 
  4. a b c Lestari, Sri Ayu Dwi (2016). "Pemanfaatan Paitan (Tithonia diversifolia) sebagai Pupuk Organik pada Tanaman Kedelai". Balai Penelitian Tanaman Aneka Kacang dan Umbi: 1. http://pangan.litbang.pertanian.go.id/files/05-iptek11012016SriAyu.pdf?&ved=2ahUKEwjw7e-QrujjAhUIU30KHbb9B_cQFjAKegQIBhAB&usg=AOvVaw2C0OuEXO871mTSvZa02x66. 


Nulis.jpg